Waaah over thinking, kabuhulan ngutak ngatik otak...nu puguh mah mun teu digoda 
setan mah urang2 ayeuna aya si Sorga!
 ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, August 16, 2010 13:13:49
Subject: Re: [kisunda] Re: M E R D E K A Euy!

  
Geus tong ngaralieukan wae ka tukang :) 

Kahade kahilapkeun, walanda daratangna ka Indonesia teh cenah mah mawa visi 3G 
tea (Glory, Gospel & God). Jadi, ceuk saha bajoang teu didadasaran ku agama? 
Atawa, pertanyaanana anu bener mah meureun kieu: "Ti baheula oge agama mindeng 
disalahgunakeun, lain?". Enya teu disalah-gunakeun kumaha, sabab, agama naon 
wae 
lamun anu bener-bener mah moal nepi ka jadi alat pikeun ngajajah atawa nandasa 
bangsa lian..

Tah aya deui anu rada paur. Eta falsafah anu kurang leuwih bisa 
dirumuskeunkieu: 
"kusabab eta nu aya, nya eta anu bener". Memang, fenomena Walanda ngajajah, 
lila 
ku lila ngabalukarkeun bangsa urang bisa oge - kalawan bajoang satekah polah - 
ngahontal kamerdekaanana. Jadi, Walanda "berjasa" oge, da Walanda anu aya 
(ngajajah urang) nepi ka urang merdeka. 


Di kalangan tarekat atawa para sufi aya oge logika anu samodel kitu teh. 
Logikana kl katangeun tina carita ieu: saur aranjeunna, para sufi tea, urang 
upama engke arasup sawarga teh eta enas-enasna mah alatan ku jasana setan anu 
ngagoda urang, tapi urangna henteu kagoda, jst. Coba lamun setan henteu ngagoda 
urang, apan moal aya ganjaran tina hasil perjuangan, jst. Logika ieu lamun 
diteruskeun bisa jadi kieu ngambah kaditu kadieu, model kieu: Setan oge berjasa 
ka Nabi Adam a.s; Abu Jahal jeung batur-baturna berjasa oge ka kangjeng Nabi 
Muhammad saw, jst; Mu'awiyyah berjasa ka Syaidina Ali, jst.

Naha leres eta logika model kitu teh? Atawa aya katerangan sejen nepi ka mana 
wates-wates berlakuna. Cikan diantos komen ti sadayana. 



manar
 




2010/8/16 mh <[email protected]>

  
>
>
>
>2010/8/16 mh <[email protected]> 
>
>
>"Padahal, bangsa Belanda pada tahun 1592 itu belum tiba di Indonesia. Belanda 
>sendiri tiba di Indonesia, yakni di Banten, pada tahun 1552 di bawah pimpinan 
>Cornelius De Houtman untuk menjajaki potensi perdagangan di Indonesia," 
>katanya 
>di Medan, Sabtu.
>>
>taun 1592 walanda can nepi ka indonesia
>taun 1552 walanda geus nepi ka banten
>==============================
>1952 > 1552,
>Jadi ?????????????????
>



Kirim email ke