meunang nyalin  tina fb si ambu. nyanggakeun:
===============
UGA WANGSIT SILIWANGI SALENGKEPNA
by Richadiana Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on
Monday, August 23, 2010 at 6:58pm

*SILIWANGI*

*Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia,
tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi balangsak, ngilu
rudin bari lapar.Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke
jagana jembar senang mugih mukti,bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. Lain
Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun
ku obah jaman; Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing,
heunteu pantes jadi rajaamun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.*



*DARENGEKEUN!*

*Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;*

*Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah
kaler;*

*Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;*

*Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon;*



*DARENGEKEUN!*

*Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia; nya
turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing
nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura
narindak !*



*Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab engkena
turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur,
ka dulur anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu rancage di hatena. Engke jaga
mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta
tandana : saturunan dia disambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina
talangke. Sabab talaga bakal bedah; Jig,geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk
ka tukang !*



*Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: ! Dayeuh ku dia moal kasampak,
ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya
nu jadi pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan.
Ariyana engke jaga, bakal kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang, tapi
batur nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada !*



*Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu
perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah,
tapi ngan anu hade laku lampahna. *



*Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge.Memang
ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu
anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lanti pikirna, nu
had elaku lampahna.Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere
ciri ku wawangi. Ti mimitipoe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit
dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti
ngaranpikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir !*



*Tapi,engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih
deui, nyabisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu
arieu aingpangpinterna. Mudu aredan heula.Engke bakal rea nu kapanggih,
sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya
nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang ;ngorehan bari ngalawan,
ngalawan bari seuri, Nya eta budak angon : imahna dibirit leuwi, pantona
batu satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan kuhanjuang.*



*Arin gangonna ? Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay
jeung tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian
disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung mangsana,
baris loba anu kabuka jeung rareang marenta dilalakonkeun. Tapi mudu
ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban
jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, saruajeung waktu nu nyukma, ngusumah
eujeung nitis, laju nitis dipinda sukma.*



*DARENGEKEUN!*

*Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : "
tanah bugel sis iCibantaeun dijieun kandang kebo dongkol." Tah didinya,
sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon kujalma
jangkung nu tutunjuk d alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo
bulen yekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna heunteu
karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya, wuluku ditumpakan
kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang
tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. !*



*Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !Ti dinya
gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan ; tapi
jalan nu kasingsal. Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alu jadi suwung, kebo
bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet !*



*Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab kaburu :
warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah
beak ku monyet ,huma di acak-acak ku monyet, cawene rareuneuh ku monyet.
Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku nu niru - niru
monyet."Panarat"dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik
ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.Ti dinya,turunan urang
ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu
arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.Laju hawar-hawar, ti tungtung
sagara kaler ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Genjlong
saamparan jagat !*



*Ari diurang ? Rame kunu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading.
Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu jeung
aturan.Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh
batur, disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu
edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk
tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung
disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu beda tina
tawon, dipalengpeng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya
nu nyapih ; nu nyapihna urang sabrang.*

**

*Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da puguh titisan
raja ; rajaanyar hese apes ku rogahala !Ti harita, ganti deui jaman. Ganti
jaman ganti lalakon ;*



*IRAHA ?*

*Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku
bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan.
Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajanalain teureuh Pajajaran. Laju
ayadeui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu meunang
dibuka,nangtungkeun panto teu beunang ditutup, nyieun paneuran di tengah
jalan. Miara heulang dina caringin. *

**

* *

*Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya eujeung
ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. Sakalina aya nu
wani ngageuing: nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu
ngelingan.Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui
nyembah berhala.*



*Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan ; da nu
ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan tarate hepe sawareh, kembang
kapas hapa buahna ; buah pare loba nu asup kana aseupan .....Da bonganna, nu
ngebonna tukang barohong ; nu tanina ngan wungkul jangji ; nupalinteur loba
teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna
sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut,ngageuingkeun nu keur sasar,
ngelingan ka nu paroho. Tapi heunteu diwararo !Da pinterna kabalinger,
harayang meunang sorangan. Arinyana teu arengeuh, lagi tanggeus semu
beureum, hasep ngebul tina pirunan. Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu
janggotan, ku ariyana di tewak diasupkeun kapengberokan. Laju ariyana
ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal ariyana
nyiar-nyiar pimusuheun. *



*Sing waspada ! Sabab engke ariyana,bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun.
Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi
dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan
kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana jaman :
Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato!Jayana buta - buta heunteu pati
lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah,loba somah anu pada
ngarep - ngarep caringin reuntas di alun-alu. Buta bakaljaradi wadal, wadal
pamolahna sorangan.*



*IRAHA MANGSANA ?*

* Engke mungeus tembong budak angon !Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero
dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara ! Nu barodo jaradi
gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung ! Matakna
garelut ? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek
hayang loba; nu boga hak marenta bagianana.Ngan anu areling caricing.
Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.Nu garelut laju rareureuh. Laju
kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian.Sabab warisan sakabeh beak,
beakna ku nu nyarekel gadean.*



*Buta -buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungit nanagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum di
tihangan ku hanjuang. Nareangan budak tumbal, Tapi, Sejana dek marenta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parinda hka Lebak
Cawene !!Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.*



*DARENGEKEUN!*

*Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di susul
ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda di sasambat, urang
Sunda ngahampura.Hade deui sakabehanana. Banguna ngahiji deui. Mangsa jaya,
jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti mana
asalna eta Ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak
angon ! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk katukang ! *

*
http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/uga-wangsit-siliwangi-salengkepna/424296679474
*

*
*

Kirim email ke