"alam padang, poe panjang, nagara tunjung sampurna"
jadi kaingetan kana dongeng nini barudak.

mangga lajengkeun.

2010/7/28 dadang ustamapraja <[email protected]>

>
>
> Dongeng
>
> *Nuhirup dina rasa kahirupan manusa*
>
>
>
> Ampun sarebu, tobat salaksa
>
> Ka para Wali ka para Nabi
>
> Ka aki katanian ka nini katanian, ka aki jumanten ka nini jumanten
>
> Ka bapa langit ka ibu bumi, ka bapa pasti ka ibu pasti,
>
> Ka para saderek anu nyare’at, ka para saderek nu teu nyare’at
>
> Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri, ka Nyi Pohaci Ruman Nanggay sareng ka Asep
> Sarana.
>
> Neda sih hapunten rehna abdi kumawantun ngagelarkeun dongeng kamari,
> dongeng ayeuna sakaligus dongeng  jang isukan.
>
>
>
> “Dong” dongan anu baheula, “ngeng”. . . . dicaritakeun ayeuna :
>
> Basa bapa bujang indung lajang,
>
> Abdi aya tur ngarasa hirup di alam padang poe panjang ,
>
>
>
> Tempatna di nagara Tunjung Sampurna.
>
> Waktuna disebut enol poe akherat
>
> Rasana rasa sajati.
>
> Elingna eling sajati,
>
> Nafasna nafas sajati,.
>
>
>
> Kaayaan harita :
>
> Teu aya ngeunah jeung teu ngeunah sabab rasa sajati beda jeung rasa aherat
> komo rasa dunya, eling na mantep heunteu owah gingsir, nafas na tunggal taya
> antara hirup jeung nuhirupna gumulung jeung nafas, nufus, tanafas, anfas.
> Kaayaan harita disebut jaman batin atawa enol poe aherat, enol poe dunya,
> kaayaan harita jadi eunteung keur abdi ayeuna.
>
>
>
> Mimiti poe kahiji di akherat nyaeta poe narima perjanjian di poe  AL-ASTU
>
> Poe harita diayakeun perjanjian antara Gusti jeung abdina, supaya diahir
> teu nyalahkeun ka gustina.
>
> Timimiti harita pisan alam kahiji alias alam kamari teh dimimitianana,
> sabab samemehnamah lain mangkukna, tapi  disebut “langgeng-langgeng
> semangko”
>
>
>
> Tuluy ganti jaman ganti lalakon, undur jaman datang jaman.
>
> Mimiti aya itungan waktu, ngawitan ti jaman sapoe dibapa.
>
> Waktu kuring di bapa sabulan sapuluh poe atanapi 40 poe tah eta jaman enol
> poe enol bulan diindung, tuluy ganti deui jaman ganti lalakon :
>
> Enol bulan ngetes ka bumi suci ku ayana Qudratulloh
>
> Sabulan tepung, ngagempeng, Katambahan pangandika Nabi Muhammad, Tuluy
> ngageter
>
> Dua bulan campur, ngabundel Katambahan warna ti Nabi Muhammad, Tuluy
> embut-embutan
>
> Tilu bulan gumulung, ngahiji, ngabangun, Katambahan Firman Alloh ka Nabi
> Muhammad
>
> Ditambahan kulit , Tuluy usik
>
> Opat bulan usik, Katambahan dawuhan Alloh ka Nabi Muhammad, Ditambahan otak
>
> Tuluy totojer, boga kahayang
>
> Lima bulan ngabening, Ditambahan urat-urat lemes lir sutra putih, Tuluy
> anteng
>
> Genep bulan daya, Ditambahan tulang ( balung ), Tuluy bisa bulak-balik,
> naek turun
>
> Tujuh bulan pepek , Ditambahan buuk, getih, daging, Tuluy mangrupa
>
> Dalapan bulan istirahat, Ditetep keunana opat dulur kalima pancer :
> pangeproh, darah, tali ari-ari, bali.
>
> Salapan bulan darma jati, jadi orok.
>
>
>
> Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
>
> Nu asal ti kami :
>
> Hirup
>
> Bhudi
>
> Cipta
>
> Rasa
>
> Ditambahan ku hadis pangandika Nabi Muhammad :
>
> Rasa pangambeu sarta puji sahadat
>
> Jadi mantep.
>
> Dawuhan Gusti Alloh ka Nabi Muhammad :
>
> “ Kami rek ngabangun karaton dina dada manusa nyaeta :
>
> disajeroeun dada aya ati,
>
> disajeroeun ati aya jantung,
>
> disajeroeun jantung aya budhi
>
> disajeroeun budhi aya cipta
>
> disajeroeun cipta aya sukma
>
> disajeroeun sukma aya rasa
>
> disajeroeun rasa aya Rahasiah Numaha Suci”
>
> geus kitu brol lahir orok tea, sarta “ngeng” ceurik.
>
> Cag,
> Dina sanes waktos disambung deui.
>
>
>  
>

Kirim email ke