Wah hebat oge ieu Kang Ii. Leres aya nu nyarioskeun kitu. Engke kaluarna jaman Parikesit, Urayana, Udrayaka.
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote: > > Bah AA ari dinu versi anu sok wiwayangkeun teu bilukna Baladewa teh dibobodo > ku Kresna kudu tapa bari nampanan siki asem > > Cenah lamun siki asem jadi kakara meunang rengse tapana. Kitu sanes nya? > > Punteh Bah, hoyong terang versi wayangna oge kumaha ? > > > > Nuhun > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Monday, August 23, 2010 12:09 PM > To: kisunda; urangsunda > Cc: [email protected]; grek_2...@... > Subject: [kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-21 > > > > > > > Barang ningali Kresna tos gugah enggal wae Suyudhana mihatur, da sieun > kapayunan ku Arjuna:"Eh Kresna, geus lila pisan Kaula nungguan sampeyan; > ari maksud Kaula datang ka ieu tempat teh, taya lian rek ngabejaan yen > perang antara sadulur teureuh Bharata bakal kajadian; ku sabab kitu Kaula > ngaharep pisan sampeyan bakal milu perang, di pihak Astina. Kaula jeung > sampeyan dulur; kitu deui Pandawa jeung sampeyan. Dua pihak, boh Kurawa > boh Pandawa aya kaiket ku duduluran, taya bedana. Ngan wae Kaula nu datang > mimiti ka ieu tempat." > > Kresna unggut2an we bari mesem ngabandungan Duryodhana sasauran; saparantos > Suyudhana liren nyariosna; enggal ngandika:"Eladalah, jadi ayeuna Bharata > Yudha > teh bakal kajadian ? Nya Kaula ge sigana mah kudu biluk ka salah shiji > pihak; antara > Kurawa jeung Pandawa. Sampeyan nyebatkeun yen sampeyan nu ti heula > sumping ka dieu. Mungkin oge bener. Tapi nu pangheulana katingal ku Kaula > teu aya > lian, ti Parta. Ku sabab kitu; supaya adil, Kaula moal rek beurat sabeulah, > sabab boh > ka Kurawa boh ka Pandawa; Kaula aya iketan duduluran. Jadi mun Kula biluk ka > Kurawa kumaha Pandawa? Atuh mun Kula biluk ka Pandawa, kumaha deuih Kurawa? > Tah ku sabab kitu, supaya adil Kula bakal ngabagi dua ti pihak Kaula. Nya > eta Kula > sabage pribadi; jeung Pasukan Kula nu dipimpin ku Panglima Kritamarma jadi > bagean > lain ti Kaula. Ku sabab Arjuna nu katempo ku Kaula, mangkana Arjuna bakal > dibere > hak MILIH ti heula. Naha bakal Milih Kresna sacara pribadi; tapi Kresna moal > milu > perang silih telasan; ngan saukur biluk wungkul; bari teu perang? Atawa > milih > Panglima Kritamarma jeung sagemblengna pasukanana nu bakal toh pati jiwa > raga, > milu di na sakabeh peperangan ? pek pikirkeun? Milih mana? Naha milih Kresna > nu > teu milu perang ? Atawa milih Kritamarma jeung sakabeh pasukanana ?" > > Dananjaya bingah manah, siga nu teu dipikir deui enggal wae matur:"Kaula > bakal > milih Kresna sacara pribadi, najan teu milu perang oge." > > Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri, sang Duryodhana. > Gerentes manah Duryodhana:"Bodo ieu si Arjuna! keur naon milih Kresna? > Kapan moal rek perang? Kalah ka olok tombok we. Kaula bakal untung sabab > meunang bantuan Pasukan Dwarawati u dipimpin ku Kritamarma nu sakitu kuatna? > Enyaan bodo katotoloyoh tah si Arjuna !" > > Enggalna bae Suyudhana pamit ka Kresna , bade neraskeun perjalanan ka > Madura. > Ari Kresna enggal miwarang Panglima Kritamarma sareng pasukanana mangkat ka > Astina kanggo ngarojong Astina merangan Pandawa. Arjuna guligah pisan, margi > > kanggo anjeunna Kresna sacara pribadi langkung ageung hargana, ti batan > Kritamarma sareng sagemblengna pasukan. Masing Kresna teu ngiring perang > oge. > > Caturkeun Suyudhana sumping ka Madura, ditampi kalayan daria ku Baladewa. > Enggalna Suyudhana nyarioskeun yen perang Bharata Yudha bakal kajadian; > anjeunna nyuhunkeun Baladewa aya dipihak Kurawa. > > Saur Baladewa:"Hade, memang Kula leuwih condong ka andika Suyudhana ? > Tapi kumaha Kresna adi Kaula ? Naha geus diajakan tawa tacan ?" > > "eeuu......... nya atuh; Kresna maparin Panglima Kritamarma nu gagah jeung > sagemblengna pasukan. Kula bingah pisan. Sok atuh ayeuna sampeyan oge, > Kaula bungah pisan mun sampeyan daek biluk ka Kurawa !" > > "Alus tah mun Kritamarma geus daek bela ka Kurawa mah. Tapi ke ari Kresna > kumaha ?" > > "Ah keun we lah Kresna mah, teu penting. Manehna enya biluk ka Pandawa, tapi > moal > perang da, jadi percuma we milu ari teu perang mah, keur naon lain? teu > guna2? > Tah hayu atuh sampeyan mah biluk we ka Kurawa." > > "Hehehehe, yeu Suyudhana, Kula jeung Kresna can ngajaran misah; mun Kresna > perang tangtu kula ge perang; mun Kula perang jeung musuh saha wae; tangtu > Kresna ge pipilueun. Tah ku sabab kitu Kaula moal daek perang dipihak dimana > bakal > jadi MUSUH Kresna, masing Kresna teu perang oge! Jadi hajakal di na hal ieu, > Kaula moal daek pasanghareup sanghareup perang ngalawan Kresna. Kula mah > ayeuna ngan ukur bisa ngado'akeun mudah2an sampeyan bisa meunang perangna." > > Rada hanjelu Suyudhana, tapi teu seueur saur, teras wae mulih. Enggal > laporan > ka Sakuni. > > Hanca > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
