Bah, tokoh semar, cepot, dawala saha anu nyipta ?, nuhun 2010/8/7 Abbas Amin <[email protected]>
> > > Para Raja2 sadaya, tadi urang tos ngupingkeun, naon nu diucapkeun ku > Krishna. > Kuring satuju ka na pamadegan Krishna, lantaran cukup adil. Kaula satuju > pisan, ka na pamahaman Krishna. Pamikiranana guna pisan keur kadua > pihakanana, boh keur Duryodhana, boh keur Darmaputra. > Lamun Pandawa bisa narima deui Indraprasta kalawan teu perang sama sakali, > ah tangtu dunya bakal aman. Eta nu diharep ku urang sarerea. > > Utusan nu bakal dikirim, kudu jelema nu boga niat KUAT kana duduluran, lain > pacengkadan. Jelema nu dikirim ulah nu boga napsu hayang PERANG. Tapi > kudu nu pinuh rasa welas, rasa asih, kudu ngusahakeun pisan damai. > Jaga pisan ayana peperangan. > Dharmaputra sadar, yen geus ngalakukeun hiji kasalahan, nyaeta judi jeung > Sakuni nu memang ahli. Padahal Yudhistira atawa Dharmaputra teh, geus > ngamilik deui Indraprasta waktu harita; tapi keukeuh dipasangkeun deui, > plus diri pribadi sakabehna. Geus puguh PASTI kalah? naha atuh terus wae > maen DADU deui ? Teu kapok2 ? Tah ieu kasalahan Yudhistira teh. > Padahal geus loba nu nganasehatan harita teh supaya stop maen daduna jeung > Sakuni. > Tah ku sabab sakitu, Dharmaputra memang geus bebas ti na hukuman mah, ngan > naha Indraprasta bakal kapimilik deui ? > Ieu geus beda deui jalanna. Topikna beda. > Eta lain HAK, tapi Dharmaputra bisa menta . menta kinasih Kurawa. > Mun dibikeun, dibalikeun deui, eta hartina Kurawa kacida bijaksanana. Tapi > mun > teu dibalikeun deui, Yudhistira teu boga hak maksa, lantaran salah > sorangan. > Jadi dibikeun teu na mah, gumantung pinter2na eta DUTA nu bakal ditus ka > Astina. > Ngan wae Kula ngingetkeun ka sadaya, hasil ti na perang teh ancur2an, moal > aya > alusna, jadi jauhkeun pikiran ka na perang teh." > > Kitu biantarana Balarama waktos harita. > > Jaya Bang Winga Winga........................ > Satyaki teu tiasa nahan amarahna deui, enggal wae nyetop pidatona Baladewa, > > teras anjeunna menta waktu rek pidato. Der we Satyaki pidato :" > > Yeuh para Raja sadaya, pidatona Balarama euweuh pisan rasa kaadilanana, > Jalma pinter bisa wae ngutak ngutik hiji perkara, ti na netral jadi > meunang;tapi > teu sakabeh kapinteran bisa ngarubah nu teu adil jadi ADIL. > Naha urang teu apal ka na kacurangan Sakuni ? > > Mun urang ngomog kasar mah, saenyana Sakuni jeung Kurawa > teh geus nipu Pandawa. Ngarampas atawa ngarampog milik > Pandawa. Saenyana mah Kurawa teh GARONG ! Tah kunaon > ku urang diantep? urang ngantep kateuadilan ; sarua we jeung > urang ngantep garong ngagunakeun hatrta garonganana jadi > saperti milik pribadina. Saha wae nu nyalahkeun Dharmaputra > di na wakytu ieu, saenyana mah naon sababna, cing ? > Lain naon2; ngan sieu ku Duryodhana ! Eta alesan pokona mah. > Yudhistira datang katempat maen dadu, lain kahayang sorangan, > tapi diundang sacara LICIK ku Kurawa/Sakuni. Terus diteken jeung > disindir sindir, nepi ka akhirna maen DADU bari dilicikan. > Tah kunaon atuh, Yudhistira make kudu nunduk2 mementa nagari > Indraprasta?ka Duryodhana? > > Tah ayeuna sanggeusna rengse ngajalanan hukuman, Dharmaputra > lain tukang baramaen nu menta2 kinasih Kurawa/Duryodhana. > Pandawa geus rengse ngalakonan sagala hukuman; tapi Duryodhana > teu boga kaera, keukeuh teu tarima yen Pandawa geus ngajalanan > sakabeh hukuman. > > Kaula bakal usaha rek nalukkeun eta jalma2 baredegong, dursila > jeung licik. Maranehna kudu milih antara dua, menta maaf jeung > ampun ka Yudhistira, atawa Perang nu hartina musnah keur > maranehna. Lamun maranehna hayang perang, moal aya bayana > urang maehan, lantaran perang ieu keur nanjeurkeun kadilan !" > > Duryodhana moal mungkin mikeun Indraprasta tanpa peperangan. > Urang kudu nyaho hal eta. Euweuh gunana urang miceun waktu. > Urang kudu siap tempur, mepek balad ti ayeuna. Hayu urang perang. > Perang nu teu bisa dipahing deui. > > Bari ngos ngosan Satyaki ngeureunan agitasina. > > Hanca > > >
