bah oman kidulur,
uin salaku arsitek ogen sami nuju ngimpleng eta kawasan (kabeneran timimiti
borojol dk sma di bogor)
kumaha site plan sareng masterplan eta karaton anu lima teh
numatak bung karno ngadamel pasanggrahan di jl. batutulis pasti ngimpleng
kadinya
eta wilayah karesian
numatak kamar utamana disisi cisadane mayun ka makam eyang rangga gading
di aranan eta vila  ku bk teh "hing puri bima sakti"

2010/10/9 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Baraya,
>
>
> Kaparengkeun kamari sore si kuring di kantor kadatangan Mang Deden ti
> yayasan anu medalkeun buku-buku ngeunaan PS di Bogor. Sanggeus sawatara
> waktu uplek ngobrol, obrolan teh ngadon los kana raratan sabudeureun
> patilasan istana Pakuan jaman Pajajaran PS di Bogor, fungsina,
> lebah-lebahna, jeung kumha buktina ayeuna.
>
>
> Geus seueur anu uninga, yen dumasar naskah kuno, istana pakuan ti karajaan
> Pajajaran teh anu utama diwangun ku 5 bangunan/istana anu masing-masing
> ngabogaan ngaran, aranna kamashur: Istana Sri Bima, Punta, Narayana, Madura,
> Suradipati. Lian ti eta, PS ngadamel oge: taman karajaan, bale agung,
> kabuyutan/lemah dewa sasana keur para pendeta atawa keur sakola/kompleks
> perguruan tinggi lamun jaman ayeuna mah, katut komplek para ksatria (meureun
> lamun jaman ayeuna mah asrama tangtara).
>
>
> Kasanggakeun di handap ieu informasi hasil obrolan sareng Mang Deden
> ngeunaan raratan patilasan istana Pakuan, jaman Pajajaran PS:
>
>
>
>    - SRI BIMA, fungsina : tempat raja; pernahna ayeuna: Istana Bogor
>    - PUNTA, fungsina: tempat prameswari jeung selir; pernahna ayeuna:
>    gedong Regina Facis
>    - NARAYANA, fungsina: tempat putera-puteri raja; pernahna ayeuna:
>    Kantor Bakorwil / Ex Keresidenan
>    - MADURA, fungsina: tempat gempungan; pernahna ayeuna: Hotel Salak the
>    Heritage
>    - SURADIPATI, fungsina: tempat putera mahkota; pernahna ayeuna:
>    Kompleks Bank (bank naon nya? Hilap teu kacatet) /Ex Gedong Nasional
>
>
>
> Nu Sanesna:
>
>    - Taman Keraton: kebon cocoan / karesep PS; pernahna ayeuna: Kebon Raya
>    Bogor
>    - Bale Agung: tempat pertemuan penting; pernahna ayeuna: Di Cibaligung
>    - Kabuyutan/Lemah Dewa Sasana, fungsina: tempat ritual, asrama pendeta;
>    pernahna ayeuna: Batu Tulis Bogor;
>    - Tempat para satria/ Puragabaya; pernahna ayeuna: Di Jl. Sawojajar
>
>
> Pangajaran (lesson learned) tina obrolan sareng mang Deden:
> - Anu baheula tetela geus mere conto kumaha ngamanfaatkeun alam kanggo nata
> ruang
> - Bahan panalungtikan pikeun anu minat mangsa kiwari jeung ka hareup
> - Anu relatif masih tetep fungsina: Kebon Raya. Anu teu jauh2 teuing robah
> dina fungsina: Istana Bogor hehehe. Kumaha ari Regina Facis? sakola calon
> prameswari? his....kawalat ke uing. Nya eta mah pasna teh ditempatan sarua
> ku isteri
> - Hotel Salak siga MADURA, mindeng dipake gempungan oge
> - Tah lamun Bank sigana kudu dibalikeun deui fungsina, jadi gedong Nasional
> meh rada luyu jeung fungsi asalna: Suradipati tea, kader pipamimpineun.
>
>
> Cag heula
>
> manar
>
>  
>

Kirim email ke