ih KO mah sok lologikaan dibuntang banting ngahehese sorangan heu heu.... atuh 
tingal ka Thailand cenah aya nu geulis, someah, bageur, tara nipu, 
amanah.........ngan sihoreng teh   hombreng..... Ari nu ngangkat2 barang, 
kesangan, bau kelek, sok tepu tepu.....tapi awewe???  kumaha rek nyekel nu 
mana????

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Sent: Friday, October 8, 2010 8:13:02
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: 
Alam 
Semesta, Hawking, dan Tuhan

  
Boa-boa loba anu dianggap atheis tapi dina kahirupan sapopoe leuwih sehat jeung 
taat kana aturan hirup kumbuh nya? Upamana, anu dianggap atheis teh tara 
korupsi, amanah pisan dina ngajaga titipan boh titipan individu atawa titipan 
rahayat, tepat janji, manajemen waktuna hade, prestasi na nyongcolang, tara 
linyok atawa nipu, jst. Bandingkeun ayeuna jeung anu ngaku nyekel agama tapi 
korupsina maceuh, lamun diamanahan sulayan. lunca-linci, henteu tepat janji, 
jst.

Anu kumaha atuh anu disebut nyekel agama teh?

manar


2010/10/7 mj <[email protected]>

  
>Hahaha lucu kang.
>Babaturan kuliah mah nyandak mk agama teh nu dosenna bageur. Jadi aya nu 
>nyandak 
>mk hindu, budha, da dosen mk agama mah pelit niley cenah hehe
> 
>Ari babaturan sma ciamis mah, ti sd nepi ka sma, sakola di negeri. Sd negeri 
>di 
>urang mk agamana islam. Atuh si acung teh- ngaran landihanana- apal agama 
>islam 
>jero pisan. Malah bacan solat, maca quran ge bisaeun. Goodnewsnya, 
>alhamdulillah, ayeuna nikah jeung anak haji urang banten, nya asup islam teh 
>teu 
>hese. Haha. kari disunatan mun axan teh. Hehe kamari ka bumi reuni duaan haha.
> 
>
________________________________
 
>From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
>Of 
>MRachmat Rawyani
>Sent: Thursday, October 07, 2010 2:57 PM
>To: [email protected]
>Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam 
>Semesta, 
>Hawking, dan Tuhan
> 
>
>
>
>
>Alah dongeng mang jamal dihandap 'nyeundeut' pangalaman bababturan kuring 
>waktu 
>sakola SLA.
>Waktu saptu kamari kuring nungkulan reuni alumni SLA. Saperti biasa 
>nostalgiaan, 
>nepi ka ngobrolkeun soal guru agama. Aya babaturan cina (karesten) ngiluan 
>palajaran agama Islam. Ari guru agama, teu ningali para siswana agamana naon, 
>nu 
>penting ulangan hasilna alus. Batur cina eta nanya kaditu kadieu, kumaha 
>sangkan 
>hasil ulangan alus. Aya Hiji batur anu mere 'trik', cenah  teu penting naon 
>jawabanana, anu penting mah dina kertas ulangan kudu aya tulisan arab 
>bismillah. 
>
>
>Samemeh ulangan, eta batur cina teh diajar nulis arab sataker kebek. Pas dina 
>waktu ulangan manehna nulis bismillah make huruf arab di bagian luhur kertas 
>ulangan. Hasilna? Palajaran agama dina rapor, peunteunna tujuh.
>
>mrachmatrawyani
> 
>
________________________________
 
>From:mj <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Thu, October 7, 2010 1:04:04 PM
>Subject: RE: [Urang Sunda] Fw: Atheis leuwih apal agama-->Re: Fw: Alam 
>Semesta, 
>Hawking, dan Tuhan
>
>  
>
>
>Sigana bah, nu atheis kitu arapal soal agama sebagai elmu. Sedeng nu nganut
>agama mah nya dina soal mraktekeunana. Msiswa si kuring -cina bandung,
>karesten- nu pindah ka amerika alatan nikah sareng bule amrik, basa kuliahna
>di uncg-north carolina at greensboro, aya mk agama. 
>
>Cenah di ditu mah opat agama ageung -agama langit nu ti timteng- dipelajari.
>Karesten, katolik, yahudi sareng islam. Manehna kungsi ngemail menta tulung,
>soal prinsip-prinsip dina agama islam, cara rukun islam, rukun iman, quran
>hadist. Nilaina mah duka tah. hahah
>
>Nu pikaseurieun mah lain eta, tapi si eta ayeuna jadi deputy sherif alias
>polisi di palm beach. haha. 
>
>
>

 

Kirim email ke