meunang nyalin tina fb bah usep:
======= IN MEMORIAM TATANG BENYAMIN, IBING, NANO S - MAJALAH "MANGLE" nO. 2291, 7-13 OKTOBER 2010 by Usep Romli <http://www.facebook.com/profile.php?id=100000671466540> on Thursday, October 7, 2010 at 12:48pm *Patutur-Tutur Ngajugjug Kubur* Ku H.Usep Romli HM Opat jalma nu kawilang moyan dina pakumbuhan seni-budaya Sunda, pupus lir patutur-tutur antara Agustus-September taun ieu. Dimimitian ku Tatang Benyamin Koswara (62 th), seniman karawitan, putra maestro karawitan KokoKoswara (Mang Koko). Tatang pupus 15 Agustus 2010. Disusul ku Rd.H.Ibing Kusmayatna (66 th) alias Kang Ibing, bodor sohor, mubaligh unik, seniman-budayawan multitalenta. Pupus 19Agustus 2010. Sabulan ti harita, Drs.Abdurahman (Kang Omeng), organisator yayasan/lembaga kasundaan, pupus 21 September 2010 dina yuswa 68 th. Ari cikeneh pisan, 29 September, Kang Nano (Nano Suratno) ahli karawitan Sunda, panyanggi lagu-lagu kawih/pop Sunda, sastrawan, giliran mulang ka kalanggengan. Basa ngurebkeun Tatang Benyamin di pamakaman Rancacili, Ciwastra, Bandung, Kang Ibing jeung Kang Nano hadir. Kalayan hidmat ngadu’akeun almarhum sangkan kenging rohmat Alloh SWT di alam barzakh. Tilu poe ti harita, Kang Ibing kagiliran dijajapkeun ka makam. Sabulan ti harita, Kang Nano S…….Ajal memang rusiah Alloh SWT pangrusiah-rusiahna. Taya saurang nu apal iraha kudu mulang ka kalanggengan. *** Iwal jeung Kang Omeng Abdurahman, nu kungsi babarengan sapadumukan di Jl. Tawes 8 Bandung (1968-1970), jeung Tatang Benyamin, Kang Ibing, Kang Nano teu kawilang ruket dalit teuing. Ukur wawuh sabiasa, sanajan sok mindeng tepung atawa uplek ngawangkong medar rupa-rupa perkara. Jeung Tatang Benyamin, ampir unggal minggu tepung di kantor PT Granesia, Jl.Sekelimus VI Bandung. Kuring digawe di dinya (2000-2004), sabada rengse mancen tugas wartawan “PR” (1983-1995), jeung Redaktur Pelaksana SKM “Hikmah” Grup PR (1995-2000). Tatang Benyamin, Pamingpin Redaksi Majalah “Seni Budaya” sok ngahajakeun sumping. Nyanggakeun naskah citakeun. Mun pareng amprok, sili tanya kaayaan, disambung ku nyaritakeun soal kamekaran majalah “Seni Budaya”. Utamana tarekah ngaronjatkeun eusi katut sirkulasina. Anjeunna angger calik dina korsi roda. Ka behdieunakeun, Tatang geus langka katingal ka percetakan. Tugasna geus dicangking ku Dhipa Galuh Purba. Ukur opat lima kali tepung jeung Dhipa ge. Kawasna “Seni Budaya” pindah. Henteu dicitak deui di Granesia, sabot kuring digawe keneh di dinya. Pleng les, aya kana taunna. Nyambung deui jeung Tatang Benyamin, 16 Maret 2009. Poe eta aya tulisan kuring “Mang Koko dan Idealisasi Tanah Sunda” dimuat dina rubrik “Forum” Kompas Jabar. Poe eta deuih, kabeneran kuring keur hajat walimahan budak nu kalima nu kuliah keneh di Jrs.Basa Sunda UPI Bandung, kalawan direuah-reuah ku kacapi karawitan ti Disbudpar Garut, husus midangkeun lagu-lagu karya Mang Koko. Tatang nelepon. Nganuhunkeun kana eusi tulisan kuring nu ngapresiasi karya-karya Mang Koko. Sakalian bae ku kuring dibejakeun yen danget eta pisan, lagu-lagu Mang Koko keur dipintonkeun. Malah disebutan nu maraenna, nu taya lian ti murid-murid Tatang di SMKI Bandung. *** Jeung Kang Ibing, kungsi babarengan icikibung ngaramekeun Majalah Humor “Cakakak” entragan munggaran (1987). Papada jadi kontriburtor nu kawilang mayeng. Hanjakal ukur bisa medal dalapan nomer, lantaran kauger ku aturan. Teu meunang aya media tanpa Surat Izin Usaha Penerbitan (SIUP). Ari meunangkeun SIUP hese kabina-kabina. Ma’lum jaman Orde Baru, kakawasaan nunggal di sorangan.Komo keur media, kudu dikadalian bisi mengpar tina kapentingan rezim. Majalah “Cakakak” karek bisa medal deui, Mei 2010. Kang Ibing milu ilubiung deui. Kuring ge angger mantuan ku tulisan. Taun 2005-2007, medal surat kabar poean “Koran Sunda”, diguguluan ku Drs.H.Uu Rukmana, M.Si. Bareng jeung Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Ahmad Saelan, dirempegan ku Kang Ibing jeung Nano S., kuring milu ngaredakturan. Hiji poe, bulan Agustus 2005, aya nu usul sangkan aya wawancara jeung pejuang. Nya diayakeun rapat redaksi lengkep. Sakabeh anggota redaksi diteleponan supaya hadir, bari dibejaan agenda rapat nu rek dibahas. Kaasup Kang Ibing. Dina waktuna kabeh geus kumpul. Torojol Kang Ibing dibarengan ku hiji lalaki tengah tuwuh, dibaju batik jeung dikopeah weuteuh. “Ngahaja dewek ngajak sobat. Ieu teh pejuang deuleu. Lain samanea !”cek kang Ibing daria pisan. Memeh rapat resmi dimimitian, nu disebut pajuang ku Kang Ibing the, pada nanya. Tapi jawabanana rea nu teu nyambung. Malah “benclang-benclung”. Lantaran panasaran, Aam Amilia ngaharewos ka Kang Ibing : “Bener ieu teh pejuang ?” Kang Ibing “nyureng” . Spontan nembalan. Daria pisan deuih. “Ari maneh teu percaya ka dewek? Bener, pejuang. Kitu lah jalma nu keur bajoang hayang cageur.” Lila lila Kang Ibing balaka. Eta jalma sabenerna teuing saha jeung naon professina. Kapanggih keur luntang-lantung deukeut imah Kang Ibing di Cijawura.Pangangguran digeroan, disuguhan dahar. Malah dititah mandi. “Basa nampa telepon kudu rapat teh, karek beres ngadangdanan eta jalma saliwat. Lantaran di imah taya sasaha, nya diajak ka kantor “Koran Sunda”. “Teu salah ku dewek dikenalkeun minangka pejuang. Basa kapanggih keur bajoang hayang dahar…..”Kang Ibing nu lain sakali dua kali nulungan jalma samodel kitu, nerangkeun. Atuh sakur nu aya ukur bisa saleuseurian. Saha nu bisa ambek ka Kang Ibing? “Tong boro jelema, ku dewek mah domba ge dimulyakeun,” kitu cek Kang Ibing, hiji poe, sabada rengse ngarit jukut di tukangeun kantor “Koran Sunda”, Jl.Sukarno Hatta beh wetan. Jukut meunang ngarit Kang Ibing sorangan the, dikarungan, terus diasupkeun kana sedan Honda Civic weuteuh keneh pisan. Lain dina bahasina. Tapi dina jok tukang. Pajah teh : “Ieu bukti dewek ngamulyakeun domba. Hakaneunana ge disedanan. Jalma onaman, hakaneunana ukur diwadahan kana roda dorong atawa ditatanggung.” *** Taun 1980-an, mangrupa “taun emas” keur Nano S. Lagu-lagu ciptaanana, wanda pop Sunda, kayaning “Kalangkang”, “Cinta Ketok Majik”, “Cinta Parabola”, jrrd. , jadi “top hit”. Hojih medah-meduh. “Moal aya nu bisa nuduh korupsi ka akang mah, sanajan ukur PNS pangkat guru, tapi kabeuli mobil. Puguh sumberna,”cek Nano nu harita jadi guru di SMKI. Semu heureuy, tapi “peuheur” sabab harita geus mimiti ceuyah rea birokrat nu baroga mobil mewah. Teu saimbang jeung pangalana sapopoe. Bet ras kana kaayaan sapuluh taunan samemehna. Mun teu salah taun 1972. Keur babarengan leumpang jeung Rachmat M Sas Karana (1942-2002), gok jeung Nano S. Ngobrol rada uplek. Bras kana soal honorarium. “Di dinya onaman, tina ladang nulis, bisa tereh kabeuli mesin ketik. Ari uing, sabaraha cing honor tina nyanggi lagu? Ukur teu tamba lumayan teh enyaan,”cek Kang Nano semu-semu ngangluh. Teu sangka, sapuluh taunan ti harita, pangasilan katut popularitas Kang Nano ngajaul. Pangasilan tina nyanggi lagu, geus lain ukur tamba lumayan. Sedengkeun honor tina ngarang mah, angger keneh bae. Malah boa beuki mojejret dibandingkeun jeung hahargaan nu patingbelesat. Inget pisan, ari balik ti “Koran Sunda”, ampir unggal poe nebeng kana sedan “Baleno” Kang Nano. Nepi ka parapatan Cigereleng. Papisah di dinya. Anjeunna ka bumina, kuring terus ka ditu ka dieu. Isuk pageto, tepung deui. Ayeuna papisan pikeun salalawasna. Mugi nu mariang ti heula, sing kenging ganjaran nu satimpal jeung iman katut amal solehna, dihampura sagala dosa perdosana. Allohumaghfirlahum warhamhum wa afihi wa fu’anhum.*** http://www.facebook.com/notes/usep-romli/in-memoriam-tatang-benyamin-ibing-nano-s-majalah-mangle-no-2291-7-13-oktober-201/431347012013
