ki dalang mangunreja, asa ningnang nu ragot galungan digambarkeun make basa lemes.
"Aswatama teras wae nyerang ka Nakula; ari Jayadrata jeung pasukanana ngepung ka Sadewa; tapi Sadewa teu ring rang ; teras teger nyanghareupan nu ngalingkung ningker anjeunna." bandingkeun jeung ieu: "Aswatama terus narajang Nakkula, ari Jayadrata jeung balad-baladna ngarempug Sadewa. Tapi Sadewa teu ring rang, manehna tetep teger nyanghareupan nu ngepung dirina." On 9/5/10, Abbas Amin <[email protected]> wrote: > Aswatama teras wae nyerang ka Nakula; ari Jayadrata jeung pasukanana > ngepung ka Sadewa; tapi Sadewa teu ring rang ; teras teger nyanghareupan > nu ngalingkung ningker anjeunna. > > Sadewa:"Hehehehe, Jayadrata yu urang ulin model Nakula jeung aswatama; > sok rek wawanian maju sorangan model Aswatama, atawa rek lobaan? Naha > hiji2 naha kabehanana? Moal dipake kabur ku Kaula !" > > Jayadrata:"Tong sombong sampeyan. Sakeudeung deui bakal ampun2an ka > Kaula !" > > "Eh Kang Jayadrata, nebas hayam mah teu kudu make bedog paranti meuncit > munding atuh, keun Kula heula Citraksi hayang nyobaan tanaga si Sadewa." > > "Ati2 rayi..........." Cek Jayadrata. > > Teras Citraksi maju lalaunan ka Payuneun Sadewa:"Soh siah Sadewa, naon > kabisa maneh, kaluarkeun ayeuna, hayang nyaho ?!" > > "Ah teu kudu sagala kabisa; ku andika mah lawan ku mengpo cimacan ge beres > !" > > Citraksi nu tadina tenang ayeuna mah ESMOSI; terus waengarontok ka Sadewa; > tapi ngan ukur sagilek, Citraksi tos niban lemah, dibanting ku Sadewa. Mani > buncunur biwirna lantaran nyium taneuh mangkaning rada kabeubeutkeun. > Atuh nyerangna nu kadua kali bari amarah pisan. Tapi ngan sakilat igana > katonjok nep ka babangkieungan nyeurieun. Atuh gancang we diganti ku > Citraksa > ayeuna mah numaju. Tapi ieu ge aduh2an lantaran ditampiling puhu ceulina. > > Nya atuh Citrayudha sarek Caruk Citra nyoba2 ngoroyok; tapi duanana ge teu > lami tos ting jarurahroh. > > Demi Aswatama, mimitina mah enyaan ngadesek ka Nakula; dilawanan ku tenang > we ku Nakula, tapi saterusna tibalik, ayeuna mah aswata kadesek; malah > kelepok2 > dua kali pipina kacabok; atuh mani amarah pisan. Langsung susumbar: > > "Eh Nakula, enyaan sampeyan diantep teh jadi cucungah ! awas siah pembalesan > !" > > "Hehehehe, sok we tong loba catur Swatama, sok kadinyah kaluarkeun kabisa > teh, > piraku, kapan Rama sapeyan Guru nu sakitu saktina !" > > Aswatama beuli amarah , lantaran Ramana Resi Drona dibabawa. Teu seueur > catur > teras nyerang deui ka Nakula; nu dilawanan ku Nakula; atuh ger rame deui ; > ieu > nu tarung teh. Demi Sadewa ayeuna keur gelut sareng Jayadrata dilalajoan ku > nu > sanesna; tapi nyata Jayadrata oge sanes tandingan Sadewa. Meus2 gebluk nyium > taneuh; meus2 jekok katonjok; nya akhirna mah Sadewa dikoroyok; tapi tetep > we > Sadewa tenang ngalawanan. > > Aswatama lami2 mah kadesek oge ku Nakula; akhirna nyorowok: > "Eh batur2 yu urang tinggalkeun ieu tempat; keun we engke urang balitungan > deui > jeung si Nakula; bisi kapiran neangan Burisrawa." > > Teu kudu ngaduakalian nu sejenna oge ting berebet ting balecir ninggalkeun > palagan. > > HANCA > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
