Budayawan Jawi jaman Ratu Adil Jayabaya.
--- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@...> wrote:
>
> Bah, tokoh semar, cepot, dawala saha anu nyipta ?, nuhun
>
> 2010/8/7 Abbas Amin <abas_ami...@...>
>
> >
> >
> > Para Raja2 sadaya, tadi urang tos ngupingkeun, naon nu diucapkeun ku
> > Krishna.
> > Kuring satuju ka na pamadegan Krishna, lantaran cukup adil. Kaula satuju
> > pisan, ka na pamahaman Krishna. Pamikiranana guna pisan keur kadua
> > pihakanana, boh keur Duryodhana, boh keur Darmaputra.
> > Lamun Pandawa bisa narima deui Indraprasta kalawan teu perang sama sakali,
> > ah tangtu dunya bakal aman. Eta nu diharep ku urang sarerea.
> >
> > Utusan nu bakal dikirim, kudu jelema nu boga niat KUAT kana duduluran, lain
> > pacengkadan. Jelema nu dikirim ulah nu boga napsu hayang PERANG. Tapi
> > kudu nu pinuh rasa welas, rasa asih, kudu ngusahakeun pisan damai.
> > Jaga pisan ayana peperangan.
> > Dharmaputra sadar, yen geus ngalakukeun hiji kasalahan, nyaeta judi jeung
> > Sakuni nu memang ahli. Padahal Yudhistira atawa Dharmaputra teh, geus
> > ngamilik deui Indraprasta waktu harita; tapi keukeuh dipasangkeun deui,
> > plus diri pribadi sakabehna. Geus puguh PASTI kalah? naha atuh terus wae
> > maen DADU deui ? Teu kapok2 ? Tah ieu kasalahan Yudhistira teh.
> > Padahal geus loba nu nganasehatan harita teh supaya stop maen daduna jeung
> > Sakuni.
> > Tah ku sabab sakitu, Dharmaputra memang geus bebas ti na hukuman mah, ngan
> > naha Indraprasta bakal kapimilik deui ?
> > Ieu geus beda deui jalanna. Topikna beda.
> > Eta lain HAK, tapi Dharmaputra bisa menta . menta kinasih Kurawa.
> > Mun dibikeun, dibalikeun deui, eta hartina Kurawa kacida bijaksanana. Tapi
> > mun
> > teu dibalikeun deui, Yudhistira teu boga hak maksa, lantaran salah
> > sorangan.
> > Jadi dibikeun teu na mah, gumantung pinter2na eta DUTA nu bakal ditus ka
> > Astina.
> > Ngan wae Kula ngingetkeun ka sadaya, hasil ti na perang teh ancur2an, moal
> > aya
> > alusna, jadi jauhkeun pikiran ka na perang teh."
> >
> > Kitu biantarana Balarama waktos harita.
> >
> > Jaya Bang Winga Winga........................
> > Satyaki teu tiasa nahan amarahna deui, enggal wae nyetop pidatona Baladewa,
> >
> > teras anjeunna menta waktu rek pidato. Der we Satyaki pidato :"
> >
> > Yeuh para Raja sadaya, pidatona Balarama euweuh pisan rasa kaadilanana,
> > Jalma pinter bisa wae ngutak ngutik hiji perkara, ti na netral jadi
> > meunang;tapi
> > teu sakabeh kapinteran bisa ngarubah nu teu adil jadi ADIL.
> > Naha urang teu apal ka na kacurangan Sakuni ?
> >
> > Mun urang ngomog kasar mah, saenyana Sakuni jeung Kurawa
> > teh geus nipu Pandawa. Ngarampas atawa ngarampog milik
> > Pandawa. Saenyana mah Kurawa teh GARONG ! Tah kunaon
> > ku urang diantep? urang ngantep kateuadilan ; sarua we jeung
> > urang ngantep garong ngagunakeun hatrta garonganana jadi
> > saperti milik pribadina. Saha wae nu nyalahkeun Dharmaputra
> > di na wakytu ieu, saenyana mah naon sababna, cing ?
> > Lain naon2; ngan sieu ku Duryodhana ! Eta alesan pokona mah.
> > Yudhistira datang katempat maen dadu, lain kahayang sorangan,
> > tapi diundang sacara LICIK ku Kurawa/Sakuni. Terus diteken jeung
> > disindir sindir, nepi ka akhirna maen DADU bari dilicikan.
> > Tah kunaon atuh, Yudhistira make kudu nunduk2 mementa nagari
> > Indraprasta?ka Duryodhana?
> >
> > Tah ayeuna sanggeusna rengse ngajalanan hukuman, Dharmaputra
> > lain tukang baramaen nu menta2 kinasih Kurawa/Duryodhana.
> > Pandawa geus rengse ngalakonan sagala hukuman; tapi Duryodhana
> > teu boga kaera, keukeuh teu tarima yen Pandawa geus ngajalanan
> > sakabeh hukuman.
> >
> > Kaula bakal usaha rek nalukkeun eta jalma2 baredegong, dursila
> > jeung licik. Maranehna kudu milih antara dua, menta maaf jeung
> > ampun ka Yudhistira, atawa Perang nu hartina musnah keur
> > maranehna. Lamun maranehna hayang perang, moal aya bayana
> > urang maehan, lantaran perang ieu keur nanjeurkeun kadilan !"
> >
> > Duryodhana moal mungkin mikeun Indraprasta tanpa peperangan.
> > Urang kudu nyaho hal eta. Euweuh gunana urang miceun waktu.
> > Urang kudu siap tempur, mepek balad ti ayeuna. Hayu urang perang.
> > Perang nu teu bisa dipahing deui.
> >
> > Bari ngos ngosan Satyaki ngeureunan agitasina.
> >
> > Hanca
> >
> >
> >
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/