Ti barang Revolusi Phisik taun 1945 ; Carios Wayang kacida Populerna waktu
harita; bioskop teu acan seueur. Nepi ka nu nyipta lagu ge harita kabagean
oge jataha. Utamana nya di na Wayang Golek.

Model Lagu Pahlawan Bangsa, Upit Sarimanah, nu syairna kira2 kieu :
teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa.
Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana,
berjuang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati;
taya basa menta pamulang tarima,
ihlas ridho keur KORBAN MERDEKA 

Tah ieu lagu teh, baheula bakal dihaleuangkeun ku sinden, di na waktuna TOKOH
Gatot Kacha mimiti kaluar; atawa Gatotkacha perang .
Tokoh Gatotkacha teh, di na taun 1960an mah dianggap keur ngagambarkeun
sagemblengna TENTARA we.
Nu matak akhirna PAREUM we. Panokohan teh. Da kapan teu sakabeh TANGTARA 
arihlas.Komo atuh ayeuna mah, sigana euweuh we nu ihlas teh.

Jadi taun 2000mah ku sabab abad Milenium; pareun we tokoh Gatotkacha teh.
Bareng jeung pareumna kaseniaan Wayang GOLEK !

Komo atuh ayeuna mah, da di masyarakat kapan tos LEUNGIT tah TOKOH Gatot kacha
teh; ayeuna mah rata2 tokoh nu MUNCUL teh nya model Sakuni Duryodhana; gambaran
kasarakahan jelema.

Duka kumaha; da Zaman harita mah, asal tokoh Gatotkacha kaluar pasti surak !
Da kuring ge ujug2 ngarasa REUGREUG; mun keur lalajo wayang teh.

Karasa memang TOKOH Gatotkacha teh HIRUP pisan.




      

Kirim email ke