Leres pisan kang Ii

--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote:
>
> Ari versi anu biasa di wayangkeun mah kresna ngintip eta rapat bari
> mangrupakeun papatong emas. 
> 
> Kitu nya bah AA
> 
>  
> 
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Abbas Amin
> Sent: Monday, August 23, 2010 1:48 AM
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: [email protected]; grek_2...@...
> Subject: [kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-20
> 
>  
> 
>   
> 
> 
> "Teu bisa! Saha wae nu rek ngaliwat ka ieu tempat kudu ngaliwatan Kaula
> heula;
> tapi mun enya sampeyan dulurna Kresna, sampeyan kudu turun ti na kareta; 
> ngahormat ka Kaula; terus nuju ka Meralaya teu meunang tutumpakan naon wae; 
> meunang lumpat, atawa leumpang!"
> 
> Wah ieu Resi teu meunang dibadamian ; ari maksa , can puguh bisa; jeung
> waktu geus
> loba kapiceunan; sedeng perjalanan ti dieu ka Meralaya geus deukeut; ah keun
> wae
> rek ngeureuyeuh leumpang we lah. Saparantos buleud tekadna, enggal wae
> Duryodhana lungsur ti na karetana; teras nyembah ka Parasurama, saterasna
> Suyudhana enggal
> gesat gesut nuju ka Meralaya.
> 
> Barang Suyudhana lungsur ti na kareta barang jol Satriya Panengah Pandawa
> Arjuna di na karetana nuju ka Meralaya. Atuh enggalna distop ku Parasurama.
> 
> "Eh Satriya ! Mangka waspada andika! Tuh tempo ku sampeyan loba mayit
> pating solengkrah !"
> 
> Enggalna Arjuna ngalirenkeun karetana, da barang nyaketan eta tempat oge
> tos heran manahna naon sababna aya bangke loba pisan di eta tempat; teras
> wae Arjuna ngandika:"Eh Resi, upami Kula teu lepat, sampeyan teh Resi nu
> sok ngalalana Parasurama, mugia tampi ieu hormat Kaula , panengah 
> Pandawa Dananjaya."
> 
> "Oh, ha ha ha, sampeyan Arjuna. Kaula tampa pahormat sampeyan; tah ayeuna
> gura giru sampeyan balik deui; teu meunang asup ka Dwarawati !"
> 
> "Naon sababna, Resi ? Jeung KUasa ti saha anjeun megatan jelema di ieu
> jalan?"
> 
> "Eta mah urusan Kaula, sampeyan teu kudu nyaho."
> 
> "e e eh, sampeyan Parasurama geus wani2 megatan jelema nu rek ngaliwat;
> padahal
> ieu jajalanan Umum; ku sampeyan dipegat bari taya alesan nu jelas. Tapi Kula
> ayeuna keur rurusuhan, sabab ieu penting pisan; jadi kalakuan sampeyan
> maehan
> jalma tan karana sabab Kaula moal pipilueun; tapi sampeyan geura kasisi,
> sabab
> Kula bakal ngaliwat, rek nepungan Kresna, sabab eta dulur Kaula."
> 
> "Tadi oge Suyudhana geus ngaliwat, lantaran dulur ku Kula diidinan, tapi
> kudu turun
> ti na kareta; jeung ngahormat Kaula terus leumpang ka Meralaya , tuh
> karetana oge
> masih aya dihandapeun kiara."
> 
> "Eeeee   eeeeh, Parasurama, Kaula moal turun rek bisa naon sampeyan !?
> Arjuna moal sieun."
> 
> Parasurama kacida amarahna, langsung wae Arjuna dipanah ku Parasurama; 
> tapi ngan sakilat ditakis teras wae Arjuna ngabales. Kaget Parasurama,
> wirehna
> teu sangka Arjuna sakitu pinterna mentangkeun jamparing. Enggalna wae 
> Parasurama sareng Arjuna silih panah; ngadukeun kadigjayan. Jamparing ting
> suliwer, tapi duanana sami2 sakti di na enggoning ngagunakeun panah. Atuh
> mani jam jaman teu aya nu katingal bakal asor duanana pada jago, pada sakti.
> 
> Akhirna Arjuna ngaluarkeun panah saktina; nya eta panah nu dianggo basa
> ngalawan Pasukan Astina di Wiratha; panah nu ngandung BIUS. Atuh Parasurama
> ge ngajungkel keuna ku ieu panah teh; teras we Arjuna mecut kudana nuju ka 
> Meralaya; enggal lungsur ti na kareta, teras lumebet ka Karaton tan aya nu
> ngahalang halang, lantaran Arjuna tos biasa lumebet ka karaton Dwaraka.
> 
> Barang lebet ka Kamar pribadi Prabu Kresna; kasampak aya Suyudhana nu nuju
> ngantosan Kresna nu nuju Tapa TURU; Suyudhana ngan ukur melong we ka
> Arjuna teu sasauran naon2; nya Arjuna oge enggalna nyaketan ranjangna Sang
> Madusudhana, Sang DananDana/DanarJana, atanapi Kresna. Enggal mayunan
> Kresna; ari Suyudhana mah di luhureun mastaka Kresna, ari Arjuna payuneun
> Kresna pisan. Ningal Kresna nuju semedi kitu, enggalna wae Arjuna menekung
> mujasemedi; enggal sukmana ngantunkeun ragana, bade nyusud nyusul Rohna
> Kresna.
> 
> Ku margiArjuna mah memang Satriya nu sok gentur tapa, atuh sakedap oge tos 
> tiasa ngalayang ka Jongring Salaka; anjeunna ningali Kresna nuju diriung ku
> sababaraha Dewa, nu katingal semu warera; enggal wae Sukma Arjuna nyaketan
> ka eta tempat. Ngupingkeun naon2 nu nuju digunem caturkeun.
> 
> Para Dewa nuju nyeratkeun "rencana Ageng" soa[ perang Bhrata Yudha.
> Sadayana nuju disusun, si eta bakal maot ku eta; si anu bakal dipanah ku
> sianu.
> Waktos Dewa Sastra nuju Nyerat Baladewa biluk ka Suyudhana; teras ngiring
> perang; teu aya nu manggapulia; tapi tapak sampeyanana diletak ku Antasena;
> Baladewa palastra! Tah di na waktos nyerat nu eta "Rohna Kresna" nyenggol
> mangsi dugi ka tamplok pisan nutupan eta seratan. Atuh guyur sadayana Dewa2;
> enggalna Kresna dicerek; bade ngamuk; tapi dinasehatan ku Para Dewa yen eta
> tindakan lepat kacida; sareng teu nunjukkeun yen eta Kalakuan Wisnu.
> Kumaha da Kaula nyaah ka Balarama , lanceuk Kaula. Masing enya ge Kaula
> Wisnu , kapan sabage manusa mah tetep we Kula teh Kresna.
> 
> Jadi sampeyan Kresna geus ngalakukeun kasalahan, hiji ngintip Dewa nu keur
> ngalaksanakeun tugas; kadua ngahalang halang maksud Dewa. Kusabab kitu
> sampeyan bakal dihukum; nya eta senjata2 kudu dibalikeun ka Dewa di
> Jonggring
> Salaka. Nya eta : 1. Kembang Cangkok Wijaya Kusuma  2. Gambar Lopian
> Ogan Sengkala  sok kudu dipasrahkeun. Teras enggal kedah lungsur deui ka
> marcapada. Nya atuh kapaksa Kresna nampi eta hukuman; barang bade kaluar 
> pasanggrok sareng sukma Arjuna; atuh saterasna duanana lalungsur; dugi ka
> sami2 gugah di na bale2 Kresna.
> 
> Hanca
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke