nyakseni!....rahayu....! sae jeung munel eta piwejang karuhun teh. hn
*0catea

2010/9/29 mh <[email protected]>

>
>
> PIWEJANG SURYAKANCANA ka WALANGSUNGSANG
> by Richadiana 
> Kartakusuma<http://www.facebook.com/profile.php?id=1537983874>on Wednesday, 
> September 29, 2010 at 12:18pm
>
> * Surya Kancana  ka Walangsungsang:  *
>
> **
>
> *“Raden mun hidep hayang jadi raja, sok teang pangabisa jeung pangarti
> pikeun hidep mingpin nagara, hidep sing sadar ulah pedah hidep anak raja
> hidep bakal ngajadi raja, *
>
>
>
> *sabab kahirupan manusa anggeus aya nu ngaturna, lain ama embung lain ama
> ngulahkeun hidep narima tahta Pajajaran ari hidep bisa mah, jeung mampu
> pikeun mimpin Pajajaran, mangga bae, sabab ngadegna pamingpin teh kudu nu
> bisa, nu ngarti kanu harti sajatina pamingpin anu saenyana.”*
>
>
>
> * “Naon anu saenyana jati diri pamingpin teh kanjeng rama ?”*
>
>
>
> * “Jati diri pamingpin nu saenyana, tingali weh arti kujang raga kusumah,
> *
>
> *lancip ka luar jeung lancip kajerona, ngandung harti pikiran jeung hate
> hidep kudu lancip, nu ngandung harti dina mutuskeun hiji perkara teh tong
> dibarengan ku hawa napsu dunya, dipikir heula sabab jeung akibatna, *
>
>
>
> *eta kujang ngabentuk kembang, ngandung harti seungit, nya seungit ku
> pangarti sareng ku pangabisa anu bisa silih seungitan karahayatna, jeung
> kasasamana,  *
>
>
>
> *Eta bolong tilu ngandung harti yen manusa teh ngan saukur dilahirkeun,
> lalampahan jeung palastra, tah eusian dina lalampahan eta teh ku amal ibadah
> hidep, ngaran kujang raga kusumah nyaeta ngandung harti kabersihan,
> kajujuran, kaikhlasan, tapi mun hidep ngarasa teu bisa jeung teu mampu ajeun
> keukeuh hayang jadi raja kusabab hidep calon putra mahkota, karunya rama mah
> kadiri hidep, bisi hirup hidep pinuh ku kagorengan.”*
>
> *
> http://www.facebook.com/notes/richadiana-kartakusuma/piwejang-suryakancana-ka-walangsungsang/438030259474
> *
>
> *
> *
>
>  
>

Kirim email ke