BASA LULUGU JEUNG BASAPRAJA BASA LULUGU JÖŊ BASAPRAJA TARÉKAH SAŊKAN LANA*)
by Richadiana Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on
Saturday, August 28, 2010 at 7:55pm

*BASA LULUGU JEUNG BASAPRAJA*

*BASA LULUGU JÖŊ BASAPRAJA*

*TARÉKAH SAŊKAN LANA*)*

Ku Ayatrohaédi

(Ruruntuk pagawé nagri)

*Pamuka*

Taun 1864 Pamaréntah Hindia Walanda mindahkön pakәmitan *Preanger
Regent-schappen *ti Cianjur ka Banduŋ. Dibandiŋkön jöŋ Batawi (nu diawalan
ku Kalapa, néma ka Jayakarta, Batavia, mәntog di Jakarta), Buitenzorg
(awitna mah Pakwan Pajajaran tur ayöna nәlah Bogor), Sumәdaŋ
(mataholaŋna *diwastu
diya diŋaran *Kutamaya), Ciamis nu karuhunna sohor Galuh téa), atawa Cirәbon
(jujutanana ti Caruban, Sarumban, Carbon, malah kuŋsi diwalandakön jadi
Cheribon), Banduŋ téh orok kénéh pisan. Mun harita gupernur jéndral H.W.
Daendels nu kamashur katelah Mas Galak téa tö boga hojah ñiön dayöh añar
saŋkan tö jolok töiŋ mah, sigana tug tәpi ka kiwari ogé uraŋ moal boga dayöh
*maŋaran *Banduŋ nu jadi kaagul katut karöös urang saréréa, kaasup
pisaröksökönana.



Saŋgös *dibәnum *jadi pakәmitan, orok téh morontod, boŋsor. Bubuhan sagala
ka-pәrluanana dipupujuhkön pisan. Paŋpaŋna nu aya hubuŋanana jöŋ atikan,
pamaréntahan, kabudayan, talimarga, jöŋ lian-lianna. Di antarana, ŋadәgkön
sakola nu ŋajarkön basa Sunda. Basa Sunda nu diajarkön, taŋtuna ña anu
kiwari ku uraŋ saur manuk disәbut *basa lulugu *téa.



*2. Nu kumaha basa lulugu téh?*

Lantaran Banduŋ jadi pakәmitan tur sakola nu ŋajarkön basa Sunda ogé
babakuna aya di diña, munasabah pisan mun aya aŋgapan yén nu disәbut *basa
lulugu *téh ña basa uraŋ Banduŋ, dialek atawa *basapraja *Banduŋ. Kuma tö
rek kitu göra. Kapan D.K. Ard-winata (nu sok sanajan bapana uraŋ Bugis) nu
bukuna loba digunakön minaŋka bacaan di sakola, matuh di Banduŋ. Atuh
Suriadiraja, guru basa nu ñusun sawatara buku ajar jöŋ bacaan basa
Sunda (*Panjoengsi
Basa, Gandasari*) ogé sarua, matuh di Banduŋ.



Ku kituna, lamun dina Koŋrés Basa Sunda taun 1927 aya nu nulis makalah nu
ösi-na maŋrupa patarosan, “(kәcap-kәcap) basa wәwәŋkon mana döi nu bisa
diasupkön kana basa lulugu?”, sahәntöna ogé ña matak jadi patarosan. Atawa,
jadi alәsan pikön nétélakön yén ari kitu mah basa lulugu téh lain basapraja
Banduŋ, copelna ña tö sarua (sagәmblәŋ-na) jöŋ basa uraŋ Banduŋ. Ku kituna,
basa lulugu basa Sunda mah hәntö tuturut mundiŋ ka döŋön. Kapan cék
para *widyabasaman
*mah, nu disәbut basa lulugu basa Pәrancis ña éta basapraja Paris, Iŋgris
basapraja London, Sәpañol basapraja Madrid. Umumna basa-praja dayöh nu jadi
pakәmitan nagarana. Nu rada béda téh basa lulugu Itali: lain basa-praja
Roma, tapi basapraja Firenza atawa Florence, lantaran Dante Alighieri,
sastrawan Itali nu kacida kawәntarna, matuh di éta dayöh.



Patarosan dina koŋrés bisa disurahan yén basa lulugu Sunda nu diajarkön téh,
ari kitu mah *ŋahaja* *dijiön*! Saha nu ñiönna? Babari ñukcrukna: Moal saha,
taŋtuna ña Suria-diraja. Sahәntöna anjönna ŋiriŋ marajian morojolna orok nu
jadi basa lulugu. Sok sanajan tö cәples, jasa Suriadiraja téh tö kuraŋ ajen
mun dibandinŋkön kana jasa Einar Haugen, jalma nu ŋalantarankön uraŋ
Norwegia kiwari boga basa soraŋan. Kapan saméméhna mah, maŋsa Norwégia masih
kabawah ku Dénmark, nu aya téh ukur basa Dénmark basapraja Norwégia. Saŋgös
jadi nagara katut baŋsa nu sapantar, satata, sadarajat boh jöŋ Dénmark boh
jöŋ Swédia, Haugen boga pamadәgan: hadéna mah nagara baŋsa nu mandiri boga
basa soraŋan. Saŋkan kacapaŋan *basa cicirén baŋsa *ulah saukur kaagul uraŋ
Sunda. Padahal dina pakumbuhan sapopoé maŋsa kiwari, nu löwih sәriŋ
kabanduŋan téh, lamun lain basa Batawi atawa basa Malayu, ña basa nu siga
basa Iŋgris!



Haugen taya röröhna, taya bosәnna “ŋadagaŋkön” basa ciciptanna, ŋagunakön
meh sakumna sarana nu kaәroŋ bias ŋarojoŋ usaha. Babakuna ña sarana atikan,
bacaan, tulisan, bari taŋtuna tara poho kana maksudna. Hasilna? Uraŋ
Norwégia kiwari boga basa soraŋan, basa Norwégia, sok sanajan ari nurutkön
widyabasa mah éta téh ukur basapraja basa Dénmark.



*3. Ari basapraja, naon?*

Dumasar kәkәcapanana mah, *basapraja *bisa dirucat jadi *basa *jöŋ
*praja. *Duana-na
ogé kәcap nu kacida lomana dina pakumbuhan uraŋ. Kapan aya *kotapraja,
swapraja, pamoŋpraja, *lain*? *Dalah kiwari nambahan ku *pulisi praja *nu
lain pulisi, sarua jöŋ *gubәrnur jendral *atawa *sekretaris jendral *nu tö
kudu jéndral. Kapan maŋsa dijajah ogé, boh ku Kumpәni boh ku Hindia Walanda,
di sakuliah Indonésia ŋan aya sauraŋ nu jadi gubәrnur jéndral téh. Mana
urusan réréana mah bérés (sok sanajan kumaha ñurahanana ogé!). Saŋgös
mәrdika, babakuna jaman orba, meh kabéh kaluŋguhan gubәrnur dicaŋkiŋ ku
jéndral. Atuh kaharti mun urusan jadi löwih pakucrut ogé!



Tapi, saŋgös “dikawinkön” jadi *basapraja, *göniŋ réa nu araya di diö ogé
kәruŋ? Ah, löwih loma kana istilah atawa kәcap *dialék, *öy! komәntarna.
Tah, istilah *dialék *nu aya réŋkolna dina surat ogé: “Ngahirup-huripkeun
Basa Sunda Lulugu jeung Dialék”, kitu unina (sabab ñutat, éjahanana ogé
sakumaha buktina waé). Saәñana, sakuraŋ-kuraŋ-na sabasasundaön,
istilah *basapraja
*löwih mәrәnah manna *dialék*. Kapan hartina *basapraja *téh ‘basa nu
digunakön ku praja atawa rahayat (di daérah atawa wәwәŋkon), padahal istilah
*dialék *nah sahәntöna kudu bari iŋәt kana sajarah sagala!



Méré ŋaran hiji basapraja téh bisa babari, tapi tö mustahil hésé. Babari da
uŋgal padumukan ogé bisa dipaké pikön ŋaranan basa sapopoé maranéhna.
Lantaran babari, jadi hésé muguhkön. Aya basapraja Priangan, tapi ogé aya
basapraja Sumәdaŋ, basapraja Buahdua, basapraja Ujuŋjaya. Aya basapraja
Cirәbon, Majalәŋka, Jatiwaŋi, Buntu, Əntuk. Ti nu ŋawәŋku karәsidénan,
kabupatén, kawadanan, kacamatan, désa, nәpi ka dukuh.



Hartina, nәpi ka kiwari ogé, sawala ŋönaan basa jöŋ basapraja can réŋsé.
Barina ogé, tö kudu diréŋsékön, ŋarah para widyabasaman tö wәléh boga hanca.
Aya éta ogé nu gös disaluyuan mah ŋönaan naon nu disәbut basapraja téh.
Cenah, basapraja téh ñaéta pacaturan nu digunakön di hiji pakumbuhan, nu aya
bédana jöŋ pacaturan di pakumbuhan lian (babakuna nu nataŋga), ŋan hәntö ari
nәpi ka talimarga tö ñambuŋ mah, bubuhan éta pakumbuhan téh masih kawәŋku ku
basa nu sarua. Sok sanajan aya waé salah paham mah, babakuna mun aya kәcap
nu sarua tapi béda hartina. Babakuna kәcap nu aya patalina jöŋ kaayaan éta
pakumbuhan. Contona, mun urang Kuniŋan ñәbut *giraŋ, *maksudna pasti
‘kulon’. Padahal, pikön uraŋ Jatiwaŋi hartina ‘kidul’, ari kör uraŋ Ciamis
‘kalér’. Boa kör uraŋ Tasik mah hartina ‘wétan’. Nu jadi cukaŋ lantaran
gunuŋ Cirәmay nu ŋalaŋlauŋ di diña, tәmpat mimiti ŋamalirna waluŋan di
daérah éta …



Aya döi cara ŋaranan basapraja. Hәntö dumasar ŋaran tәmpat kumaha kahayaŋ nu
miboga eta pacaturan. Nu iö mah dasarna téh pangawәruh basa. Mun sög
dititenan, uraŋ Sunda di daerah pawetanan, kayaniŋ Tasik, Ciamis, Majalәŋka,
Kuniŋan, jöŋ Sumәdaŋ, tö sirikna uŋgal ŋambәkan wae kәdal ucap *pakbәlәdug,
paksәŋok, *atawa *pakgubrag *téh. Padahal uraŋ pakulonan (Banduŋ, Cianjur,
Sukabumi, Bogor parat ka Bantәn) dina kәdalna ogé *ŋabәlәdug, ŋagubrag, *töiŋ
kumaha ari *paksәŋok *mah. Dumasar cirri-ciri nu aya dina pacaturanana, moal
aya basapraja Priaŋan atawa Bantәn téh; nu aya ñaeta basa-praja *pak- *jöŋ
basapraja *ŋa-. *Cara séjénna, kahirupan sapopoé nu digunakön téh. Upamana
waé, kumaha disәbutna ‘kapala désa’ di pakumbuhan. Mun iö nu dipaké, mörön
nu aya téh basapraja *jaro, lurah, *jöŋ *kuwu. *



*4. Kumaha tarékah saŋkan lana?*

Jadi, manan maseakön basapraja mana nu masih bias diasupkön kana basa
lulugu, löwih ŋabadamikön kumaha tarekahna saŋkan boh basa lulugu boh
basapraja bisa lana di-gunakön dina pakumbuhan sapopoé. Lain sakaiŋәt lamun
ti aŋgalna kénéh aya dua ŋaran nu disabit-sabit: Suriadiraja jöŋ Haugen téh.
Maksudna, batan hésé néaŋan carana, asa löwih hadé nurutan hojah éta dua
inohoŋ. Kapan saәñana mah éta-éta kénéh waé nu tәpi ka kiwari digunakön ogé.
Nu béda téh ukur carana, kawantu kiwari mah téknologi gös mәlәsat kadia
kilat. Hartina, saranana mah éta-éta kénéh, ŋan kudu ŋamaŋpaatkön
tékno-logi.



Jadi, sarana nu éta-éta kénéh téh maŋrupa atikan, bacaan, sawala, aturan
(ka-wijaksanaan). Dina söhsöhanana, kabéh ogé ñokona dina kawijaksanaan, di
antara nu ŋa-jirim dina dasar hukum, tujuan, cara, sarana atikan. Lian ti
eta, tö kuraŋ-kuraŋ pәntiŋna ña taŋtuna ogé “bahan atahna”: murid. Tapi
murid mah rék dikumahakön ogé nurut waé, da puguh tö tәraŋ nanaon.



Ku kituna, lamun nәpi ka kajadian walikota Taŋәraŋ kuŋsi brukbrak balaka
moal rék ŋajarkön basa daérah (Sunda) di daérahna, tö salah-salah töiŋ.
Sabalikna, éta téh tö bәnәr. Alәsanana, masrakat Taŋәraŋ dina pakumbuhan
sapopoé méh tara ŋagunakön basa Sunda; jadi jaŋ naon ŋaajarkön nu méh
mubadir? Hanjakalna, nolak basa daérah sabab mubadir, tapi ŋahucuhkön basa
Iŋgris ti teka kénéh! Sarua mubadirna mah, ŋan basa Iŋgris mah aya onjoyna:
dina maŋsana barudak téh pasti kudu diajar basa Iŋgris. Kapan para pamiŋpin
ogé tara kәndat mәcut saŋkan para nonoman dialajar basa kosta (babakuna ña
basa Iŋgris), cәnah mah “untuk mәŋәjar ketәrtiŋgalan di bidaŋ ilmu dan
téknologi”. Pañaŋkana, mun rek jadi ahli ñiön jajamu, tәtәp kudu bisa basa
Iŋgris, lain basa Jawa, Sunda, atawa Bali …



Sigana walikota Taŋәraŋ kitu kalakuan téh lantaran basa daérah (Sunda) dina
kurikulum kiwari dijadikön *muatan lokal *nu bisa naon baé anu moal
diujikön. Padahal baréto mah basa daérah jadi basa paŋantör nәpi ka kәlas
tilu; ti kәlas opat jadi mata ajar wajib (di SR, lain di SD!).



Padahal Koŋrés Pamuda Sunda satәŋah abad nu kaliwat, dina salah sahiji
hasilna ŋadoŋsok Pamaréntah saŋkan ŋajuŋjuŋ luŋguh basa daérah jadi basa
rәsmi kadua di daérahna masiŋ-masiŋ. Padahal, réa pisan warisan karuhun nu
can kaboŋkar naon waé ösina, lantaran kiwari nu bias maca naskah buhun
jumlahna ukur wәwәlasan, ari naskahna dina hәntö ŋarewu ogé, ukur ŋaratus
mah pasti …



Lian nu dituliskön dina basa lulugu (ah, harita mah can aya basa lulugu
kétah!), naskah buhun tö kuraŋ-kuraŋ nu dituliskön dina basapraja. Kaasup nu
dina basa Cirәbon. Ku kituna, basapraja ogé kuduna mah ulah diharamkön
diajarkön, maŋrupa cukaŋ saŋkan ŋarti basa lulugu.



*5. Pamunah*

Antukna mah kabéh ogé mulaŋ ka uraŋ. Kapan saur Haji Hasan Mustapa
ogé, *Ŋalantuŋ
batur sakuruŋ kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ kuriŋ pakuraŋ pakuraŋ kuraŋ pakuraŋ
pakuriŋ kuriŋ pakuriŋ pakuraŋ kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ*

*
http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/basa-lulugu-jeung-basapraja-basa-lulugu-jon-basapraja-tarekah-sankan-lana/425968569474
*

*
*

Kirim email ke