heuheuy mengbal make dua bola jeung gagang sapu injuk. atuuuuh penalti
truuus. ah sawelas duawelas jeung sonona randa ka duda. he33x! *ocatea

2010/7/12 richadiana kartakusuma <[email protected]>

>
>
> Punten ... ieu abdi mendak MENGBAL DI PILEMBURAN ANU GAHAR
>
> BADA isya kurutak Juhe datang ti panyabaan bari jeung rarebo kukasono,
> rangkibung ku rasa rindu lantaran meh tilu bulan teu balik kalembur. Ti
> terminal keneh beungeut pamajikanana geus ngongkolak wae dina panon, kumejot
> hayang geura numplekeun rasa kasono. Kituna mah pantes, da waktu
> ditinggalkeun nyaba, sasatna keur anyar papangantenan keneh. Ningali
> salakina datang, Sari anu keur anteng nonton sinetron dina tivi, langsung
> ngabageakeun ku paroman anu marahmay tanda gumbira.
>
> ” Damang kang ?!” pokna bari solongkrong ngajak sasalaman. Dua dampal
> leungeunna patarema. Seeer jeduuud ! Jeleguuur…..!! Dua rasa diadu ngajadi
> hiji, lir ombak laut kidul anu keur meujeuhna motah.
> ” Alhamdulillah, kumaha sawalerna ?” ngajawab semu haroshos.
> ” Pangesto kang !” dijawab ku Sari anu teu weleh dipasieup ku imut anu
> ngagelenyu.
>
> Wanci geus nunjukeun jam dalapan peuting, hawa geus mimiti nyilingit tiris,
> Juhe siga nu geus teu sabar, panonna meus meus ngareretan lawang panto
> kamar, ari Sari jongjon nyolokan chanel tivi ku gagang sapu minangka
> remotna.
>
> ” Kang bilih bade leleson, mangga tipayun abdi bade ngoncian panto heula !”
> ceuk pamajikanana surti. Karek oge nek cengkat ngajungjung, tiluar aya nu
> uluk salam.
> ” Assalamu alaikum !” sora semah meuni nyelengkeung.
> ” Waailakum salam !” Dua duana meh bareng nembalan,hatena sarua pada pada
> mentegeg.
> ” Sikasebelan aya aya wae !” kitu meureun nu ngarakacak dijero hatena.
> ” Geuning silaing, Bro aya naon euy peuting peuting !”
> ” Puguh ngahaja euy, da ngadenge aya beja yen ente datang, nek menta
> ududeun !”
> ” Kaparengan can meuli euy poho !” Juhe alesan, padahal dina kantongna aya
> kana dua selopna.
> ” Keun wae atuh ari kituh mah, nek ngadon lalajo siaran mengbal we dina
> ditivi, kaparengan aya siaran langsung liga inggris, tas acara mengbal
> bejana aya acara siaran langsung wayang golek sapeuting jeput !” ceuk Ibro
> teu euleum euleum. Ngadenge kitu angeun Juhe ngadadak seueul, maenya nek
> ngadeluk maturan semah,ngan dipikir deui maenya aya semah dibuburak titah
> kaluar.
>
> ” Nyi suguhan atuh, maenya semah dianggurkeun wae, pan cikopi pait mah aya
> lin ?”
> ” Mangga kang !” satengah kapaksa, Sari ngojengkang kadapur nek nyieun
> cikopi jang tamuna.
> Keur guntreng ngobrol,pes listrik teh ngadadak pareum, Ibro anu kadedemes
> nongton mengbal handeueuleun, manehna gura giru balik lantaran inget
> kapamajikanana lamun pareum listrik teh sok kuwawang keweweng neangan
> cempor.
> ” He…lain teu sono dewek nek balik euy !” ceuk Ibro bari ngajaweng lampu
> senter anu tadi dibawa.
> ” Heueuh jig…kahade dijalan poek, mangkaning imah dewek mah pan mencal jauh
> tibatur !” Hate Juhe asa bungangang.
>
> Heuleut sababaraha waktu, bray listrik teh caang deui, Sari nyerengeh seuri
> bari nyampeurkeun ka Juhe pok ngomong.
> ” Aman ayeuna kang teu kudu diusir geuning semah teh !”
> ” Naha dikumahakeun kitu listrik teh bet kawas nu ngarti ?”
> ” Ku abdi meteran listrikna diturunkeun kang, keuheul atuh da !”
> ” Hebat lah !” Juhe ngacungkeun jempol.
> ” Ayeuna bade neraskeun nongton mengbal atawa bade leleson kang ?”
> ” Raosan mengbal dikamar yu…urang ngadu pinalti jeung akang !”
>
> Kakara ge nek singgolehe, diluar kadenge aya nu gura gero.
> ” He…geus teu aliran deui euy…nek nuluykeun lalajo tea !” Horeng nu gura
> gero teh Ibro.
> Nu dikamar simpe euweuh nu nembalan,nu kadenge sora si Ibro gura gero deui.
> ” Adeuw suku aing..suku aing kagencet !” bari terus lumpat balik deui
> kaimahna.
> ” Nya kunaon ari si Ibro make ceuceuleuweungan kitu ?” ceuk Juhe
> ngaharewos.
> ” Puguh ku abdi dilawang panto di pasangan senteg beurit kang !”
> ” Heuheuy hebat euy….eh tuh nya jadi poho…ari tadi geus sabaraha tendangan
> pinalti teh ?”
> ” Pami teu lepat….nembe tilu kang !”
> ” Har lain karek dua ?!”
> ” Huz sok korupsi…sok atuh uihan deui tihiji!”
> ” He..he…kau tau yang ku mau…kemon beiy beuh !” ceuk Juhe bari singkil
> deui.***
>
> ------------------------------
> *From:* mh <[email protected]>
> *To:* Ki Sunda <[email protected]>
> *Sent:* Mon, July 12, 2010 1:19:40 AM
> *Subject:* [kisunda] Re: Seni - Parebut Seeng?
>
>
>
> Melambangkan Kejantanan Lelaki
>
> SENI parebut seeng dengan seni bela diri pencak Cimande merupakan satu
> kesatuan tradisi yang tidak dapat dipisahkan. Parebut seeng tanpa diikuti
> beladiri jurus Cimande, diakui masyarakat tidak begitu menarik. Demikian
> pula ibing pencak Cimande tanpa diawali hiburan parebut seeng, dirasa kurang
> menghibur.
>
> "Hal ini, karena parebut seeng dan jurus pencak Cimande kehadirannya hampir
> bersamaan. Sebagai upacara tradisi, seni parebut seeng lahir lebih dulu.
> Diikuti lahirnya pencak silat jurus Cimande, yang diciptakan Embah Kahir
> pada pertengahan abad ke 18 (kira-kira pada 1760)," ujar Ahmad Mikami
> Sumawijaya, salah seorang cucu dari mantan lurah Desa Pasireurih, Kecamatan
> Tamansari Kabupaten Bogor, (Alm) Etong Sumawijaya.
>
> Memang, semula parebut seeng merupakan bagian ritual seserahan perkawinan
> yang mempertemukan keluarga perempuan dengan keluarga laki-laki. Seeng
> (dandang) yang terbuat dari tembaga memiliki fungsi simbolis. Yaitu sebagai
> lambang kekayaan maupun kejantanan laki-laki. Demikian pula pencak silat,
> seorang laki-laki dianggap tidak (kurang) jantan, bila tidak menguasai ilmu
> pencak silat Cimande.
>
> Dalam masyarakat Sunda buhun (dulu), seeng (dandang) terutama seeng tamaga
> (tembaga) memiliki fungsi simbolis sebagai lambang kekayaan, kehormatan, dan
> kejayaan. Berdasarkan kajian historis, pada zaman dulu kedudukan tembaga
> lebih tinggi dari peralatan yang terbuat dari gerabah (tanah liat). "Oleh
> karena itu, bila seorang laki-laki hendak meminang perempuan tanpa membawa
> kekayaan (seeng tamaga) dianggap kurang pantas," ujar Maki.
>
> Seeng juga lambang kejantanan laki-laki. Oleh karena itu, bentuknya selalu
> menyerupai lingga dan besarannya harus sesuai lubang hawu (tungku) yang
> melambangkan kewanitaan. Hawu memiliki makna simbolis wanita yang lemah,
> karena dianggap sebagai bagian dari perkakas dapur.
>
> Pada masyarakat Sunda dulu, seeng dilambangkan alat komunikasi jarak jauh.
> Bagian lubang diibaratkan telinga. "Dikalangan masyarakat Sunda dulu, ada
> kepercayaan kalau ingin menghubungi suami ataupun anak yang sedang pergi
> merantau, istri atau ibu tinggal mengisi seeng (tembaga) dengan air. Setelah
> itu si istri atau ibu setengah berteriak dan memanggil nama suami atau
> anaknya," ujar Mas Nana Munajat, salah seorang staf pengajar di SMKN 10
> Bandung.
>
> **
>
> Selain seeng tamaga, seorang laki-laki dikatakan pejantan bila memiliki
> ilmu bela diri pencak. Di mana di daerah Bogor khususnya, pada masa itu
> berkembang seni pencak Cimande yang dikembangkan Embah Kahir dan diwariskan
> kepada lima putranya Endut, Ocod, Otang, Komar, dan Oyot.
>
> Dalam perkembangan, jurus-jurus Cimande Embah Kahir dibawa dalam rangkaian
> ritual perkawinan, terutama pada acara seserahan yang menampilkan seni
> parebut seeng. "Pada awal acara, jawara atau jagoan yang dibawa mempelai
> laki-laki memperlihatkan jurus Cimande, kemudian menantang dan akhirnya
> terlibat adu jajaten (kemampuan) ilmu silat Cimande," ujar Nana.
>
> Setidaknya, ada tiga gerakan khas dari silat gaya Cimande. Kelid Cimande,
> Pepedangan Cimande, dan Tepak Selancar. Kelid dan Pepedangan merupakan jurus
> bela diri, sementara Tepak Selancar merupakan jurus seni dengan iringan
> musik gendang pencak.
>
> Untuk jurus Cimande tercatat ada tiga puluh tiga jurus. Diantaranya tonjok
> bareng, tonjok saubelah, kelid selup, timpah seubelah, timpah serong ,
> timpah duakali, batekan, teke tampa, teke purilit, tewekan, kedutan, guaran,
> kedut guar, kelid dibeulah, dan lainnya.
>
> Di tangan kelima putra Embah Kahir, pencak gaya Cimande berkembang luas .
> Sejalan dengan itu, seni parebut seeng turut berkembang. Tidak hanya di
> kawasan Bogor tetapi juga ke daerah lain seperti Cianjur , Sukabumi, Bekasi,
> Karawang, Cikampek, Purwakarta, Subang. Bahkan sebagian Priangan Timur
> (Garut, Tasikmalaya, Sumedang, Ciamis, Kuningan, dan Cirebon).
>
> Kini, di tangan Ahmad Mikami Sumawijaya, salah seorang cucu dari mantan
> lurah Desa Pasireurih, Kecamatan Tamansari Kabupaten Bogor, (Alm) Etong
> Sumawijaya, seni parebut seeng dan gaya Cimande kembali dihidupkan. Menjadi
> suatu seni yang diharapkan mampu menunjukan jati diri urang Sunda.(Retno
> HY/"PR")***
>
> web: http://newspaper. pikiran-rakyat. com/prprint. php?mib=beritade
> tail&id=148173<http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=148173>
>
>
>
>
> 2010/7/11 mh <khs...@gmail. com <[email protected]>>
>
>> Seni "Parebut Seeng"
>> Kembali Berkembang di Pakuan
>>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke