sebener na mah urang balik deui we kana kayakinan golongan tna fatwa na masing2 ngan sakilas ningali bulughul maram dina syarahna memang diserat didina yen nabi teu nyolatkenjalmi anu boga keneh hutang, cuman lamun ceuk kuring pribadi, hadits wae moal cukup ku ngaluarkeun fatwa jiga kieu, kulantaran, hiji hadits kedah ditingali kualitasna, teras kumaha ushul fiqihna, ta'arudh atawa betolak belakang teu jeung yen kaum muslim anu maot wajib kifayah kanggo hirup nyolatkeunana?
Anu kaduana ngamisalkeun atawa ngaqiaskeun Nabi kanggo kiayi jeung sahabat kanggo masyarakat biasa dina eta hadits lamun ceuk kuring pribadi mah meureun rada keliru... muhun yen koruptor teh jalmi anu teu sae kedah dihukum dina hukum Islam. ngan meureun ngakiaskeun ku hadits ieu rada keliru meureun. katiluna lamun kalimat nabi teu nyolatkeun kanggo jalmi eta, eta teh haram, makruh atawa naon, teu jelas pan. tah lamun haram moal mungkin kulantaran nabi ngabolehkeun sahabat, tapi lamun makruh teu mungkin oge kulantaran nabi maenya we nabi marentah ka sahabat nu makruh , jadi mubah we meureun hehe... nu kaopatna hukum ka jalmi koruptor, penguasa zalim dlll beda hukumanana, jadi lamun ngakiaskeun eta hadits kanggo nu lainna rada rancu oge. ngan meureun aya di sabagian mazhab nyarios kieu yen nabi teu ngadoakeun jalma munafik dina shalat mayyitna dina salah sahiji takbirna. tapi eta oge kanggo jalmi munafik ari munafik pan beda jeung koruptor, tapi lamun geus apal yen si eta koruptor teh memang teu yakin kana ajaran Islam perihal hak harta orang lain meureun bisa kaasup munafik kana ajaran Islam. ku kituna kabutuhan urang kana hukum jeung ajaran Islam memang jelas ayana. wallahu alam. ________________________________ From: Muhammad Ziaulhaq <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, August 18, 2010 11:42:01 PM Subject: Re: [kisunda] Koruptor: Remisi & Teu disalatkeun mayitna Salam, Himbauan ti NU atawa Fatwa ti Persis urang positif thingking: eta salah sahiji usaha agama keur ngatasi masalah korupsi di Indonesia, sabab ajaran agama Maok Haram tetep teu bisa jadi pager keur ngaredam korupsi.... malah disingsieunan nu Naraka ge: Angger.. ! Tapi sugan jadi bongbolongan: Dina Kitab Bulughul Maraam aya hadits yén jalma nu maot bari can bérés hutangna, ditunda nyalatkeun mayitna saencan bérés masalah hutangna. Jalma nu divonis korupsi, aya kawajiban ngembalikeun duit nagara (duit rahayat) sajumlah nu kabuktian dikorup ku manéhna.. masalahna kumaha mun maot saencan bérés bayar hutangna....? Maka wajar mun éta gé ngan saukur "Sosok Kyai" nu tong nyolatkeun.. can nepika tong disolatkeun pisan... Tujuan Fatwa Persis keur jadi sanksi moral sabangsaning koruptor nu geus kronis ti tingkat RT depi ka nu disebut "wakil rakyat". Dina H.R Abu Daud, Rasulullah pernah teu nyolatkeun jalma nu milu perang Khaibar. Dina Sunan Abu Dawud, yén Zaid bin Khalid Al-Juhani ngariwayatkeun aya jalma nu gugur dina perang khaibar. Ceuk Rasulullah, " Solatkeun sahabat manéh téh, ngan Kaula sorangan mah moal nyolatkeun." Sahabat lain kerung jeung anéh kana statement Nabi, tuluy Nabi pok sasauran:"Sabénérna jalma éta téh geus ghulul (korupsi) di jalan Allah." Tuluy para sahabat mariksa raksukan éta mayit, nya kabuktian aya perhiasan milik urang Yahudi nu jadi lawan perang harita, nu jumlahna moal leuwih ti 2 dirham... Sigana komo ayeuna, nu korupsi Dana Abadi Umat... (hehe..) Baktos, Zya. --- On Wed, 8/18/10, Tirta widjaja <[email protected]> wrote: >From: Tirta widjaja <[email protected]> >Subject: [kisunda] Koruptor: Remisi & Teu disalatkeun mayitna >Saprak 17 Agustus aya sakedik ribut kunaon cenah koruptor meunang remisi >hukuman. Teu lila NU ngaluarkeun himbauan (sanes fatwa kawas Persis?) mayit >koruptor teu kedah disahalatkeun ku kyai. Abah AA dina paguneman kamari kantos >abah nyerat koruptor nu geus dipenjara mah dishalatkeun. Kumaha tah ngeunaan >himbauan ti NU ieu? > > Kamis, 19/08/2010 12:04 WIB >NU Tidak Akan Diskriminatif Terapkan Tak Salatkan Jenazah Koruptor >Hestiana Dharmastuti - detikNews > >Jakarta - Fungsionaris Pengurus Besar Nahdlatul Ulama (PBNU) mengimbau agar >para >kiai tidak menyalatkan jenazah koruptor. Imbauan ini juga berlaku bagi kader >NU >yang terbukti korupsi. > >Masdar menjelaskan imbauan tidak menyalatkan jenazah berlaku bagi koruptor >yang >belum mengembalikan hak-hak orang lain yang diambil. > >"Kalau membayar kembali apa yang sudah diambil, atau koruptor bisa mengutang >ke >orang lain untuk membayar, tidak masalah disalati," ujar Masdar. > >Katib Am atau Sekjen Suriyah Pengurus Besar Nahdatul Ulama (PBNU) Malik >Madani, >mengimbau agar jenazah orang yang pernah dipenjara gara-gara kasus korupsi >tidak >perlu disalatkan oleh para ulamanya, cukup banser atau ormas di bawah NU. >(aan/nrl) > > >
