nyeta atuh, carita ka gustian teh moal seep-seep diwangkongkeun.

gumantung, ageman masing-masing
rek numutkeun monotheisme 'baru' atw monotheisme 'lama'
da 'barang' na mah 'eta' keneh.
tinggal interpretasi jeung cara ritualna be., geus pasti beda-beda
diluyukeun  jeung jamanna sewang2an, jeung kawasanna sewang2an.
*lakum diennukum wa liyaddien* tea apanan
da geus mo dipungkir deui yen

ka percayaan ka gusti
anu 'langgeng di alam kalanggengan'
anu nunggal di kalanggengan
anu langgeng dina nunggalna
anu ngabogaan sakabeh alam
anu ngabogaan sakabeh jagat ieu
pupunclak agung pamunjung
anu agung sang rumuhun
(nepi ka teu wasa mere ngaran2na acan bisi aya nu sarua/nyaruakeun)
keur sakabeh mahluk anu aya di dunya atw sa alam jagat raya teh
pasti ka nu 'eta' keneh nunjukna.
boga hak keur percaya ka gusti nu 'eta'.
nu 'eta' teh nyata milik sarerea!
lain milik kelompok atw paguyuban atw  hiji bangsa.

numatak kumaha aplikasina dina mertelakeun ayana gusti
iwal ti sareundeuk saigelan, sabobot sapihanean
keur ngalakonan kahadean antar sasama.
keur ngalakonan asih ka sasama
keur ngalakonan gotong royong anu maslahat keur balarea.
teu perlu nengetan ageman naon anu di anutna.
tapi hese nya, kitu teh dilaksanakeunana?
kunaon?
sabab balik deui ka kayakinan 'gusti aing anu pang sampurna na!'
kabeh kecap no hiji!
jadi nyieun masjid sewang2an, galejra sewang2an, pura sewang2an
gusti aing mah anu bener di galejra aing, di pura aing, di masjid
aing...kitu?
nya kumaha atuh, al hujurat ayat 13 geus mertelakeun anu kasebut diluhur
tapi teu digugu...nya kieu balukarna.

pamikiran uin pluralist nya?
tapi lur, coba lenyepan,
palebah mana salahna?
palebah mana benerna?
tapi kudu salah anu diaku ku sarerea
bener anu diaku ku sarerea.
cag!

hn*0catea

2010/8/19 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Cek Asma_ul Husna di Qur_an:
> Tuhan teh Al Kabiir; Al Wajiid; Al Waasi'u; Al Wachid;
> Ieu nunjukkeun "DIRI" Tuhan sacara deskriptip nunjukkeun WUJUD Tuhan.
>
> Al Zhoohir; Al Baathin. Hartina bisa wujud nyata, bisa teu, tergantung
> manusa
> nu nyoba nyaketanNa.
> Al Khaaliq; Nunjukeun Kakawasaan TUHAN dina NYIPTA sagala
>
> Al Baashir, Al Samii, kumaha cenah tah Ningali sareng Ngadangu TUHAN ?
>
> Dimana Allah/TUHAN ?
>
> Eta pakuat pakait sareng WUJUD TUHAN sareng persepsi manusa.
>
> Lamun TUHAN disebat MAHA AGEUNG Al Kabiir; hartina teu tiasa
> dibandingkeun sareng saha atawa NAON wae nu kumelip di ieu alam
> semesta. Hartina Alam Semesta anu sakieu lega jeung gedena masih
> teu ngabanding ka na GEDEna TUHAN. Moal bisa ngabandingan Tuhan.
>
> Al Waasi_u Maha Luas/Lega; hartina salain GEDE oge LEGA; eta WUJUD
> Tuhan.
>
> Al Al Wajid ---->>> Aya WujudNA.
> Al Waahid = Tunggal/mimiti  AshShaomad = Tunggal/ESA
>
> Jadi pasipatanana TUHAN teh KUDU GEDE pisan taya Tandingna; kudu lega
> pisan taya tandingna; ku NGAn UKUR HIJI.
>
> Cing di Alam Semesta naon nu KITU !?
> Moal aya ! Atuh Tuhan teh EUWEUH.
> Masih salah; lantaran naon cing salian Alam SEMESTA !?
>
> Euweuh deui IWAL ti LANGIT nu NGALIPUT Alam SEMESTA
>
> NGaranna NGALIPUT tangtu Gueede Pisan ! Alam Semesta jadi leutik pisan.
> Mun baritu ieu kabeh BINTANG di Alam SEMESTA; tangtu nu disebut
> diistilahkeun LANGIT moal rengrot2 acan !
> Langit kacida GEDEna jeung LEGANA. Jeung TUNGGAL !
> Kabeh nu disebut pasipatan ti na WUJUD TUHAN geus KAWENGKU ku LANGIT.
>
> Dina ur_an aya istilah Fil Ardhi fissamaai.
> Didieu istilah samaa_i sanes LANGIT tapi LUAR Angkasa !
> Langit mah BEDA deui.
> Langit nya eta WUJUD Tuhan nu katingal luarna wugkul.
> Duka kadituna mah sakuma gede sareng legana ?
> Ngan AnjeunNa anu UNINGA.
>
> Kumaha masalah Ngadangu sareng NINGALI !?
>
> Salah GEDE upama urang nyapertikeun jeung MANUSA !
> Ngadenge ku ceuli atawa nempo ku panon .
>
> Intina Ngadangu atawa Nenjo teh kapan ti na alat panon ditepikeun ka
> SYARAP Pusat; tah eta nu disebut nempo jst teh.
>
> Jadi akhirna mah di satiap diri manusa aya antenna; tah antenna eta nu
> nenjo atawa ngadenge teh. Mun eta teu berfungsi; maka torek/lolong jsb.
>
> Jadi TUHAN oeg disebat NINGALI NGADANGU nya antenna deteksina
> NU HEBAT ! Bisa ngadalian sakuliah alam semesta.
>
> TUHAN ditingal mah tiasa wae; ngan moal tiasa dideteksi !
> Ari Tuhan langsung tiasa ngadeteksi ALam Semesta ku SUPER AntenaNA.
>
>
> HANCA
>
>
>  
>

Kirim email ke