mun uing kaci neguh, hehehe, dipilih kecap "ramadan" lain "ramadhan". jigana
supaya teu "medhok" teuing teuing sora "ﺽ"-na . jadi supaya ucapanana leuwih
"sundawi" atawa sacara umumna leuwih "indonesiawi", sabab sora "dha" leuwih
"jawani". sedengkeun ucapan umum bangsa-bangsa nusantara nu pernah karasa
jeung kadenge ku uing ampir sarua jeung sora urang sunda "da". toong geura
"hanacaraka" jawa salah sahiji sorana teh aya nu medhok, "dha".

2010/9/15 hangjuang bodas <[email protected]>

>
>
> mh, kungsi maca dina kompas kira-kira 2 taun kaliwat ngeunaan kasangtukang
> kunaon pangna entry di kamus KBBI teh kecap "ramadan" lain "ramadhan" atawa
> nu lianna. Aya alesanana. Da nu nulisna oge ahli basa nu geus kahot.
> Ngan eta, diteang ka juragan gugel artikelna can kapanggih....
>
> salam,
>
> --- On *Tue, 9/14/10, mh <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: mh <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Salah Kaprah Kata ''Ramadhan'' jeung ''Ramadan''
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, September 14, 2010, 10:32 AM
>
>
>
> adaptasi tulisan tina hiji basa ka basa sejen, ku tukang basa sok disebut
> "transliterasi". tangtuna maksudna lain pedah di-leter-an jiga beas nya,
> hehehe, tapi meureun lantaran urang bule sakapeung nyebut aksara teh
> "letter" cenah.
>
> mun urang nyoba nitenan kumaha kalakuan tukang basa ngalakukeun proses
> transliterasi, tetela loba variasina. loba faktor nu mangaruhan, salah
> sahijina masalah dedengean manusa tetela variatif pisan alatan faktor
> saliwang misalna. faktor sejenna nu bisa mangaruhan, misalna ceuli liwar
> jeung mantangul.
>
> sakadar conto, tong boro transliterasi tina basa arab, mu sacara geografi
> nun jauh di sana, dalah antara basa mu sarumpun ge aya variasina. sakadar
> conto mun di indonesia aya ngaran "rusli" di malaya mah nyebutna teh
> "roslee" cenah.
>
> tah ayeuna perkara nga-laten-keun kecap arab "رمضان" oge kitu, loba
> variasina. diantarana sok ditulis kieu: ramadan, ramadhan, ramadaan,
> ramazan, atawa ramazhan. nu mana nu bener? saha nu pantes ngahakiman bener
> salahna? tangtuna ge gumantung kana ceuli rebingna.
> -mh-
>
>
>  
>

Kirim email ke