Tipa maca artikel, mun manggihan kecap "karst", teuing kunaon ieu ceuli
"rebing" uing, teu daekeun wae akur.
Najan dibaca digorolangkeun oge, keukeuh we ngarasa asing kadengena teh.
Cing kumaha ari dia baraya,
ngalaman teu rasa dedengean jiga uing? Duka pedah uing teu bisa
ngaleupaskeun semur jengkol, peuteuy
jeung peda beureum kitu. Piraku ari kudu ganti menu mah, ku keju jeung
mantega, ngarah rada lindeuk ieu
ceuli upama ngadenge kecap asing sabangsa "karst".

Jadi panasaran, kunaon ieu ceuli uing teh mantangul wae? Uing rek
nyoba-nyoba noong sabab-musababna.
Mun nitenan berendelan kecap dina kamus sunda atawa indonesia, bakal
katangen yen arang langka aya
kecap nu make konsonan leuwih ti dua. Dirarasakeun, didedengekun,
dibeuweung, tapi henteu ari diutahkeun
mah, jigana ieu ulon-ulona teh, pedah "karst" disusun ku konsonan "rst" nu
matak nyelek kana gengerong.

Kumaha mun "karst" diletah-sundakeun, atawa digenggerong-indonesiakeun? Jadi
"karsa" misalna, tapi
ulang jadi "karso" mah, jauh teuing. Kaci teu nya? Ngeunah teu nya?

Kirim email ke