singet uing mah nu maksudna gancang gede mah "bongsor", enya kitu?
2010/8/30 oman abdurahman <[email protected]> > > > Aeh enya ketang nya, boros teh bisa jadi lain basa Sunda, atawa basa Sunda > serepan tina basa Indonesia (dina harti "gancang beak" mah). Ke urang > tanyakeun deui ka anjeunna. Ngan, bener wae, harita kuring oge teu taliti, > ditarima wae yen "boros" di dinya teh maksudna sarua jeung "tereh beak" > atawa "gancang beak" (ngorana). > > manar > > 2010/8/30 Dudi Herlianto <[email protected]> > > >> >> naha enya boros teh gancang beak? lamun nu ngomong jiga kuring nu >> samasakali lain ahli basa sunda, ukur resep, tangtu definisi ieu teh moal >> nepi ka ditatanyakeun. ngan lantaran anjeunna teh dosen sastra (komo) sunda >> (komo) unpad, kuring jadi hayang ngomentaran ku pananya. tangtu wae ukur >> komentar jalma nu resep (wungkul) ka basa sunda. >> >> basa kuring leutik, karesep teh ngadengekeun dongeng si rawing. lamun si >> rawing nu boga leungeung geheng ieu keur ngalalana, mileuweungan, manehna >> mah tara mawa bekel nanaon ti imah, estuning daharna teh ngandelkeun naon nu >> aya di leuweung. daging cangehgar, huhuian, jeung bongborosan. bongborosan, >> mun dipantarkeun ka pupucukan hartina sarupaning boros nu cek situs unpad >> mah contona teh temu lawak, temu kunci, jeung nu sejenna. >> >> mun boros nu gancang beak mah kuring apal sanggeus wawawuhan jeung basa >> indonesia. dina kbbi daring, boros memang dihartian cara eta, >> berlebih-lebihan >> dl pemakaian uang, barang, dsb. >> >> nu jadi pertanyaan kuring, naha kecap boros dina basa sunda teh hartosna >> naon atuh? naha ukur sarupaning temulawak, temukunci? atawa tiasa oge >> hartina teh gancang beak? >> >> inggis kuring mah, kusabab dimimitian ku nu salah, dosen sastra sunda >> unpad nu nuju nalungtik prabu borosngora teh nungtungan ku kacindengan nu >> salah. >> >> hatur nuhun, sareng punten... >> >> 2010/8/29 oman abdurahman <[email protected]> >> >>> >>> >>> >>> >>> Sok sanajan kitu, naon anu ditepikeun bieu di luhur estuning karek >>> hipotesa atawa gagasan awal wae. Ongkoh deui, sabagean gede tina sajarah >>> Sunda jaman harita masih perlu dtalungtik deui, masih perlu diteangan >>> bukti-buktina oge masih loba wacana diskusi ti para ahli. Upamana wae, >>> kamari kuring ngobrol jeung dosen jurusan Sastra Sunda Unpad anu keur >>> nalungtik prabu Borosngora tina sisi basa (istilah). >>> >>> Ceuk anjeunna, istilah "borosngora" nyoko kana maksud "gancang dewasa" >>> (boros = gancang beak). Jadi, anu bergelar borosngora teh anjeunna anu geus >>> dilantik jadi raja dina umur ngora keneh pisan. Di Sunda, dina mangsa >>> harita, raja ngora atawa anu ngora-ngora geus jadi raja taya lian ti Prabu >>> Wastukancana anu diwastu atawa dilantik jadi raja dina umur 14 taun >>> (sakumaha kaunggel dina naskah wangsakerta jeung sababaraha naskah kuna >>> Sunda sejenna) nalika ramana (Prabu Linggabuana) perlaya di Bubat. Ceuk dina >>> naskah, Prabu Wastukancana dimakamkeunana di Nusa Pakel, Situ Lengkong. Pon >>> kitu keneh ceuk carita rakyat Panjalu, Borosngora oge dikurebkeunana di Nusa >>> Pakel, Situ Lengkong. >>> >>> Ceuk eta ahli basa Sunda, bisa jadi, Cakradewa teh taya lian ti >>> Mangkubumi (raina Linggabuana) atawa Linggabuana ku anjeun. Sedengkeun >>> "istana" anu di Cipanjalu eta istana sejenna lian ti anu di Kawali. Kapan >>> geus jadi kabiasaan nepi ka ayeuna, pimpinan Pamarentahan (presiden) sok >>> boga tempat peristirahatan atawa istana leuwih ti hiji. Pon kitu keneh jaman >>> baheula, saurna. >>> >>> Upama eta hipotesa sang dosen bisa dibuktikeun, menarik. Sabab, ceuk >>> legenda, Prabu Borosngora teh anu terkenal diajar Islam ka Mekkah, anu teras >>> pependak sareng Syaidina Ali, anu mulangna deui ka lemah cai nyandak cai >>> dina siwur karancang (bolong-bolong) sakumaha ditugaskeun ku ramana >>> (kamampuan mawa cai dina siwur karancang mangrupa syarat ti ramana, yen >>> lamun geus bisa mawa cai dina siwur karancang hartina geus papangih jeung >>> agama atawa ajaran sajati anu ditareangan ku manusa pikeun kasalametan >>> hirupna. Eta cai saterusna diawurkeun ka hiji lengkob anu engkena jadi situ >>> Lengkong ayeuna. >>> >>> Eta carita bener henteuna wallohu 'alam. Ongkoh deui di Sunda mah geus >>> jadi kabiasaan banyak carita sajarah anu dituturkeun (dicaritakeun ka >>> generasi saterusna) dina wangun silib / simbol. Di Sunda kawentar silib, >>> sindir, siloka jeung sasmita (4S) salaku media nepikeun hiji informasi. Dina >>> lebah dieu, sajarah Borosngora (jeung Panjalu) anu nepi ka ayeuna teu jelas >>> raratanana (ceuk elmu sajarah akademis) kaasup informasi anu ditepikeun ku >>> simbol atawa 4S tea (momen "Borosngora" pependak sareng Syaidina Ali kw oge >>> kaasup 4S) >>> >>> Upama eta hipotesis sang dosen jurusan basa Sunda di Unpad bisa >>> dibuktikeun, bisa ditarik kacindekan, Islam lebet ka lingkungan karajaan >>> Sunda teh memang geus ti beh ditu, ti jaman akina PS ku anjeun. Ngan, >>> wayahna kudu sabar, ieu perkara danget ieu masih ditalungtik ku kang dosen >>> sareng jurusan sastra Sunda Unpad. Mugia wae panalungtikanana mendakan buah >>> anu mawa katerangan anu nyaangan urang sadaya. >>> >>> Cag heula. >>> >>> manar . >>> >>> _,___ >>> >> >> >> >> -- >> d-: dudi herlianto :-q >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >> > > >
