naha enya boros teh gancang beak? lamun nu ngomong jiga kuring nu samasakali lain ahli basa sunda, ukur resep, tangtu definisi ieu teh moal nepi ka ditatanyakeun. ngan lantaran anjeunna teh dosen sastra (komo) sunda (komo) unpad, kuring jadi hayang ngomentaran ku pananya. tangtu wae ukur komentar jalma nu resep (wungkul) ka basa sunda.
basa kuring leutik, karesep teh ngadengekeun dongeng si rawing. lamun si rawing nu boga leungeung geheng ieu keur ngalalana, mileuweungan, manehna mah tara mawa bekel nanaon ti imah, estuning daharna teh ngandelkeun naon nu aya di leuweung. daging cangehgar, huhuian, jeung bongborosan. bongborosan, mun dipantarkeun ka pupucukan hartina sarupaning boros nu cek situs unpad mah contona teh temu lawak, temu kunci, jeung nu sejenna. mun boros nu gancang beak mah kuring apal sanggeus wawawuhan jeung basa indonesia. dina kbbi daring, boros memang dihartian cara eta, berlebih-lebihan dl pemakaian uang, barang, dsb. nu jadi pertanyaan kuring, naha kecap boros dina basa sunda teh hartosna naon atuh? naha ukur sarupaning temulawak, temukunci? atawa tiasa oge hartina teh gancang beak? inggis kuring mah, kusabab dimimitian ku nu salah, dosen sastra sunda unpad nu nuju nalungtik prabu borosngora teh nungtungan ku kacindengan nu salah. hatur nuhun, sareng punten... 2010/8/29 oman abdurahman <[email protected]> > > > > > Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek hipotesa > atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah Sunda jaman > harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan bukti-buktina oge > masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, kamari kuring ngobrol > jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur nalungtik prabu Borosngora > tina sisi basa (istilah). > > Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa" > (boros = gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus > dilantik jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa > harita, raja ngora atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu > Wastukancana anu diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun > (sakumaha kaunggel dina naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna > Sunda sejenna) nalika ramana (Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina > naskah, Prabu Wastukancana dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon > kitu keneh ceuk carita rakyat Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa > Pakel, Situ Lengkong. > > Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti Mangkubumi > (raina Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun "istana" anu di > Cipanjalu eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan geus jadi > kabiasaan nepi ka ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok boga tempat > peristirahatan atawa istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman baheula, > saurna. > > Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk > legenda, Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras > pependak sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai > dina siwur karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana > (kamampuan mawa cai dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen > lamun geus bisa mawa cai dina siwur karancang hartina geus papangih jeung > agama atawa ajaran sajati anu ditareangan ku manusa pikeun kasalametan > hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun ka hiji lengkob anu engkena jadi situ > Lengkong ayeuna. > > Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda mah geus jadi > kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka generasi > saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, sindir, > siloka jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina lebah > dieu, sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas > raratanana (ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku > simbol atawa 4S tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge > kaasup 4S) > > Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa > dibuktikeun, bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan > Sunda teh memang geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, > wayahna kudu sabar, ieu perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen > sareng jurusan sastra Sunda Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah > anu mawa katerangan anu nyaangan urang sadaya. > > Cag heula. > > manar . > > _,___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
