Kang abbas amin, ieu teh bagian anu ka 2 na, naha ditoongan anu ka hiji na
mana nya?

Hatur nuhun

 

Baktos 

Ii Sumirat

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Sunday, August 01, 2010 12:04 PM
To: kisunda; urangsunda
Cc: [email protected]; [email protected]
Subject: [kisunda] Samemeh Bharatayudha - Ka-2

 

  


Gancanging catur, Pasamoan Dewan Pleno dibuka, acara nya eta nangtukeun naha
Indraprasta bakal dibikeun deui ka Pandawa, atawa entong. Tapi mun teu
dibikeun
hartina PERANG.

Drestarastra miwarang Drona biantara munggaran, lantaran nu pang netralna
diantara
sadaya nu aya di na eta sidang. Nya Bagawan Drona badi tetep calik na
korsina,
ngawitan biantara, nu eusina kira2 kieu :"Sadaya para hadirin Anggota Sidang
nu terhormat,
mugia sadaya waspada, yen di na waktos ieu Pihak Pandawa tos nungtut
Indraprasta,
lantaran maranehna geus ngalaksanakeun hukuman 12 taun, ditambah sataun
nyumput
sing buni di nu caang. Tah ku sabab kitu, ayeuna urang kudu nangtukeun naha
dibikeun 
tawa henteu, eta Indraprasta; ari cek kuring mah, geus cukup lila oge urang
ngawasa eta
Indraprasta teh, mun dibikeun tea mah kari sesana wungkul; mun teu dibikeun
bakal
perang duduluran, jadi cek pikiran kuring mah pasihkeun wae."

Langsung Suyudhana ngacung menta interupsi. Nya dikabulkeun.
Ngong Duryodhana biantara :"Saenyana Pandawa euweuh hak sama sakali ka
Nagri Indraprasta teh ! Pan waktu perjanjian baheula, teu disebutkeun yen
lubarna
hukuman eta Nagara bakal balik deui. Euweuh! teu aya perjanjianana, kade
Guru
Drona, ulah gagabah nyarita andika, ngeunah we dibalikeun deui. Nu aya mah
kieu,
mun enya Pandawa geus tuntas hukumanana, maranehanana teu kudu dihukum deui;
tapi teu wajib eta Indraptasta dibalikeun deui. Euweuh di na perjangjianana
!"

Widura bade interupsi, tapi Duryodhana enggal nyarios:"Ke heula paman
Widura;
Kula can tamat nyarita yeuh..........; saenyana Pandawa teh kudu dihukum
deui salila 
12 taun lantaran ku kajadian di Wirata; Arjuna kapanggih ; jeungna deui bari
ngabantu
musuh ! Kapan kalakuan teu bener tah si Arjuna teh. Jadi sigana geus niat
hayang
perang, euweuh mikirkeun soal duduluran sama sakali tah. Jadi Kaula moal
daek mere
Indraprasta ka MUSUH. Da tetela Arjuna ngabantu Wirata. Bari jeung waktuna
can
campleng sataun geus katohyan !" Duryodhana ngeureunan biantarana bari
gos2an. Gerrr
atuh para saderek Kurawa sarurak, tanpa panuju pisan ka na biantara
Duryodhana.

Enggalna Bhisma majeng kapayun, pok nyarios kalawan kalem:"Ke heula
anan.......
tenang heula para anggota Dewan, mun henteu sidang bakal diskors."
Jep we nu sarurak teh jarempe, kasilep ku wibawa Bhisma nu wijaksana.

Bhisma neraskeun cariosna :" Ku para ahli perbintangan tos dietang, yen
waktuna
Arjuna tandag, waktu perjanjian geus kaliwat kira2 sapoe, jadi memang bener2
Pandawa
geus lubar ti na hukumanana; atuh soal Arjuna ngalawan perang ka urang; eta
nurutkeun tetekon Satriya; lantaran manehna kabeneran cicing di Wirata; ari
pek Wirata diserang,
nya sabage Satriya wajib bela Nagara; pan harita mah Arjuna teh jadi rahayat
Wirata;
nya pantes we manehna ngalawan ka nu nyerang nagarana. Jadi Arjuna sacara
pribadi teu niat ngamusuhan ka Astina; tapi sakadar ngabela Nagara; buktina
manehanana
ngahalangan Wratsangka nu rek maehan ka urang sarerea lantaran urang geus
diorogod. Eta ge nunjukkeun yen Pandawa teh hebat pisan, jadi putu eyang
Suyudhana
sing sadar; sok we bikeun Indraprasta teh ka Pandawa; ti batan perang mah."

Sawatara jongjonan mah teu aya nu ngadebat deui; ngan wae Para saratus
Kurawa
ting gerendeng, bari kukulutus, lantaran Bhisma rada ngabela Pandawa.

Keur kitu Sakuni sueri leutik. 
"Aya naon Sakuni ?" Saur Bhisma.

"Hehehehe, weleh teu kaharti," Sakuni ngamimitian nyarita, masih cek ahli
palintangan
kitu2 kitu2; tapi asa na teh teu pas tah. Kuduna mah atuh Arjuna teh
kaluarna
sanggeus sabulan. Jadi jelas mana nu salah mana nu bener. Hehehehe ari
ayeuna
mah rada ragu2; tapi ketang enya nya, ti batan perang mah, maning ge bikeun
tah
Indraprasta ka Pandawa. Engke bakal ngadengkek deui ka Astina. Hehehehe."

Gede pisan pangaruhna ieu omongan Sakuni/Provokasina; nepi ka Dursasana oge
nu biasana ngan ukur surak ngadukung Duryodhana, harita mah ngacung rek
biantara
cenah, ana pok teh:" eeee..............oooo......la...la...mun
Pan...da....wa....nu be...be...
nermah, tang...tang....tu maranehna da...da....ratang sowan ka
ra....ra...ma; tapi naha
ieu mah kalah ngutus utusan, kapan eta teh teu sopan tah ?"

Ger atuh rame deui pada ngadukung Dursasana. Dursasana memang rada gagap
lamun nyarita teh, nu matak arang manehna mah nyarita; eta mah ku sabab
emosi teu tahan,
nya ngawanikeun maneh biantara; rupana mah didukung ku loba sora.

"Kieu eta teh Dursasana." Ayeuna nu nyarios Arya Widura; Pandawa leuwih
mentingkeun
aturan ti batan pribadi; nu matak samemeh naon2 masalah pribadi; urusan
Nagara
diheu;lakeun; eta ngaranna tanggung jawab sabage Kapala Nagara."

"Kapan tong bara ka Sang Prabu, dalah ka Dewi Kunthi ibuna pan teu sowan tah
Pandawa teh ?" Widura nutup biantarana.

HANCA

 



Kirim email ke