sanes kalakuan setan ngagoda manusa teh hasil jual beuli rebut tawarna jeung
pangeran?

'heug kami jaga asup naraka saendeng-endeng, tapi bere kami hak keur ngagoda
adam jeung turunanana di dunya!', cek setan sabada dibendon alatan teu daek
sujud ka adam. janten ngagoda mah sanes ibadah setan nu kedah diganjar.

eh enya kitu nya caritana teh? poho...

2010/8/16 mh <[email protected]>

>
>
>
>
> 2010/8/16 oman abdurahman <[email protected]>
>
>
>>
>> Geus tong ngaralieukan wae ka tukang :)
>>
>> Kahade kahilapkeun, walanda daratangna ka Indonesia teh cenah mah mawa
>> visi 3G tea (Glory, Gospel & God). Jadi, ceuk saha bajoang teu didadasaran
>> ku agama? Atawa, pertanyaanana anu bener mah meureun kieu: "Ti baheula oge
>> agama mindeng disalahgunakeun, lain?". Enya teu disalah-gunakeun kumaha,
>> sabab, agama naon wae lamun anu bener-bener mah moal nepi ka jadi alat
>> pikeun ngajajah atawa nandasa bangsa lian..
>>
>> Tah aya deui anu rada paur. Eta falsafah anu kurang leuwih bisa
>> dirumuskeunkieu: "kusabab eta nu aya, nya eta anu bener". Memang, fenomena
>> Walanda ngajajah, lila ku lila ngabalukarkeun bangsa urang bisa oge -
>> kalawan bajoang satekah polah - ngahontal kamerdekaanana. Jadi, Walanda
>> "berjasa" oge, da Walanda anu aya (ngajajah urang) nepi ka urang merdeka.
>>
>> Di kalangan tarekat atawa para sufi aya oge logika anu samodel kitu teh.
>> Logikana kl katangeun tina carita ieu: saur aranjeunna, para sufi tea, urang
>> upama engke arasup sawarga teh eta enas-enasna mah alatan ku jasana setan
>> anu ngagoda urang, tapi urangna henteu kagoda, jst. Coba lamun setan henteu
>> ngagoda urang, apan moal aya ganjaran tina hasil perjuangan, jst. Logika ieu
>> lamun diteruskeun bisa jadi kieu ngambah kaditu kadieu, model kieu: Setan
>> oge berjasa ka Nabi Adam a.s; Abu Jahal jeung batur-baturna berjasa oge ka
>> kangjeng Nabi Muhammad saw, jst; Mu'awiyyah berjasa ka Syaidina Ali, jst.
>>
> jadi lantaran seta aya "saham" mere jalan pikeun manusa asup sawarga, atuh
> meunang "ganjaran" tah.
> mun setan meunang "ganjaran", kaci teu nya milu asup ka sawarga?  hehehe
>
>  _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke