Antareja tos papayun payun sareng Prabu Ganda Perkasa, lajeng Antareja
ngandika:"Hemmmm, Ganda perkasa wayahna kadieukeun eta leungeun; ku
Kaula arek dibangkol diborogod, bongan sampeyan geus wani2 mimpin
pasukan nyaerang ka dieu, ka Madukara, bari jeung taya alesan nu jelas."
Ganda Perkasa:"Eladalah ! Kaula tinangtu daek wae diborgol ku sampeyan,
lamun sampeyan Antasena bisa ngelehkeun Kaula."
Antareja:"Kabuktian kapan Pahlawan2 sampeyan jeung pasukan sampeyan
geus bubar katawuran. Hartina sampeyan ditambah para pasukan wae teu mahi
ngalawan ka Pasukan jeung Pahlawan Madukara. Komo deui ayeuna andika
ngan ukur sosoranganan. Ti batan cape2 ayeuna mah sampeyan leuwih hade
serah bongkokan wae; sugan we masih dihampura ku Paman Arjuna."
Ganda Pekasa:"Hahahaha, memang Kaula ngaku sampeyan urang Indraprasta
jarago; tapi Kula beda ti balad2 Kula; pek we geura nyoba2 mun hayang nyaho !"
Enggalna wae Antareja bade newak Ganda Perkasa, tapi ngan sakilat ngagilek
Antareja teu tiasa newak leungeun Ganda Perkasa, malah Ganda Perkasa
nonjok, tapi untung enggal ditakis ku Antareja. Antareja rada kaget lantaran
karaos tanaga si eta Raja teh nyata kuat pisan, karaos panangan rada pegel.
Tapi teu seueur saur deui teras we Antasena males ku hiji sepakan, maksadna
bade ngarengkas Si Ganda Perkasa. Itu itu kacida gesitna luncat; malah teras
najong ka na raray Antareja. Antareja kedah gugulingan aya tilu gulitik, di na
nyingcet ti na eta serangan teh. Nyata Ganda Perkasa memang mumpuni pisan
elmu kanuraganana.
Bima, Gatotkacha sareng para Prajurit Madukara ningal oge ka na ieu kadigjayaan
Ganda Perkasa; tapi katingal Antareja ge masih sanggem ngimbanganana; nya
ditonton we kusadayana.
Nu tarung beuki rame. Tapi katingal ayeuna mah duanana siga nu pakupis silih
takis; kawas nu boksen; tapi di na ieu adu jajaten bandinganana 2 : 3 ; Antareja
dua kali nonjok keuna; dibales ku tilu kali Antareja kakeunaan.
Lami2 Bima kesel ningalina, laju nyauran ka Antareja:"Heh Antareja eureun heula
maneh! Lila teuing; jig Gatot, sugan ku maneh mah bisa tah eta jelema teh
diringkus !"
Enggalna bae Antareja tos mundur digentos ku Gatotkacha.
Ganda Perkasa:"Hahahaha, Tarung giliran !? Kaula moal mundur ! Tong boro
giliran,
naja bapana oge milu maju ngahurup Kaula; Kaula moal undur."
Bima:"Gatot gancang talukkeun eta si Ganda Perkasa teh. Awas ulah eleh !"
Gatotkacha teu seueur saur enggal wae nyerang ka Ganda Perkasa; mani ngan
sakilat sakilat ku cepetna serangan Gatotkacha; dugi ka para prajurit Madukara
mah tos teu iasa nempo deui kumaha carana Gatotkacha merekpek nyerang ka
Ganda Perkasa. Tapi Ganda perkasa oge gesit pisan deuih, sakitu diperekpekna
masih keneh bisa nyingcet; malah sakali sakali males ka Gatotkacha.Tapi teu
keuna lantaran Gatotkacha kacida gesitna. Ganda Perkasa terus lincat salto
ka tukang, rada nebihan Gatotkacha; tapi Gatotkacha teu masihan kasempetan;
terus wae muru; atuh ger deui silih tukeur tinggangan.
"Ke heula anan! eureun heula!"Akhirna Ganda Perkasa nyorowok bari nakisan
paneunggeul Gatotkacha.
Gatotkacha:"Hemmm, naha sampeyan hayang istirahat heula ?!"
Ganda Perkasa:"Hahahaha, lain. Kula moal ngeureunan ieu tarung, ngan wae
lamun kieu wae moal aya tungtungna. Kaula ngaku sampean kesit pisan. Kula
ampir2an teu bisa ngimbangan ka na kacepetan sampeyan. Kumaha ayeuna mun
urang adu kuat !?
Hanca