Saminggu samemeh lebaran, ngadadak kuring kudu ka Surabaya. Rada wegah 
sabenerna mah kudu indit-inditan di bulan puasa teh, komo ari geus duekeut ka 
poe lebaran, tapi teu bisa nolak da parentah "pangab(utuh)" ...hehehe. Ti 
Bandung make mobil opat urang, kaasup supir. Inditna poe jumaah tas saur, da 
niat teh arek puasa we sakuatna. Jalan nu nu dipilih jalan Pantura, lumayan 
gancang, jam 11 geus tepi ka samemeh kota Kendal. Didinya neangan masjid rek 
ngilu jumaahan. Kabeneran pisan manggihan masjid gede disisi jalan, poho deui 
aran tempatna mah. Nya eureun didinya, mobil bisa parkir di hareupeun masjid 
pisan.

Kuring langsung ka tempat wudu, nu lumayan alus jeung bersih, terus asup ka 
jero masjid, maksud teh rek langsung solat sunat. Di jero masjid kuring nempo 
bedug mani gede pisan lengkep jeung kohkolna. Kulantaran geus jarang pisan 
kuring ngareungeu sora bedug, jadi panasaran hayang ngadenge sorana waktu 
ditabeuh, kuring ngahaja milih tempat deukeut bedug, hareupeunana, padahal di 
hareup masih karosong keneh.

Jam 12 kurang 20 menit, lamun teu salah mah, tukang nakol bedug, nu make 
samping jeung kopeah, ngajurungkunung tina diukna, kop kana panakol, terus 
nabeuh kohkolna, torongtong ..tong..tong ...dur!. Beg teh dada kuring asa aya 
ninggang, bakating ku eundeur. Dur ..dur ..dur.dur dur,  bedug ditakolna beuki 
ngerepan, tepi ka sorana merekpek, geus kitu irama nakolna teh ngajarangan deui 
kira kira lamun didetikan mah 5 detik, 10 detik, 15 detik ...40 detik ..samenit 
..jep weh jempe. "Ah meureun enggeus nakol bedugna teh", pikir kuring, nu 
siap-siap rek ngareungeukeun nu khotbah, naha make basa Jawa atawa Indonesia.

Na atuh, Dur ...deui wae bedug teh ditakol deui, kuring tepi ka ngarenjag. Dur 
...dur ..dur bedug ditakol ngerepan deui, geus frekuensina kerep pisan, kakara 
ngajarangan deui, tepi ka intervalna aya 2-3 menitna. Ari sugan teh geus 
rengse, na ari pek teh dur deui wae, ngerepan terus ngajarang deui, kakara 
rengse, eureun. Kuring nempo arloji hayang nyaho sabaraha menit "proesesi" 
nambeuh bedug di lembur urang Jawa teh, euleuh geuning lumayan lila, aya kana 
10 menitna da jam kuring nunjukkeun ampir jam 12 pas. Irama nakolna kira-kira 
ngerepan-ngajarangan-ngerepan-ngajarangan-ngerepan-ngajarangan ....

Rada aneh oge, sanajan irama nakolna ampir sarua jeung di lembur kuring, tapi 
di lembur kuring mah (baheula) teu lila kitu. Tapi duka upami di lembur sejen 
di tatar Sunda mah. Nu jelas, ayeuna, di Bandung atawa di lembur kuring di 
Sumedang geus tara ngareungeu deui sora bedug.

Baktos,
WALUYA


  







------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke