Kacaturkeun Lamsijan ngilu jumaahan jadi salah sahiji jamaah masjid. Tos
biasa di ungal masjid lamun imam keur naek mimbar khotbah sok aya kencleng
muter.  Harita oge di Masjid tempatna Lamsijan jumaahan kitu.  Gancangna
wae, kencleng muterna geus deukeut ka manehna, terus lamsijan ngodokan saku
niat rek ngasupan kencleng milihan duit pangleutikna anu pecahan sarebu
salambar.  

Palebah kencleng geus hareupeun, salah saurang jamaah anu persis ditukangeun
manehna noelan bari ngasong ngasong duit saratus rebu salambar.  Ditampanan
we ku manehna bari terus diasupkeun kanu kencleng, "Ieu jelema meni gojeh
arek ngasupan kencleng saratus rebu wae oge teu sabaran meni noelan,
tungguan we da engke oge kenclengna muter", si Lamsijan gegerentes jero
hatena.  Duit sarebuna oge sup weh deuih.  

Tapi teu kungsi lila eta jelema nu tadi noel geus noel deui, ayeunamah bari
ngaharewos kieu "artos akang saratus rebu tadi nuju ngodok saku murag".  

Si Lamsijan ngabelengep bari terus mencrong kencleng nu muter. 

hehe

 

Ii Sumirat

 

Kirim email ke