PIWEJANG SURYAKANCANA ka WALANGSUNGSANG
by Richadiana Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on
Wednesday, September 29, 2010 at 12:18pm

* Surya Kancana  ka Walangsungsang:  *

**

*“Raden mun hidep hayang jadi raja, sok teang pangabisa jeung pangarti
pikeun hidep mingpin nagara, hidep sing sadar ulah pedah hidep anak raja
hidep bakal ngajadi raja, *



*sabab kahirupan manusa anggeus aya nu ngaturna, lain ama embung lain ama
ngulahkeun hidep narima tahta Pajajaran ari hidep bisa mah, jeung mampu
pikeun mimpin Pajajaran, mangga bae, sabab ngadegna pamingpin teh kudu nu
bisa, nu ngarti kanu harti sajatina pamingpin anu saenyana.”*



* “Naon anu saenyana jati diri pamingpin teh kanjeng rama ?”*



* “Jati diri pamingpin nu saenyana, tingali weh arti kujang raga kusumah, *

*lancip ka luar jeung lancip kajerona, ngandung harti pikiran jeung hate
hidep kudu lancip, nu ngandung harti dina mutuskeun hiji perkara teh tong
dibarengan ku hawa napsu dunya, dipikir heula sabab jeung akibatna, *



*eta kujang ngabentuk kembang, ngandung harti seungit, nya seungit ku
pangarti sareng ku pangabisa anu bisa silih seungitan karahayatna, jeung
kasasamana,  *



*Eta bolong tilu ngandung harti yen manusa teh ngan saukur dilahirkeun,
lalampahan jeung palastra, tah eusian dina lalampahan eta teh ku amal ibadah
hidep, ngaran kujang raga kusumah nyaeta ngandung harti kabersihan,
kajujuran, kaikhlasan, tapi mun hidep ngarasa teu bisa jeung teu mampu ajeun
keukeuh hayang jadi raja kusabab hidep calon putra mahkota, karunya rama mah
kadiri hidep, bisi hirup hidep pinuh ku kagorengan.”*

*
http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/piwejang-suryakancana-ka-walangsungsang/438030259474
*

*
*

Kirim email ke