"Hemmmmm......... adu kuat kumaha maksud andika ?!"

Ulah make elmu mempo; tapi silih tinggang; saha nu rubuh, bari hese
hudangna deui, eta hartina eleh; kumaha sampeyan wani gatotkacha!?"

Gatotkacha:"Teu wani ku naon, sok Kula hayang nyaho !"
Ganda Perkasa:"Hehehehe, nyata sampeyan Satriya utama, senapati ing 
ngalaga. Sok ayeuna sampeyan heula neunggeul ka Kaula; engke bagean
Kaula. Jadi urang gantian !"

Gatotkacha:"Wah lucu andika Ganda Perkasa, geura tadahan ieu 
paneunggeul Kula !"

Wut .........siriwik......... jekok dada Raja Ganda Perkasa ditonjok....DUK !
Tapi memang Ganda Perkasa enyaan totosan bojana kulit, manehna anggur
seuri :"Hahahahaha, alus oge aya karasana, cik ayeuna bagen Kaula."

Jekok wae dada Gatotkacha ditonjok; Gatotkacha rada ngageter karaos eta
tonjokan teh mantep pisan; untung Gatotkacha otot kawat balung wesi; kiat
nahan kanyeri.

Ganda Perkasa:"Salian ti anjeun teh gagah di na nonjok, ninggang jeung nalipak,
nyata anjeun oge kuat Gatotkacha. Sok ayeuna bagean sampean deui !"

Gatotkacha ngagalih di na manahna:"Hemmm, kurang ajar ieu si Ganda Perkasa
awas ayeuna tinggangan ieu ngaranna tinggangan WESI! Ancur sampeyan."

Gatotkacha ngagisik pananganana bari mapatkeun aji enggal wae Ganda Perkasa
ditampiling ku Gatotkacha.

"Modar sampeyan!"
"Aduh tobaat!.............Ganda Perkasa rubuh niban lemah; katingalna mati; tapi
sakedapan ngorejat deui bari nyakakak:"Hahahahaha ! memang hebat sampeyan,
Gatotkacha. Awas ayeuna bagean Kaula............"

Gatotkacha kaget oge ningal kasaktian Ganda Perkasa; enggal wae siap2 nampi
pamales ti Ganda Perkasa.

Bima sareng Antareja oge rada kaget ningal kasakten Ganda Permana; paingan 
atuh ngajakan adu kuat; wah ayeuna kumaha tah Gatotkacha kira2 tahan henteu ?

Bima enggal nyorowok:"Wes Gatot; tong eleh maneh; maneh turunan kuat; sok
tahan paninggang si Ganda Permana, moal sabaraha." masihan sumanget.

Enggalna Ganda Permana tos ngacungkeun leungeunna ; terus meleng bari
mapatkeun aji, kaciri tanganna mimiti robah jadi beureum; saparantos kitu 
siga ruhay; ieu nu disebat Tapak Geni. Tah ku ieu gatotkacha ditampiling ku
Ganda Permana. Prok !

"Tobaaat ! Panas.......... aduh."
Tapi najan Gatotkacha aduh2an, teu rubuh ka na lemah. Ayeuna Ganda 
Permana nu kaget ku kasakten Gatotkacha.

"Kurang ajar, nyata sampeyan gagah sakti mandraguna. Sok lah cobaan deui
teunggeul Kaula. Hayang nyaho kasaktian jago2 ti Indraprasta."

Gatotkacha saleresna mah masih ngaraos panas ku cabokan Ganda Perkasa
tadi, tapi Gatotkacha oge keuheul palas males. Teras we maju nyaketan
Ganda Perkasa:"Hemmmm................   Ganda Perkasa, mun sampeyan ayeuna 
bisa nahan paneunggeul Kaula. Kaula moal wani ngalawan deui; sabab nyata 
sampean sakti Mandraguna, totosan bojana kulit, jalma sakti tandangna Dewa."

Ganda Perkasa:"Hahahahha...........Cak siah ! Nyaan yeuh sampean mo 
ngalawan deui !? Alus! Lantaran Kula ge taak saenyana mah ngelehkeun 
sampean teh."

Lajeng we Gatotkacha mapatkeun Aji Semugunting , ajian Sang Brajamusti;
Ganda Perkasa ditewak teras ditampiling tarik pisan, mani ngaguling tigugulitik
eta Ganda Pekasa; mun jalma biasa mah tos ajur ditampiling ku aji Semugunting
cepengan Gatotkacha.

Hanca




      

Kirim email ke