Ngadadak aya nu nitah gawe di Kota Surabaya, bari mawa mobil ti Bandung,
kuring rada hemar-hemir, sabab boh kuring atawa supir nu mawa mobil teu apal
kota Surabaya. Sanajan kungsi ka Surabaya sbabaraha kali, tapi tetep teu
apal. Ari kitu na mah, tong boro Surabaya , di Bandung wae, pangpangna di
jalan-jalan perumahan nu jarang kasorang ku kuring, sok sasab. Ras inget
jaman ayeuna mah aya GPS nu geus dilengkepan ku peta, jadi mikir rek meuli,
ngan asa lebar da kuring ge boga GPS dua siki, ngan produk katingaleun,
euweuh petaan, ukur bisa nunjukkeun posisi koordinat lintang-bujur. Aya
bababturan mere saran meuli we HP nu GPS'an, alus cenah keur navigasi
perjalanan mah. Tah kabeneran, Kuring hayang ngaganti HP da geus butut,
tutup baterena geus teu ngait deui, kapaksa ditalian ku karet.
Caritana mah meuli weh kuring teh HP merk Nokia, pangmurahna keur nu aya
GPSan mah, kurang ti 2 juta perak. Tapi maklum barang anyar, kudu diajar
heula makena. Atuh sapapoe kuring diajar, sabab isukna kuring kudu indit ka
Surabaya. Rada hese oge ngartina, loba istilah nu teu ngarti. Mimiti mah nu
diteangan teh cara ngajalankeun Google Map. Kapanggih, malah posisi imah ge
kapanggih. Dicobaan navigasina, bener nunjukkeun arah nu dituju. Dicobaan
waktu kaluar ti imah, bener nujukkeun dimana posisi urang jeung nunjukkeun
arah nu kudu diliwatan. Yakin, bisa lah, moal sasab di Surabya. Tapi pas
ngecek pulsa HP, kuring ngarenjag, pulsana meakkeun lima rebu perak, padahal
ukur nyobaan deukeut. Umpama ka Surabaya pisabarahaeun pulsana.
Kapaksa maca deui manual HPna, geuning aya peta nu disadiakeun ku Nokia.
Dicobaan nurut kana manualna bari HPna diacung-acung ka langit, maksud teh
supaya "gampangeun" newak signal satelit. Tapi si HP teh kalahka ngahuleng,
nu katempo indikator lobana data nu asup (GPRS) nerekel naek luar biasa,
100 kb, 500 kb, 1 Mb,3 Mb .....4. Mb ..... Cilaka ieu mah, kuring make kartu
Hallo nu tarip 1 kbytena 5 perak, HP langsung dipareuman ngadadak. Barang di
cek deui, kuring bati ngahuleng ....sabab tagihan kartu Hallo kuring,
ngajleng, nambahan 150 rebu perak!
Beu, ari kieu mah percomah, mending meuli GPSna we, nu teu "ngahakan pulsa".
Tapi panasaran diulik deui. da piraku HPna kudu dipulangkeun deui ka tokona
mah. Sihoreng simana horeng, petana teh kudu didownload heula, ari dina
memori HPna mah kosong, jadi waktu ku kuring dicobaan teh, HPna ngadownload
heula peta. Nya akhirna mah kaharti, kuring kudu ngadownload heula make
make komputer, kakara diasupkeun kana memori HP.
Jalan weh GPS dina HP teh, bari teu ngahakan pulsa. Alus oge peta Nokia Map
teh (Ovi map), mere navigasi malah lengkep intruksina make sora dina basa
Indonesia : "Belok kanan, belok kiri, ikuti jalan ...jst". Percaya diri weh
waktu indit ka Surabaya teh, meureun moal sasab. Tapi da nu aranna teknologi
jelema, angger we teu sampurna. Waktu asup ka jalan tol Surabaya jam 10
peuting. GPS HP di "on"keun, dina layar HP peta kota surabya kagambar, jeung
posisi urang aya dimana, tujuan akhir geus disetel, hiji hotel di
sabudeureun Wonokromo. Intruksi ceuk HP: "Ikuti jalan!". Mobil mempeng di
jalan tol. "Ambil jalur kanan", cenah ceuk intruksi, waktu manggih belokkan
ka Tanjung perak. Supir ngarti, teu belok ka arah tanjung perak. "Satu km
lagi belok kiri", ceuk intruksi. Ngahuleng heula, teu ngarti, euh meureun
maksudna kaluar ti jalan tol. Gancangan ngintruksikeun ka supir supaya
kaluar ti jalan tol, lamun manggih gerbang kaluar tol.
Teu kungsi lila, kaciri gerbang kaluar tol, nya kaluar tol tidinya. HP
"ngomong": "ikuti jalan", terus "belok kiri", diteruskeun "ikuti Jalan".
Supir nurut, jalan nu diliwatan pararoek. Na ujug-ujug aya jelema ngajega di
tengah jalan, bari ngacung-ngacung leungeun, nyetop. Supir ngadadak ngerem.
Jelema nu nyetop ngomong make basa Jawa, tapi rada kaharti saeutik, jalan
ditutup keur diomean, kudu muter. Mobil diputerkeun deui, bari bingung kudu
kamana jalan, tapi rek nyalahkeun HP, teu bisa, da meureun teu nyahoeun aya
jalan ditutup keur diomean.
"Rute dalam perhitungan kembali", HP teh ujug-ujug "ngomong" bari bray dina
layar HP, panunjuk jalan nu kudu diliwatan. Teu aya alternatip sejeun da
teu apal, kapaksa diturut, gebblus asup ka jalan leutik nu rame pisan, pinuh
kunu jualan. "Belok kiri", cenah ceuk HP teh. Cilaka verboden, kapaksa ka
katuhu. "Rute dalam perhitungan kembali", ceuk HP. Diturut, blus asup ka
jalan leutik pisan, ngan samobileun. Untung teu papanggih jeung mobil deui.
"Belok kanan", ceuk HP, diturut ...jeung terus diturut, sanajan
salasap-sulusup ka jalan leutik oge. Akhirna kapanggih jalan Raya, nu caang
ku lampu, lempeng sakeudeung. "Belok kanan, segera belok kiri", ceuk HP, di
deukeut stopan. Diturut. "Tujuan anda 150 meter lagi", cenah ceuk si ontohod
HP teh. Maju saeutik, bener, kaciri aya hotel, aranna persis hotel nu
dituju. Langsung kadinya. "Anda telah sampai ditujuan", cenah ceuk HP teh.
Alhamdulillah kuring tepi, pinter oge jelema nu nyieun program navigasi teh.
Ngan waktu isukna kuring papanggih jeung nu nitah digawe, manehna ngahuleng.
Ceuk manehna teh kunaon make kaluar ti gerbang tol nu jauh keneh ka hotel
jeung kudu salasap-sulusup ka jalan leutik sagala da aya gerbang tol nu teu
pati jauh ti hotel, jeung deuih teu kudu salasap-sulusup. Ceuk kuring teh :
"Habis, yang ngasih petunjuknya mesin ........!"
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/