Hapunten kang Abbas ngiring  mairan, mugi teu kaabotan.

Hiji sifat jalma nu sok rajeun gampang ari ningali kasalahan batur, tapi susah 
ningal kasalahan sorangan, dina enya ge ngaraa salah pasti bakal neangan alesan 
pikeun nganglesna,

Ceuk pamadegan simkuring, jalmi nu tos neuleuman ajaran agamana (naon bae 
agamana), moal bakal nyacarekeun atawa ngagogoreng agama sejen, sabab yakin 
dina dirina anging Gusti Nu Maha Suci Nu Maha Uninga, mana nu bener jeung mana 
nu salah. Lain kawajiban manusa/jalmi pikeun menghakimi salah benerna 
kapercayaan jeung kumawula ka Gustina (Tuhanna).

Tah dina agama Samawi ge, mun dibacana ku urang luar tangtu bakal aya oge 
komentarnya.... contona:

dina agama kristen mun teu salah sok oge aya istilah Karajaan Tuha... mun kitu 
tangtu aya Rajana, aya Permaisurina, Patih, Mentri, Panglima, Hulubalang 
jsb,Cenah dosa pengilkut Kristus mah geus ditebus dosana, jadi dimana hari 
pengadilan teh pada asup sawarga. 
kaum muslim ari nyebut naek haji teh sok nyarebut memenuhi panggilan Tuhan jadi 
Tamu Allah, jeung Kabah disebut Rumah Tuhan...... Naha ari Allah teh katingali 
kitu wujudna, jeung bisa diimahan kitu,  jiga jelema bae?????Cenah Gusti Allah 
teh teu arah teu enggon. lain di luhur lain di handap. teu di 
kidul-kaler-kulon-wetan tapi  naha atuh sumembah teh diarahkeun ka Kabah, jiga 
bener bae Gusti Allah aya di jero Kabah... buktina mun aya nu nyembah teu ka 
rah Kabah....kan paasti disebut SESAT.Mekah sok disarebut Tanah Suci.... naha 
ari tanah lianna teu dianggap tanah Suci kitu????  mun tea mah Gusti jiga 
manusa kalintang tah benduna nu nyiptakeun alam parahyangan teu disebut tanah 
Suci..... Jeung deui naha bet harayang baralik deui kadieu, kunaon teu cicing 
bae di Tanah Suci.... Saha sih jalmi nu teu hayang meunang kasucian??? 
Tah kitu kang Abbas, sadayana ge pami ditingal tinu kacamata sejen, pasti aya 
lemah jeung kurangna....Hapunten tangtu kang Abbas aya penjelasan kanggo 
nerangkeun eta,... pon kitu deui urang Kristen aya bahan pikeun ngajelaskeun 
maksudna,,...Utrang Budha... Hindu... Konghucu... Tao.... Sunda 
Wiwitan...Kaharingan.... Ugomo Malim... Bramakumari,.... Sikh... .Yahudi..... 
jsb, pada-pada boga penjelasan kanggo nerangkeun kapercayaanna,,,,,, jeubg 
tangtu tetep ku lain penganutna mah moal dianggap pangbenerna.

Taaaahhhhh kang.....  bawiraos simkuring teu perlu lah urang nyawad kana 
kapercayaan batur, sok sanajan urang Cina, margi aranjeunna ge tunggal mahluk 
Pangeran....Urang teuleuman bae ageman urang sewang-sewangan, abdi yakin mun 
tos pendak kana mamarasna agama (naon bae). ..... urang moal janten jalmi nu 
cawadan, margi Gusti Nu Maha Suci mah Tunggal Pangawasana, tur Murbeng Alam....

Hapunten nya kang,, sakantenan ka sadayana para wargi anu Muslim..... Wilujeng 
Hari Raya Idhul Fitri, Mugia salawasna aya dinda Kawilujengan sareng Kawaluyaan.

Pun Tabe pun.
Engkus
 


--- Pada Sen, 6/9/10, Abbas Amin <[email protected]> menulis:

Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Judul: [kisunda] Thian ( keur mh )
Kepada: "kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Senin, 6 September, 2010, 2:59 PM







 



  


    
      
      
      Taoisme ngajarkeun HIJI nu jadi sumber sagala sumber.

Akhirna agama Tao nyebutkeun yen Tuhan teh disebutna THIAN.

Tapi salah kaprahna urang China malah Langit teh disebut Karajaan,
aya Rajana, malah tungtungna loba Dewa2 nu ngarajaan langit.

Ieu jadi ngamatakkeun jelema beuki teu percaya ka na agama.
Ti dieu munculna IDE yen agama = takhayul !

Jadi di dieu ngandung harti teu kabeh agama mawa BENER. Maksud 
bener nya eta agama nu nganggap TUHAN ngan ukur HIJI.

Jadi aya oge nu mawa sesat; saperti Tuhanna Seuneu; Panonpoe; 
Batu jste. Komo atuh nu nganggap Tuhan teh LOBA.

Memang sih kayakinan. Tapi kayakinan oge kapan kudu aya logikana 
lah saeutik.Ulah bolostrong teuing.












      

    
     

    
    


 



  





Kirim email ke