Ieu batur hiji, hahahaha, aya ku awas pisan...........

--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> ki dalang mangunreja, asa ningnang nu ragot galungan digambarkeun make
> basa lemes.
> 
> "Aswatama teras wae nyerang ka Nakula; ari Jayadrata jeung pasukanana
> ngepung ka Sadewa; tapi Sadewa teu ring rang ; teras teger nyanghareupan
> nu ngalingkung ningker anjeunna."
> 
> bandingkeun jeung ieu:
> 
> "Aswatama terus narajang Nakkula, ari Jayadrata jeung balad-baladna
> ngarempug Sadewa. Tapi Sadewa teu ring rang, manehna tetep teger
> nyanghareupan nu ngepung dirina."
> 
> 
> On 9/5/10, Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote:
> > Aswatama teras wae nyerang ka Nakula; ari Jayadrata jeung pasukanana
> > ngepung ka Sadewa; tapi Sadewa teu ring rang ; teras teger nyanghareupan
> > nu ngalingkung ningker anjeunna.
> >
> > Sadewa:"Hehehehe, Jayadrata yu urang ulin model Nakula jeung aswatama;
> > sok rek wawanian maju sorangan model Aswatama, atawa rek lobaan? Naha
> > hiji2 naha kabehanana? Moal dipake kabur ku Kaula !"
> >
> > Jayadrata:"Tong sombong sampeyan. Sakeudeung deui bakal ampun2an ka
> > Kaula !"
> >
> > "Eh Kang Jayadrata, nebas hayam mah teu kudu make bedog paranti meuncit
> > munding atuh, keun Kula heula Citraksi hayang nyobaan tanaga si Sadewa."
> >
> > "Ati2 rayi..........." Cek Jayadrata.
> >
> > Teras Citraksi maju lalaunan ka Payuneun Sadewa:"Soh siah Sadewa, naon
> > kabisa maneh, kaluarkeun ayeuna, hayang nyaho ?!"
> >
> > "Ah teu kudu sagala kabisa; ku andika mah lawan ku mengpo cimacan ge beres
> > !"
> >
> > Citraksi nu tadina tenang ayeuna mah ESMOSI; terus waengarontok ka Sadewa;
> > tapi ngan ukur sagilek, Citraksi tos niban lemah, dibanting ku Sadewa. Mani
> > buncunur biwirna lantaran nyium taneuh mangkaning rada kabeubeutkeun.
> > Atuh nyerangna nu kadua kali bari amarah pisan. Tapi ngan sakilat igana
> > katonjok nep ka babangkieungan nyeurieun. Atuh gancang we diganti ku
> > Citraksa
> > ayeuna mah numaju. Tapi ieu ge aduh2an lantaran ditampiling puhu ceulina.
> >
> > Nya atuh Citrayudha sarek Caruk Citra nyoba2 ngoroyok; tapi duanana ge teu
> > lami tos ting jarurahroh.
> >
> > Demi Aswatama, mimitina mah enyaan ngadesek ka Nakula; dilawanan ku tenang
> > we ku Nakula, tapi saterusna tibalik, ayeuna mah aswata kadesek; malah
> > kelepok2
> > dua kali pipina kacabok; atuh mani amarah pisan. Langsung susumbar:
> >
> > "Eh Nakula, enyaan sampeyan diantep teh jadi cucungah ! awas siah pembalesan
> > !"
> >
> > "Hehehehe, sok we tong loba catur Swatama, sok kadinyah kaluarkeun kabisa
> > teh,
> > piraku, kapan Rama sapeyan Guru nu sakitu saktina !"
> >
> > Aswatama beuli amarah , lantaran Ramana Resi Drona dibabawa. Teu seueur
> > catur
> > teras nyerang deui ka Nakula; nu dilawanan ku Nakula; atuh ger rame deui ;
> > ieu
> > nu tarung teh. Demi Sadewa ayeuna keur gelut sareng Jayadrata dilalajoan ku
> > nu
> > sanesna; tapi nyata Jayadrata oge sanes tandingan Sadewa. Meus2 gebluk nyium
> > taneuh; meus2 jekok katonjok; nya akhirna mah Sadewa dikoroyok; tapi tetep
> > we
> > Sadewa tenang ngalawanan.
> >
> > Aswatama lami2 mah kadesek oge ku Nakula; akhirna nyorowok:
> > "Eh batur2 yu urang tinggalkeun ieu tempat; keun we engke urang balitungan
> > deui
> > jeung si Nakula; bisi kapiran neangan Burisrawa."
> >
> > Teu kudu ngaduakalian nu sejenna oge ting berebet ting balecir ninggalkeun
> > palagan.
> >
> > HANCA
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke