Bapa si kuring bah AA anu sok ngadongengkeunana, bari jeung teu eces ieu oge da meunang ngaji kuping,,, dibukana ti mimiti nabi Sis cenah. Teras geuning lamun lalajo wayang mah galur na teh ngan saukur ka dupak atawa ka toel,,,, jigana sangkan teu monoton.. ari si kuring justru hoyong terang jejer.. Tah ayeuna aya ti bah AA ,,,pencerahan..
Nuhun From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Sent: Monday, August 23, 2010 7:51 PM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Samemeh Bharata Yudha ka-21 Wah hebat oge ieu Kang Ii. Leres aya nu nyarioskeun kitu. Engke kaluarna jaman Parikesit, Urayana, Udrayaka. --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote: > > Bah AA ari dinu versi anu sok wiwayangkeun teu bilukna Baladewa teh dibobodo > ku Kresna kudu tapa bari nampanan siki asem > > Cenah lamun siki asem jadi kakara meunang rengse tapana. Kitu sanes nya? > > Punteh Bah, hoyong terang versi wayangna oge kumaha ? > > > > Nuhun > > From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Monday, August 23, 2010 12:09 PM > To: kisunda; urangsunda > Cc: [email protected] <mailto:tasik%40yahoogroups.com> ; grek_2...@... > Subject: [kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-21 > > > > > > > Barang ningali Kresna tos gugah enggal wae Suyudhana mihatur, da sieun > kapayunan ku Arjuna:"Eh Kresna, geus lila pisan Kaula nungguan sampeyan; > ari maksud Kaula datang ka ieu tempat teh, taya lian rek ngabejaan yen > perang antara sadulur teureuh Bharata bakal kajadian; ku sabab kitu Kaula > ngaharep pisan sampeyan bakal milu perang, di pihak Astina. Kaula jeung > sampeyan dulur; kitu deui Pandawa jeung sampeyan. Dua pihak, boh Kurawa > boh Pandawa aya kaiket ku duduluran, taya bedana. Ngan wae Kaula nu datang > mimiti ka ieu tempat." > > Kresna unggut2an we bari mesem ngabandungan Duryodhana sasauran; saparantos > Suyudhana liren nyariosna; enggal ngandika:"Eladalah, jadi ayeuna Bharata > Yudha > teh bakal kajadian ? Nya Kaula ge sigana mah kudu biluk ka salah shiji > pihak; antara > Kurawa jeung Pandawa. Sampeyan nyebatkeun yen sampeyan nu ti heula > sumping ka dieu. Mungkin oge bener. Tapi nu pangheulana katingal ku Kaula > teu aya > lian, ti Parta. Ku sabab kitu; supaya adil, Kaula moal rek beurat sabeulah, > sabab boh > ka Kurawa boh ka Pandawa; Kaula aya iketan duduluran. Jadi mun Kula biluk ka > Kurawa kumaha Pandawa? Atuh mun Kula biluk ka Pandawa, kumaha deuih Kurawa? > Tah ku sabab kitu, supaya adil Kula bakal ngabagi dua ti pihak Kaula. Nya > eta Kula > sabage pribadi; jeung Pasukan Kula nu dipimpin ku Panglima Kritamarma jadi > bagean > lain ti Kaula. Ku sabab Arjuna nu katempo ku Kaula, mangkana Arjuna bakal > dibere > hak MILIH ti heula. Naha bakal Milih Kresna sacara pribadi; tapi Kresna moal > milu > perang silih telasan; ngan saukur biluk wungkul; bari teu perang? Atawa > milih > Panglima Kritamarma jeung sagemblengna pasukanana nu bakal toh pati jiwa > raga, > milu di na sakabeh peperangan ? pek pikirkeun? Milih mana? Naha milih Kresna > nu > teu milu perang ? Atawa milih Kritamarma jeung sakabeh pasukanana ?" > > Dananjaya bingah manah, siga nu teu dipikir deui enggal wae matur:"Kaula > bakal > milih Kresna sacara pribadi, najan teu milu perang oge." > > Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri, sang Duryodhana. > Gerentes manah Duryodhana:"Bodo ieu si Arjuna! keur naon milih Kresna? > Kapan moal rek perang? Kalah ka olok tombok we. Kaula bakal untung sabab > meunang bantuan Pasukan Dwarawati u dipimpin ku Kritamarma nu sakitu kuatna? > Enyaan bodo katotoloyoh tah si Arjuna !" > > Enggalna bae Suyudhana pamit ka Kresna , bade neraskeun perjalanan ka > Madura. > Ari Kresna enggal miwarang Panglima Kritamarma sareng pasukanana mangkat ka > Astina kanggo ngarojong Astina merangan Pandawa. Arjuna guligah pisan, margi > > kanggo anjeunna Kresna sacara pribadi langkung ageung hargana, ti batan > Kritamarma sareng sagemblengna pasukan. Masing Kresna teu ngiring perang > oge. > > Caturkeun Suyudhana sumping ka Madura, ditampi kalayan daria ku Baladewa. > Enggalna Suyudhana nyarioskeun yen perang Bharata Yudha bakal kajadian; > anjeunna nyuhunkeun Baladewa aya dipihak Kurawa. > > Saur Baladewa:"Hade, memang Kula leuwih condong ka andika Suyudhana ? > Tapi kumaha Kresna adi Kaula ? Naha geus diajakan tawa tacan ?" > > "eeuu......... nya atuh; Kresna maparin Panglima Kritamarma nu gagah jeung > sagemblengna pasukan. Kula bingah pisan. Sok atuh ayeuna sampeyan oge, > Kaula bungah pisan mun sampeyan daek biluk ka Kurawa !" > > "Alus tah mun Kritamarma geus daek bela ka Kurawa mah. Tapi ke ari Kresna > kumaha ?" > > "Ah keun we lah Kresna mah, teu penting. Manehna enya biluk ka Pandawa, tapi > moal > perang da, jadi percuma we milu ari teu perang mah, keur naon lain? teu > guna2? > Tah hayu atuh sampeyan mah biluk we ka Kurawa." > > "Hehehehe, yeu Suyudhana, Kula jeung Kresna can ngajaran misah; mun Kresna > perang tangtu kula ge perang; mun Kula perang jeung musuh saha wae; tangtu > Kresna ge pipilueun. Tah ku sabab kitu Kaula moal daek perang dipihak dimana > bakal > jadi MUSUH Kresna, masing Kresna teu perang oge! Jadi hajakal di na hal ieu, > Kaula moal daek pasanghareup sanghareup perang ngalawan Kresna. Kula mah > ayeuna ngan ukur bisa ngado'akeun mudah2an sampeyan bisa meunang perangna." > > Rada hanjelu Suyudhana, tapi teu seueur saur, teras wae mulih. Enggal > laporan > ka Sakuni. > > Hanca >
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
