Alhamdulillah, piwejang ti kang Ruswana Kahartos pisan;
sareng leres pisan. Nya atuh sadaya daya; panginten di na 
hal ieu abdi nu lepat. Da leres pisan, kayakinan atawa 
kapercayaan nu pang "haq"Na mah anging HATE urang sareng GUSTI.
Di dieu tah UJIAN, kumaha PINTER2 na manusa ngajelaskeun soal
kayakinan, bari teu nyalahkeun kayakinan anu sejen.
Upami urang tos ngawitan hoyong ngajelaskeun kayakinan urang,
ka nu sanes. Eta sesah pisan. Mun kirang2 mah, nya nyerempet
ka na kayakinan anu sanes.
Janten, saleresna mah SESAH Dakwah teh; da kapan sagala
"nu sae" kedah disalabarkeun. Namung nya eta, disebat nu "sae"
soteh cek saha ? Ieu masalahna .
Ngan urag aya palenggeran, asa bener; tah ku margi kitu, nya
atuh Dakwah teh di na jihad yen nu disalabarkeun teh sae.
Bari ngajelaskeun alesanana naon sabab atanapi marga 
lantaranana disebat sae. Manawi bae atuh aya bahan katampi ku 
balarea. Nya upami aya nu teu sapuk, samodel Kang Engkus,
nya eta mah abdi na nu masih BODO kirang tiasa ngajelaskeunana.

Kitu manawi.
Mugia Kang Engkus henteu rengat panggalih ku seratan abdi, nu
nyerempet ka na kayakinan anu sanesna. Punten.
Mugi2 wae abdi aya PITUDUH ti MantenNa; dugi ka pinter
ngajelaskeunana; sareng deui mudah2an wae aya HIDAYAH ti
Gusti ka nu nampi eta DAKWAH. 
Abdi mung tiasa usaha. Kirang langkungna mugu ageung nya tawakup.




--- In [email protected], engkus ruswana <engkusrusw...@...> wrote:
>
> Hapunten kang Abbas ngiring  mairan, mugi teu kaabotan.
> 
> Hiji sifat jalma nu sok rajeun gampang ari ningali kasalahan batur, tapi 
> susah ningal kasalahan sorangan, dina enya ge ngaraa salah pasti bakal 
> neangan alesan pikeun nganglesna,
> 
> Ceuk pamadegan simkuring, jalmi nu tos neuleuman ajaran agamana (naon bae 
> agamana), moal bakal nyacarekeun atawa ngagogoreng agama sejen, sabab yakin 
> dina dirina anging Gusti Nu Maha Suci Nu Maha Uninga, mana nu bener jeung 
> mana nu salah. Lain kawajiban manusa/jalmi pikeun menghakimi salah benerna 
> kapercayaan jeung kumawula ka Gustina (Tuhanna).
> 
> Tah dina agama Samawi ge, mun dibacana ku urang luar tangtu bakal aya oge 
> komentarnya.... contona:
> 
> dina agama kristen mun teu salah sok oge aya istilah Karajaan Tuha... mun 
> kitu tangtu aya Rajana, aya Permaisurina, Patih, Mentri, Panglima, Hulubalang 
> jsb,Cenah dosa pengilkut Kristus mah geus ditebus dosana, jadi dimana hari 
> pengadilan teh pada asup sawarga. 
> kaum muslim ari nyebut naek haji teh sok nyarebut memenuhi panggilan Tuhan 
> jadi Tamu Allah, jeung Kabah disebut Rumah Tuhan...... Naha ari Allah teh 
> katingali kitu wujudna, jeung bisa diimahan kitu,  jiga jelema bae?????Cenah 
> Gusti Allah teh teu arah teu enggon. lain di luhur lain di handap. teu di 
> kidul-kaler-kulon-wetan tapi  naha atuh sumembah teh diarahkeun ka Kabah, 
> jiga bener bae Gusti Allah aya di jero Kabah... buktina mun aya nu nyembah 
> teu ka rah Kabah....kan paasti disebut SESAT.Mekah sok disarebut Tanah 
> Suci.... naha ari tanah lianna teu dianggap tanah Suci kitu????  mun tea mah 
> Gusti jiga manusa kalintang tah benduna nu nyiptakeun alam parahyangan teu 
> disebut tanah Suci..... Jeung deui naha bet harayang baralik deui kadieu, 
> kunaon teu cicing bae di Tanah Suci.... Saha sih jalmi nu teu hayang meunang 
> kasucian??? 
> Tah kitu kang Abbas, sadayana ge pami ditingal tinu kacamata sejen, pasti aya 
> lemah jeung kurangna....Hapunten tangtu kang Abbas aya penjelasan kanggo 
> nerangkeun eta,... pon kitu deui urang Kristen aya bahan pikeun ngajelaskeun 
> maksudna,,...Utrang Budha... Hindu... Konghucu... Tao.... Sunda 
> Wiwitan...Kaharingan.... Ugomo Malim... Bramakumari,.... Sikh... .Yahudi..... 
> jsb, pada-pada boga penjelasan kanggo nerangkeun kapercayaanna,,,,,, jeubg 
> tangtu tetep ku lain penganutna mah moal dianggap pangbenerna.
> 
> Taaaahhhhh kang.....  bawiraos simkuring teu perlu lah urang nyawad kana 
> kapercayaan batur, sok sanajan urang Cina, margi aranjeunna ge tunggal mahluk 
> Pangeran....Urang teuleuman bae ageman urang sewang-sewangan, abdi yakin mun 
> tos pendak kana mamarasna agama (naon bae). ..... urang moal janten jalmi nu 
> cawadan, margi Gusti Nu Maha Suci mah Tunggal Pangawasana, tur Murbeng 
> Alam....
> 
> Hapunten nya kang,, sakantenan ka sadayana para wargi anu Muslim..... 
> Wilujeng Hari Raya Idhul Fitri, Mugia salawasna aya dinda Kawilujengan sareng 
> Kawaluyaan.
> 
> Pun Tabe pun.
> Engkus
>  
> 
> 
> --- Pada Sen, 6/9/10, Abbas Amin <abas_ami...@...> menulis:
> 
> Dari: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Judul: [kisunda] Thian ( keur mh )
> Kepada: "kisunda" <[email protected]>
> Tanggal: Senin, 6 September, 2010, 2:59 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Taoisme ngajarkeun HIJI nu jadi sumber sagala sumber.
> 
> Akhirna agama Tao nyebutkeun yen Tuhan teh disebutna THIAN.
> 
> Tapi salah kaprahna urang China malah Langit teh disebut Karajaan,
> aya Rajana, malah tungtungna loba Dewa2 nu ngarajaan langit.
> 
> Ieu jadi ngamatakkeun jelema beuki teu percaya ka na agama.
> Ti dieu munculna IDE yen agama = takhayul !
> 
> Jadi di dieu ngandung harti teu kabeh agama mawa BENER. Maksud 
> bener nya eta agama nu nganggap TUHAN ngan ukur HIJI.
> 
> Jadi aya oge nu mawa sesat; saperti Tuhanna Seuneu; Panonpoe; 
> Batu jste. Komo atuh nu nganggap Tuhan teh LOBA.
> 
> Memang sih kayakinan. Tapi kayakinan oge kapan kudu aya logikana 
> lah saeutik.Ulah bolostrong teuing.
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke