Leres nya nempelna eta tokoh Gatotkaca. Tileuleutik kuring ge resep teh ka tokoh wayang gatotkaca nepi ka dipangmeulikeun wayang golekna dipameran pangwangunan di Pangaduan kuda Sumedang. Nepi ka ayeuna masih keneh aya bari jeung geus ruksak oge dan digelut gelutkeun.
Tapi sanggeus nyaho tokoh gatot gaca geuning perlaya di barathayuda jadi teu resep deui/ngurangan, ganti ka bima. Pantesan atuh saur bah abbas Amin, akhirna loba anu nyiptakeun carita2 keur tokoh ieu. Tapi dongengna gatot gaca anu nempel teh anu saur bah abbas versi jawa geuning? Janten anu versi aslina diantos salajengna hehe ngolo Nuhun From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Thursday, August 12, 2010 1:15 PM To: kisunda; urangsunda Cc: [email protected]; [email protected] Subject: [kisunda] Lagu nu dicipta ka na lalakon Wayang Ti barang Revolusi Phisik taun 1945 ; Carios Wayang kacida Populerna waktu harita; bioskop teu acan seueur. Nepi ka nu nyipta lagu ge harita kabagean oge jataha. Utamana nya di na Wayang Golek. Model Lagu Pahlawan Bangsa, Upit Sarimanah, nu syairna kira2 kieu : teu honcewang, sumoreang, tekadna pahlawan bangsa. Cadu mundur pantang mulang, mun tekad tacan laksana, berjuang keur lemah cai, lali rabi tur tega pati; taya basa menta pamulang tarima, ihlas ridho keur KORBAN MERDEKA Tah ieu lagu teh, baheula bakal dihaleuangkeun ku sinden, di na waktuna TOKOH Gatot Kacha mimiti kaluar; atawa Gatotkacha perang . Tokoh Gatotkacha teh, di na taun 1960an mah dianggap keur ngagambarkeun sagemblengna TENTARA we. Nu matak akhirna PAREUM we. Panokohan teh. Da kapan teu sakabeh TANGTARA arihlas.Komo atuh ayeuna mah, sigana euweuh we nu ihlas teh. Jadi taun 2000mah ku sabab abad Milenium; pareun we tokoh Gatotkacha teh. Bareng jeung pareumna kaseniaan Wayang GOLEK ! Komo atuh ayeuna mah, da di masyarakat kapan tos LEUNGIT tah TOKOH Gatot kacha teh; ayeuna mah rata2 tokoh nu MUNCUL teh nya model Sakuni Duryodhana; gambaran kasarakahan jelema. Duka kumaha; da Zaman harita mah, asal tokoh Gatotkacha kaluar pasti surak ! Da kuring ge ujug2 ngarasa REUGREUG; mun keur lalajo wayang teh. Karasa memang TOKOH Gatotkacha teh HIRUP pisan.
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
