Dina bahasa Indonesia - na mah tos aya, tina "karst" jadi "kars"
manar 2010/8/31 mh <[email protected]> > > > Tipa maca artikel, mun manggihan kecap "karst", teuing kunaon ieu ceuli > "rebing" uing, teu daekeun wae akur. > Najan dibaca digorolangkeun oge, keukeuh we ngarasa asing kadengena teh. > Cing kumaha ari dia baraya, > ngalaman teu rasa dedengean jiga uing? Duka pedah uing teu bisa > ngaleupaskeun semur jengkol, peuteuy > jeung peda beureum kitu. Piraku ari kudu ganti menu mah, ku keju jeung > mantega, ngarah rada lindeuk ieu > ceuli upama ngadenge kecap asing sabangsa "karst". > > Jadi panasaran, kunaon ieu ceuli uing teh mantangul wae? Uing rek > nyoba-nyoba noong sabab-musababna. > Mun nitenan berendelan kecap dina kamus sunda atawa indonesia, bakal > katangen yen arang langka aya > kecap nu make konsonan leuwih ti dua. Dirarasakeun, didedengekun, > dibeuweung, tapi henteu ari diutahkeun > mah, jigana ieu ulon-ulona teh, pedah "karst" disusun ku konsonan "rst" nu > matak nyelek kana gengerong. > > Kumaha mun "karst" diletah-sundakeun, atawa digenggerong-indonesiakeun? > Jadi "karsa" misalna, tapi > ulang jadi "karso" mah, jauh teuing. Kaci teu nya? Ngeunah teu nya? > > > >
