Baraya,

Kaparengkeun kamari sore si kuring di kantor kadatangan Mang Deden ti
yayasan anu medalkeun buku-buku ngeunaan PS di Bogor. Sanggeus sawatara
waktu uplek ngobrol, obrolan teh ngadon los kana raratan sabudeureun
patilasan istana Pakuan jaman Pajajaran PS di Bogor, fungsina,
lebah-lebahna, jeung kumha buktina ayeuna.


Geus seueur anu uninga, yen dumasar naskah kuno, istana pakuan ti karajaan
Pajajaran teh anu utama diwangun ku 5 bangunan/istana anu masing-masing
ngabogaan ngaran, aranna kamashur: Istana Sri Bima, Punta, Narayana, Madura,
Suradipati. Lian ti eta, PS ngadamel oge: taman karajaan, bale agung,
kabuyutan/lemah dewa sasana keur para pendeta atawa keur sakola/kompleks
perguruan tinggi lamun jaman ayeuna mah, katut komplek para ksatria (meureun
lamun jaman ayeuna mah asrama tangtara).


Kasanggakeun di handap ieu informasi hasil obrolan sareng Mang Deden
ngeunaan raratan patilasan istana Pakuan, jaman Pajajaran PS:



   - SRI BIMA, fungsina : tempat raja; pernahna ayeuna: Istana Bogor
   - PUNTA, fungsina: tempat prameswari jeung selir; pernahna ayeuna: gedong
   Regina Facis
   - NARAYANA, fungsina: tempat putera-puteri raja; pernahna ayeuna: Kantor
   Bakorwil / Ex Keresidenan
   - MADURA, fungsina: tempat gempungan; pernahna ayeuna: Hotel Salak the
   Heritage
   - SURADIPATI, fungsina: tempat putera mahkota; pernahna ayeuna: Kompleks
   Bank (bank naon nya? Hilap teu kacatet) /Ex Gedong Nasional



Nu Sanesna:

   - Taman Keraton: kebon cocoan / karesep PS; pernahna ayeuna: Kebon Raya
   Bogor
   - Bale Agung: tempat pertemuan penting; pernahna ayeuna: Di Cibaligung
   - Kabuyutan/Lemah Dewa Sasana, fungsina: tempat ritual, asrama pendeta;
   pernahna ayeuna: Batu Tulis Bogor;
   - Tempat para satria/ Puragabaya; pernahna ayeuna: Di Jl. Sawojajar


Pangajaran (lesson learned) tina obrolan sareng mang Deden:
- Anu baheula tetela geus mere conto kumaha ngamanfaatkeun alam kanggo nata
ruang
- Bahan panalungtikan pikeun anu minat mangsa kiwari jeung ka hareup
- Anu relatif masih tetep fungsina: Kebon Raya. Anu teu jauh2 teuing robah
dina fungsina: Istana Bogor hehehe. Kumaha ari Regina Facis? sakola calon
prameswari? his....kawalat ke uing. Nya eta mah pasna teh ditempatan sarua
ku isteri
- Hotel Salak siga MADURA, mindeng dipake gempungan oge
- Tah lamun Bank sigana kudu dibalikeun deui fungsina, jadi gedong Nasional
meh rada luyu jeung fungsi asalna: Suradipati tea, kader pipamimpineun.


Cag heula

manar

Kirim email ke