Sababaraha poe katukang dina TVone aya reportase soal urang Jawa di Suriname.
Saperti luluhurna, urang Jawa Suriname oge mayoritas agamana Islam. Nu aneh
jeung rada lucu, aya sabagian urang Jawa Islam suriname umpama sholat teh tetep
kiblatna ka KULON ...hehehe lain ka wetan, padahal Suriname sacara geografi mah
ayana di kuloneun Mekkah, jadi sholatna kuduna nyanghareup ka wetan lain ka
kulon. Meureun baheulana akibat ku teu nyaho Suriname kuloneun Mekkah. Mimiti
tina "kateunyahoan" diteruskeun kana kasatiaan kana tradisi karuhun, sabagian
urang Jawa Suriname, sanajan ayeuna geus nyaho, keukeuh we sholat teh kudu
ngulon. Tapi aya oge nu geus narima yen baheula teh "salah", sholatna
dibenerkeun jadi nyanghareup ka wetan. Alhasil di Suriname aya masjid nu
ngiblat wetan jeung aya oge masjid nu ngiblat ngulon. Untungna teu siga di
urang, nu sok saling salahkeun, di Suriname beda arah kiblat ieu, teu jadi
masalah nanaon, saling hargaan wae.
Hiji conto, lamun jauh teuing, sakapeung sok teu saluyu jeung aslina ....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/