"cul dogdog tinggal igel". mun si nini ngaleupaskeun dogdogna, nya si nini kari ngengklak. meureun eta maksudna nu tadina rek ngareog, hayoh poho jadi ngibing.
[image: [Copy+of+651240831966_6342067_n.jpg]] 2010/8/16 Abbas <[email protected]> > > > Sok atuh ah Der! Saha nu bade makalangan ti payun ? > Tuh kendang pencana tos ngungkung tah .............. > Kade ulah nepi ka CUL Dogdog tinggal IGEL ! Hahahaha > > Sok lah............. nulis naon wae, keur kamekaran Basa SUNDA ! > Nulis wayang sing bener basa sundana. > Atuh nulis soal agama atawa Gusti, sing bener basa Sundana.... > Ulah sakadaek, bari pacampur direumbeuy ku Basa Indonesia. > Jadi di dieu lain wae masalah ELMUNA; tapi oge Basa Sundana ! > Mun bade Dakwah mah atauh nya ku basa Indonesia; mangga di SABILI > ulah di kisunda. > Jadi........ didieu ngamajukeun dakwah, sakaligus Basa Sundana > Upami bade babagi ELMU (sharing); nya atuh ku Basa Sunda. > Ngan upami kisunda kangge info wungkul; nu utama ka milis sejen > eta mah teu naon2 basa indonesia. > > sok lah derrrr pdungdungkeun kainyah.......... > mana kembang beureumna/ mana tepak tiluna ? > mana cikalongan?cibarusahan? cimandean ? > sok ah...............pleredan............. > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...> > wrote: > > > > buntut bangkong ukurana robah mondokan sajalan jeung umurna nu ngolotan: > > ti mimiti buruy nu buntutna panjang, nepi ka dewasa nu buntutna ukur kari > > tunggulna. > > > > [image: The life cycle of frogs. (Reproduced by permission of The Gale > > Group.)] > > The life cycle of frogs. (Reproduced by permission of The Gale Group) > > http://www.scienceclarified.com/Al-As/Amphibians.html > > > > meureun kaideuan ku fenomena jiga kitu, karuhun urang sunda nyieun > > babasan "ngabuntut bangkong" keur ngagambarkeun obrolan nu teu tuntas. > > > >
