Poe katilu Lebaran, ngadak-ngadak istilah mayoritas jeung minoritas teh jadi rame di media di Indonesia. Gara-garana aya jamaat HKBP di Bekasi dirogahala waktu arek kebaktian di tanah kosong nu diributkeun. Cenah ieu teh gara-gara mayoritas ngahalang-halang minoritas dina ngalakukeun ibadah. Perkara mayoritas neken minoritas, memang teu meunang di nagara urang mah, ngan nu ngarasa nu minoritas oge kudu ngeunteung heula samemeh gogorowokan ngarasa diteken. Sabab minoritas teh di Bekasi tapi di tempat sejen mah bisa wae jadi mayoritas, jeung ngalakukeun hal nu sarupa siga mayoritas di Bekasi.
Dina Kompasiana (http://agama.kompasiana.com/2010/09/15/hkbp-jangan-lupakan-parmalim/) aya padungdengan kumaha umat HKPB di Medan nu mayoritas neken urang Batak sejenna nu boga kapercayaan ka "agama Parmalin" (agama urang Batak Asli) nu minoritas. Batak nu minor ieu, diteken teu meunang nyieun imah ibadahna. Jadi? Mayor jeung minor teh relatip, sarerea di Indonesia kudu ngeunteung heula (intropeksi) ka diri sorangan, samemeh ngarasa jadi kaum nu ditindes .... Baktos, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
