mh, kungsi maca dina kompas kira-kira 2 taun kaliwat ngeunaan kasangtukang 
kunaon pangna entry di kamus KBBI teh kecap "ramadan" lain "ramadhan" atawa nu 
lianna. Aya alesanana. Da nu nulisna oge ahli basa nu geus kahot.
Ngan eta, diteang ka juragan gugel artikelna can kapanggih....

salam,

--- On Tue, 9/14/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Salah Kaprah Kata ''Ramadhan'' jeung ''Ramadan''
To: [email protected]
Date: Tuesday, September 14, 2010, 10:32 AM







 



  


    
      
      
      adaptasi tulisan tina hiji basa ka basa sejen, ku tukang basa sok disebut 
"transliterasi". tangtuna maksudna lain pedah di-leter-an jiga beas nya, 
hehehe, tapi meureun lantaran urang bule sakapeung nyebut aksara teh "letter" 
cenah. 


mun urang nyoba nitenan kumaha kalakuan tukang basa ngalakukeun proses 
transliterasi, tetela loba variasina. loba faktor nu mangaruhan, salah sahijina 
masalah dedengean manusa tetela variatif pisan alatan faktor saliwang misalna. 
faktor sejenna nu bisa mangaruhan, misalna ceuli liwar jeung mantangul. 


sakadar conto, tong boro transliterasi tina basa arab, mu sacara geografi nun 
jauh di sana, dalah antara basa mu sarumpun ge aya variasina. sakadar conto mun 
di indonesia aya ngaran "rusli" di malaya mah nyebutna teh "roslee" cenah.


tah ayeuna perkara nga-laten-keun kecap arab "رمضان" oge kitu, loba variasina. 
diantarana sok ditulis kieu: ramadan, ramadhan, ramadaan, ramazan, atawa 
ramazhan. nu mana nu bener? saha nu pantes ngahakiman bener salahna? tangtuna 
ge gumantung kana ceuli rebingna.

-mh-

 






      

Kirim email ke