Numawi diseratna ge kapan khokhotbahan; tingali geura alinea kadua atanapi katilu. hehehehe
--- In [email protected], dick...@... wrote: > > Waalaikumsalam wr.wb. > > Wilujeng enjing ba Abbas lan baraya... > > Haarr ning sanes khotbah ka handapna mah, hanas didadago hehe... > Hatur nuhun > Sent from HP pinjaman > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_ami...@...> > Sender: [email protected] > Date: Fri, 30 Jul 2010 08:04:45 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Cc: <grek_2...@...> > Subject: [kisunda] Pesen2 di na poe Jumaah > > Bismillah, > Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh, > > Alhamdulillah, > Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di sababaraha > Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji shalat nya > eta > dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na shalat > Jumaahan > ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah tara; > tah > ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna. > > Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh, > utamana > nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap. someah > hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh, masing > kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu. > > Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para padagang ti > tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos anutan > ka > Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na kayakinananana > teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya di > tanah Pasundan pisan. > > Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na > nerangkeun > ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib harib ka > na > Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa jst. > Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung > sapuratina. > Tuh pan ngaharib harib tah. > > Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan > konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam ditarima > kalawan > daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal. > > Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari nepi ka > KTP > mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu. > Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na > do'ana; > bedugna, atawa Kyayina. > > Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani > ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut > ngaran ka Bapa mah cenah. > (Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ). > > Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama : > Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan, > nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan. > > Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda wiwitan, > tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS. > Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang Kauman. > Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh; tapi > ari > NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh memang > geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang pangaruhna. > > Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea; ari > di kota > mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing. > Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap aneh; > bakal > dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam teh > geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu mikir > yen > baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan. > Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus hese > dipisahkeun > deui. > > Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda sabage > agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah. > > Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna titingalan > sanesna mah. > Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna. > > > Abbas Amien > Sent From My Blik papan > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
