> > Ku: *DJASÉPUDIN* > > *Urang palidkeun hayu, kapeurih ka laut asih > Meungpeung cangra nu hibar bulan purnama > Poé ieu ngagulidag caah cihampura > Sanggeus girimis bulan kamari nyerep ‘na aci bumi > Ku éndah rasa sumirat rahmat Mantenna* > > Saban taun urang Islam mayeng ngareuah-reuah dua kali poéan lebaran: nyaéta > Lebaran Idul Fitri jeung Lebaran Idul Adha. Lebaran Haji atawa Id Al-Qurban > atawa Id Al-Adha atawa Id Al-Kabir hartina hari raya besar (lebaran gedé). > Ari lebaran Idul Fitri atawa Id Al-Fitr atawa Id Al-Saghir hartina hari raya > kecil (lebaran leutik). Tapi, di Indonésia mah kalahka lebaran leutik nu > pangraména direuah-reuah téh. > > > Sebutan séjén Lebaran Idul Adha nyaéta lebaran Rayagung. Ari Lebaran Idul > Fitri mah nelah boboran siyam atawa lebaran puasa. Bobor hartina buka, teu > puasa. > > Patali jeung kabudayaan Sunda, nyuméndér kana asbabun nujulna, istilah > ‘lebaran’ paling hanteu nyuméndér kana dua kecap: ‘lebar’ jeung ‘lubar’. > Tina éta kecap urang bisa ngajujut robahna Id Al-Fitr jadi poéan ‘lebaran’. > > Dina ahir Ramadhan méméh solat Id, urang Islam kudu geus mayar jakat pitrah > atawa Zakt Al-Fitr. Jakat pitrah gé mangrupa salah sahiji runtuyan tina > Ramadhan jeung Lebaran. jakat pitrah téh sahanteuna pikeun méré rasa > kabagjan keur golongan nu kaasup mustahik, nu masakat téa. > > Istilah ‘lebaran’ méh sarimbag jeung ‘lubaran’. ‘Lubaran’ sarua jeung > ‘bubar’, ‘leungit’, atawa ‘break’ (béak). Lubar idah, upamana, hartina béak > masa idah. Lubar puasa hartina teu puasa. Anapon ngalubarkeun dosa hartina > ngaleungitkeun (ngahampura) dosa. > > Kangaranan manusa tangtu moal bener salawasna. Kakeunaan ku sipat lepat > jeung luput. Dosa di papada jalma mah hésé dileungitkeunana. Padahal Alloh > SWT mah lautan pangampura. Kacida héséna nangénan jalma wakca balaka ngaku > kasalahanana. Mana komo kudu ménta hampura ka sahandapeun. Wuih, jarang > kabina-bina. Nu jadi cukangna mah urusan géngsi asa pangaingna. Ngan manusa > nu jembar manah nu ngaku kana kasalahanana. > > *Urang sieuhkeun hayu, kaceuceub ka leuweung deudeuh > Da langit balungbang timur > Kapan béntang baranang luhureun urang > Peuting tadi ngukir tingtrim ‘na angin takbir > Ku timpuh ieu kalbu sumilir bayu Nu Agung* > > Ku kituna, ménta hampura dina poéan lebaran Idul Fitri mangrupa wanci nu > kawilang mustari. Momen nu ngeunaheun. Ari sabab, dina éta wanci, > silihhampura téh geus lain baé nedunan paréntah Gusti Nu Maha Suci, tapi ogé > geus jadi tradisi. > > Éta tradisi téh tradisi silaturahmi, tradisi nu islami, tradisi nu kudu > terus diréproduksi. Sabab, silihhampura dina poéan lebaran mangrupa salah > sahiji cara nu murah jeung gampang pikeun silihlubarkeun dosa. > > Hanjakal, wanci silih lubarkeun dosa téh mindeng dirécokan ku hal nu teu > perlu. Éta momen kalahka dilelebar. Dipiceun teu puguh. > > Samalah, sabot ngalakonan bulan Ramadhan téh lain katakwaan nu jadi udagan, > tapi satékah polah bisa ngareuah-reuah poéan lebaranna. Nyaéta pésta pora > hura-hura alias ngamonyah-monyah bangsaning hal nu teu puguh. Nya gubrag wé > istilah ‘lebaran’. > > Minangka pangaruhna, urang luareun Islam gé bisa ngamanpaatkeun ceuyahna > poéan Lebaran. Pasar ramé ku nu pelesiran. Toko pakéan gegek ku nu balanja. > Tukang dagang daging ciweuh ku nu barang beuli. Samalah tikét beus jeung > karéta api ti anggalna mula geus béak ku nu marudik. Kapan ayeuna ge di > sajumlahing stasiun karéta, tikét pikeun mudik jeung balik deui téh geus > saréép. > > Ku kituna, hajat pangrongkahna warga Indonésia nyaéta hajat Lebaran. Ari > baheula mah nu mudik téh umumna kaum buruh, kuli kasar, tukang sayur, atawa > karyawan pabrik, kiwari mah jalma jugala atawa dununganana gé parebut tempat > jeung bawahanana geusan hiji kecap: mudik! > > Mémang, tradisi mudik Lebaran téh bisa nyababkeun manusa kana prosés > ‘desakralisasi’ ibadah. Pola ‘konsumérisme’ dihenteu-henteu gé beuki > ngagalaksak. Ku kitu téh nyababkeun ma’na puasa bisa leungiteun hikmah jeung > dangiangna. > > Padahal bulan Ramadhan meredih urang sangkan bisa hirup basajan. Teu > dihalalkeun milampah sikep ngalelebar. Mana komo bari diémbohan ku sikep > pamér matéri malar katangar ku batur. Emh, boa nu dibibita ku urang mah > kasigeung mamaras rasana. Muhun, enya gé rupa fisikna bangun nu tiis, boa > haténa mah bati lumengis. > > Hal éta téh malar dina nyorang lalakon kahirupan urang bisa mulus rahayu, > berkah salamet, taya pacogrégan, teu pahiri-hiri, teu pakia-kia. Ku > silihhampura dipiharep dina hirup kumbuh sapopoé urang bisa sauyunan > sabilulungan, éstuning tiis ceuli hérang mata caang haté. > > *Urang gurit hayu, haleuang dangding hurip > ‘na lambaran kadar ku mangsi takdir > Urang taratas jalan anyar ku haté nu nyacas > Ieu wanci pamiangan pikeun pataréma rasa > Mupus tugenah nu sumarambah di unggal bayah* > > Sajeroning kitu, embung sarta ngamanpaatkeun momen Lebaran, program-program > média satékah polah midangkeun acara nu bau-bau réligius Islam. Hal éta téh > tujuan utamana mah, asana, taya lian sakadang iklan. > > Mareng jeung majuna téknologi, jasa télékomunikasi, hususna hénpon, > pangaruhna dina Lebaran beuki baé karasa. Nyedek ka Lebaran sms (pesen > singget) disebar ka kulawarga, baraya, tatangga, atawa kawawuhan lianna. > Kapan fatwana gé ‘kuring ngasms tanwandé kuring aya’. > > Bangun embung éléh gandang. Para seniman gé ngareuah-reuah Lebaran ku > carana séwang-séwangan. Manakomo pikeun nu ngarulik karia sastra. Maranéhna > ngamanpaatkeun momen Lebaran minangka salasahiji sumber ilham jeung > garapeun. Kapan, cenah, sastra téh eunteung tina kahirupan. > > Nya, gubrag wé ‘Takbiran’, sajak nu diréka ku Berthol Damsahauser. AA Navis > nulis cerpen ‘Tamu Yang Datang di Hari Lebaran’. Ari ‘Menjelang Lebaran’, > ‘Ziarah Lebaran’, atawa ‘Lebaran Ini Saya Harus Pulang’ mah cerpenna Umar > Kayam. Kumaha dina sastra Sunda? Kapan aya Étti RS, nu ngarang sajak > ‘Sungkeman Poé Lebaran’ téa, atawa Rosyid E Abby nu ngagurit sajak ‘Gusti’, > ‘Syawal 1425’, jeung ‘Langit Romadon Dinten Kamari’. > > Akhirul kalam, urang lenyepan pada pamungkas tina sajak ‘Sungkeman Poé > Lebaran’ karya Étti RS nu dikarang taun 1986: > > *Urang rampak hayu, minal aidin walfaidzin > Urang ukir hayu, sampalan éndah ‘na beungeut batin > Urang pésta hayu, ‘na gending Rabbul’alamin!* > ***** > > *Djasépudin > Guru SD AL-Azhar Cibinong Bogor*
-- Majalah Balébat Padépokan Riksa Sunda Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 Ciampéa - Bogor 16620 Telp. 08121112982 Surélék : [email protected]/[email protected] http://balebat.com
