Baraya, aya rencana  Halal Bi Halal moal ?

2010/7/30 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Bismillah,
> Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh,
>
> Alhamdulillah,
> Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di
> sababaraha
> Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji shalat
> nya eta
> dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na shalat
> Jumaahan
> ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah tara;
> tah
> ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna.
>
> Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh,
> utamana
> nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap.
> someah
> hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh,
> masing
> kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu.
>
> Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para padagang
> ti
> tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos
> anutan ka
> Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na
> kayakinananana
> teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya di
> tanah Pasundan pisan.
>
> Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na
> nerangkeun
> ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib harib
> ka na
> Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa jst.
> Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung
> sapuratina.
> Tuh pan ngaharib harib tah.
>
> Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan
> konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam
> ditarima kalawan
> daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal.
>
> Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari nepi
> ka KTP
> mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu.
> Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na
> do'ana;
> bedugna, atawa Kyayina.
>
> Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani
> ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut
> ngaran ka Bapa mah cenah.
> (Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ).
>
> Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama :
> Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan,
> nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan.
>
> Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda
> wiwitan,
> tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS.
> Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang
> Kauman.
> Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh;
> tapi ari
> NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh
> memang
> geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang
> pangaruhna.
>
> Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea;
> ari di kota
> mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing.
> Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap aneh;
> bakal
> dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam
> teh
> geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu
> mikir yen
> baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan.
> Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus hese
> dipisahkeun
> deui.
>
> Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda
> sabage
> agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah.
>
> Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna titingalan
> sanesna mah.
> Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna.
>
>
> Abbas Amien
> Sent From My Blik papan
>
>  
>

Kirim email ke