cobi geura aos bukuna. dongengna rame.  

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- Pada Sen, 30/8/10, Wilistya Redanta <[email protected]> menulis:

Dari: Wilistya Redanta <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 30 Agustus, 2010, 4:29 AM







 



  


    
      
      
      Bapa nu sakitu saktina diudag2 ku putra sareng incuna... Asa teu boga 
tatakrama eta anak jeung incu teh.. Tapi mun ningali sosok Prabu Kian 
Santang/Cakrabuana sareng Sultan Syarif Hidayatullah nu sakitu solehna, asa teu 
mungkin anjeuna kitu ka kolot.  
Tapi mun eta bener kajadian, pantes wae kaayaan nagara urang ayeuna kos kieu 
ayana....
 
Wilistya.


--- Pada Sen, 30/8/10, Ahmad Sahidin <[email protected]> menulis:


Dari: Ahmad Sahidin <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 30 Agustus, 2010, 8:05 AM


  





nya urang dangoan heula sugan we aya deui pamendak nu langkung mencrang :)

Eta kuring maca novel Prabu Siliwangi (dua jilid) karya E Rokajat Asura, PS teh 
diudag-udag ku putra jeung incuna: Cakrabuana jeung Sunan Gunung Djati sangkan 
asup Islam. Tapi PS alimeun, ngan teu ngalarang anak incuna nyebarkan di Tatar 
Sunda sareng mere kabebasan ka rahayat sareng pengikutnya2.

Teras mun maca novel kenging Saini KM "Seri Kesatria Hutan Larangan" (tilu 
jilid) meuni katinggal aman tentrem karajaan nu dipimpin PS teh. Bahkan, aya 
pasukan khusus sagala nu ngarana Puragabaya; satengah pandita satengah jawara.  

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- Pada Ming, 29/8/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:


Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
Kepada: [email protected]
Tanggal: Minggu, 29 Agustus, 2010, 2:48 PM


  

Ngeunaan agama Prabu Siliwangi (PS) memang matak pogot ngadiskusikeunana. Anu 
jelas, soal agama anu diagem di Sunda harita monotheisme eta tos jadi 
kacindekan sababara panalungtik. Parios, upamana wae, seratan p Saleh 
Danasasmita alm. Tah, naha monotheisme eta aya dina pigura Islam atawa henteu, 
eta pasoalan sejen. Ngeunaan Islamna anu mana - naha, upamana, Sunni NU, Sunni 
Wahabi atawa Syi'i jst - eta oge pasoalan saterusna.

Kuring boga hipotesa sawatara ieu, yen dina enyana PS asup Islam, tapi Islam 
anu dianutna teh lain Islam anu mentingkeun dimensi ritual, tapi leuwih kana 
Islam anu esensina wae atawa dina sawangan dimensi mah Islam dimensi mistikal 
jeung sosialna wae. Urang teruskeun ieu hipotesa: alasan tindakan PS harita 
nyokot jalan anu eta taya lian kaayan masyarakat anu sakitu pluralna dina 
nganut agama. Di Sunda harita geus aya Hindu jeung Sunda wiwitan anu geus ti 
heula, Budha oge (Talaga), Kristen geus asup, oge Islam. PS kudu
 merhatikeun kaayan anu plural ieu di jero masyarakatna. PS kudu ngajaga 
karukunan masyarakatna kaasup karukunan dina widang kahirupan agama.

Sawatara ti eta, anu kapendak ku PS Islam dina main stream teh nyaeta Islam anu 
dijadikeun alat pikeun ngalegaan kakawasaan. Kaayan harita  lebah dieu tiasa 
dipaluruh dina buku sajarah, kumaha kaayaan jeung kamekaran karajaan anu 
basisna Islam (Banten, Demak, Cirebon, jst) anu henteu luput tina rebutan 
kakawasaan. Munasabah upama karajaan Sunda harita anu kakepung - kungsi 
kabelejog - menta bantuan atawa nyieun fakta kerjasama pertahanan jeung 
Portugis anu geus mangkal di Malaka (padahal kabuktian, Portugis datangan ka 
Nusantara oge mawa spirit ngajajah alias mekarkeun kakawasaan).

Kuring ngabayangkeun PS hanjelu nyaksian kaayaan harita. Agama anu sakuduna 
mawa katengtreman malah dijadikeun dadasar mekarkeun kakawasaan. Karana sakitu, 
hipotesa kuring ngeunaan PS anjeunna nyepeng agama teh lain
 agama keur mertahankeun kakawasaan dina harti vulgar. Tapi agama anu esensina 
pikeun katengtreman hirup. Karana sakitu, anjeunna henteu maksakeun hiji agama 
pikeun dianut ku sakumna masyarakatna. Malah, ka agama Islam anu anyar datang, 
anjeunna mere kasempetan ku masrahkeun wewengkon Cirebon ka puterana / 
katurunana (anu kabehdieunakeun ieu Cirebon kolaborasi jeung Banten merangan 
Pajajaran).

Kuring teu rek biluk kamana-mana, sabab nya kitu kamekaran sajarah. Mana kitu 
oge sejarah urang Sunda kudu ngalaman pergolakan saperti kitu. Ngan, upama tea 
mah aya anu bisa diconto, nya sikep anu mentingkeun katengtreman ieu payus 
upama ku urang dikali leuwih jero deui pikeun dilarapkeun mangsa ayeuna jeung 
pikahareupeun.

Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek hipotesa 
atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah Sunda jaman 
harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan bukti-buktina oge
 masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, kamari kuring ngobrol 
jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur nalungtik prabu Borosngora tina 
sisi basa (istilah). 

Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa" (boros = 
gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus dilantik 
jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa harita, raja ngora 
atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu Wastukancana anu 
diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun (sakumaha kaunggel dina 
naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna Sunda sejenna) nalika ramana 
(Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina naskah, Prabu Wastukancana 
dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon kitu keneh ceuk carita rakyat 
Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. 

Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti Mangkubumi 
(raina
 Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun "istana" anu di Cipanjalu 
eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan geus jadi kabiasaan nepi ka 
ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok boga tempat peristirahatan atawa 
istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman baheula, saurna.

Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk legenda, 
Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras pependak 
sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai dina siwur 
karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana (kamampuan mawa cai 
dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen lamun geus bisa mawa cai 
dina siwur karancang hartina geus papangih jeung agama atawa ajaran sajati anu 
ditareangan ku manusa pikeun kasalametan hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun 
ka hiji lengkob anu engkena jadi situ Lengkong ayeuna.

Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda
 mah geus jadi kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka 
generasi saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, 
sindir, siloka jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina 
lebah dieu, sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas 
raratanana (ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku 
simbol atawa 4S tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge 
kaasup 4S) 

Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa dibuktikeun, 
bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan Sunda teh memang 
geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, wayahna kudu sabar, ieu 
perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen sareng jurusan sastra Sunda 
Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah anu mawa katerangan anu 
nyaangan urang sadaya.

Cag heula.

manar
 .



 






  



 

 




2010/8/29 Mohammad zen <[email protected]>


  





oh enya punten Kang hehe... macana sakolebat...jadi salah justru didinya 
disebatkeun prabu biasana kanggo hindu kitu nya kang, saur cenah we ieu oge yen 
Prabu siliwangi teh ngegaman Agama minimal percaya monoteisme, mereun oge 
baheula di sunda oge aya nabi tapi teu terkenal make syareat jaman baheula..
aya oge tambihan info mengenai sunda jarang aya candi teu jiga jawa , jadi 
alamatna monoteisme cenah oge 
http://dadieditor.multiply.com/journal?&page_start=20
. ... hese da elmu cenah mah teu aya sahih, hasan, maudhu, dhaif na tapi 
mungkin lamun aya tim peneliti sunda khusus tiasa ngabungkus meureun kasimpulan 
samentarana hehe...





From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, August 29, 2010 8:46:26 AM
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam




  

Kang Zen,

Anu dina web link ti salira mah eta sanes PS (Sri Baduga) anu nuju 
dipadungdengkeun Islam-henteuna. Namung, nya teu nanaon keur ngeuyeuban 
informasi.

manar 


2010/8/28 Mohammad zen <[email protected]>






















seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring 
terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na mah 
islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda cenah.
didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last














    
     

    
    


 



  





Kirim email ke