Nuhun, katampi kang Maman kana kintunan skema tuturunanana

--- In [email protected], Maman <manz2...@...> wrote:
>
> 
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>
> Cc: [email protected]; grek_2...@...
> Sent: Sun, August 1, 2010 12:04:25 PM
> Subject: [kisunda] Samemeh Bharatayudha - Ka-2
> 
>   
> Gancanging catur, Pasamoan Dewan Pleno dibuka, acara nya eta nangtukeun naha
> Indraprasta bakal dibikeun deui ka Pandawa, atawa entong. Tapi mun teu 
> dibikeun
> hartina PERANG.
> 
> Drestarastra miwarang Drona biantara munggaran, lantaran nu pang netralna 
> diantara
> sadaya nu aya di na eta sidang. Nya Bagawan Drona badi tetep calik na korsina,
> ngawitan biantara, nu eusina kira2 kieu :"Sadaya para hadirin Anggota Sidang 
> nu 
> terhormat,
> mugia sadaya waspada, yen di na waktos ieu Pihak Pandawa tos nungtut 
> Indraprasta,
> lantaran maranehna geus ngalaksanakeun hukuman 12 taun, ditambah sataun 
> nyumput
> sing buni di nu caang. Tah ku sabab kitu, ayeuna urang kudu nangtukeun naha 
> dibikeun 
> 
> tawa henteu, eta Indraprasta; ari cek kuring mah, geus cukup lila oge urang 
> ngawasa eta
> Indraprasta teh, mun dibikeun tea mah kari sesana wungkul; mun teu dibikeun 
> bakal
> perang duduluran, jadi cek pikiran kuring mah pasihkeun wae."
> 
> Langsung Suyudhana ngacung menta interupsi. Nya dikabulkeun.
> Ngong Duryodhana biantara :"Saenyana Pandawa euweuh hak sama sakali ka
> Nagri Indraprasta teh ! Pan waktu perjanjian baheula, teu disebutkeun yen 
> lubarna
> hukuman eta Nagara bakal balik deui. Euweuh! teu aya perjanjianana, kade Guru
> Drona, ulah gagabah nyarita andika, ngeunah we dibalikeun deui. Nu aya mah 
> kieu,
> mun enya Pandawa geus tuntas hukumanana, maranehanana teu kudu dihukum deui;
> tapi teu wajib eta Indraptasta dibalikeun deui. Euweuh di na perjangjianana !"
> 
> Widura bade interupsi, tapi Duryodhana enggal nyarios:"Ke heula paman Widura;
> Kula can tamat nyarita yeuh........ ..; saenyana Pandawa teh kudu dihukum 
> deui 
> salila 
> 
> 12 taun lantaran ku kajadian di Wirata; Arjuna kapanggih ; jeungna deui bari 
> ngabantu
> musuh ! Kapan kalakuan teu bener tah si Arjuna teh. Jadi sigana geus niat 
> hayang
> perang, euweuh mikirkeun soal duduluran sama sakali tah. Jadi Kaula moal daek 
> mere
> Indraprasta ka MUSUH. Da tetela Arjuna ngabantu Wirata. Bari jeung waktuna can
> campleng sataun geus katohyan !" Duryodhana ngeureunan biantarana bari 
> gos2an. 
> Gerrr
> atuh para saderek Kurawa sarurak, tanpa panuju pisan ka na biantara 
> Duryodhana.
> 
> Enggalna Bhisma majeng kapayun, pok nyarios kalawan kalem:"Ke heula 
> anan.......
> tenang heula para anggota Dewan, mun henteu sidang bakal diskors."
> Jep we nu sarurak teh jarempe, kasilep ku wibawa Bhisma nu wijaksana.
> 
> Bhisma neraskeun cariosna :" Ku para ahli perbintangan tos dietang, yen 
> waktuna
> Arjuna tandag, waktu perjanjian geus kaliwat kira2 sapoe, jadi memang bener2 
> Pandawa
> geus lubar ti na hukumanana; atuh soal Arjuna ngalawan perang ka urang; eta 
> nurutkeun tetekon Satriya; lantaran manehna kabeneran cicing di Wirata; ari 
> pek 
> Wirata diserang,
> nya sabage Satriya wajib bela Nagara; pan harita mah Arjuna teh jadi rahayat 
> Wirata;
> nya pantes we manehna ngalawan ka nu nyerang nagarana. Jadi Arjuna sacara 
> pribadi teu niat ngamusuhan ka Astina; tapi sakadar ngabela Nagara; buktina 
> manehanana
> ngahalangan Wratsangka nu rek maehan ka urang sarerea lantaran urang geus
> diorogod. Eta ge nunjukkeun yen Pandawa teh hebat pisan, jadi putu eyang 
> Suyudhana
> sing sadar; sok we bikeun Indraprasta teh ka Pandawa; ti batan perang mah."
> 
> Sawatara jongjonan mah teu aya nu ngadebat deui; ngan wae Para saratus Kurawa
> ting gerendeng, bari kukulutus, lantaran Bhisma rada ngabela Pandawa.
> 
> Keur kitu Sakuni sueri leutik. 
> "Aya naon Sakuni ?" Saur Bhisma.
> 
> "Hehehehe, weleh teu kaharti," Sakuni ngamimitian nyarita, masih cek ahli 
> palintangan
> kitu2 kitu2; tapi asa na teh teu pas tah. Kuduna mah atuh Arjuna teh kaluarna
> sanggeus sabulan. Jadi jelas mana nu salah mana nu bener. Hehehehe ari ayeuna
> mah rada ragu2; tapi ketang enya nya, ti batan perang mah, maning ge bikeun 
> tah
> Indraprasta ka Pandawa. Engke bakal ngadengkek deui ka Astina. Hehehehe."
> 
> Gede pisan pangaruhna ieu omongan Sakuni/Provokasina; nepi ka Dursasana oge
> nu biasana ngan ukur surak ngadukung Duryodhana, harita mah ngacung rek 
> biantara
> cenah, ana pok teh:" eeee........ ......oooo. .....la.. .la...mun 
> Pan...da.... 
> wa....nu be...be...
> nermah, tang...tang. ...tu maranehna da...da....ratang sowan ka 
> ra....ra...ma; 
> tapi naha
> ieu mah kalah ngutus utusan, kapan eta teh teu sopan tah ?"
> 
> Ger atuh rame deui pada ngadukung Dursasana. Dursasana memang rada gagap 
> lamun 
> nyarita teh, nu matak arang manehna mah nyarita; eta mah ku sabab emosi teu 
> tahan,
> nya ngawanikeun maneh biantara; rupana mah didukung ku loba sora.
> 
> "Kieu eta teh Dursasana." Ayeuna nu nyarios Arya Widura; Pandawa leuwih 
> mentingkeun
> aturan ti batan pribadi; nu matak samemeh naon2 masalah pribadi; urusan Nagara
> diheu;lakeun; eta ngaranna tanggung jawab sabage Kapala Nagara."
> 
> "Kapan tong bara ka Sang Prabu, dalah ka Dewi Kunthi ibuna pan teu sowan tah
> Pandawa teh ?" Widura nutup biantarana.
> 
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke