Keur nyanghareupan laptop di kantor - kudu ngalembur da aya tugas beurat ti nu jadi atasan - poe ieu jam duaan babaturan nga sms: "kajebak macet geus sajam di jembatan layang Pasopati, ka ondangan moal kaburu da pasti telat". Karunya teuing. Cekeng teh: "Geus wae atuh didinya ondanganana, dugikeun pangwilujeng ka mempelai sareng kulwargana via sms, susuguhna mah milarian anu dagang asongan wae".
Samemehna, staf di kantor anu kuduna mantuan lembur oge nga-sms: "Punten, abdi telat, kajebak macet di jl Suci". Baraya, Memang luar biasa Kota Bandung poe ieu. Lian ti aya pasar seni di ITB - acara anu ciri khasna diantarana koran anu medal sakali dina jero opat tahun - oge seueur anu walimahan atawa syukuran pernikahan tea. Bah Waluya kamari ngalaporkeun ka anjeunna wae aya 3 ondangan dina poe ieu teh. Sigana sadayana milarian barokah 10.10.10 (10 Oktober 2010). Teu nyalahkeun sasaha, ngan memang poe minggu atwa poe libur transportasi di Bandung geus waktuna ditata. Ulah asal kendaraan naon wae diijinkeun ngulampreng ka jalan, kudu aya aturan anu baku jeung diturut ku masyarakat; kagiatan model car free day atawa car free street, jst. kudu ditingkatkeun. Sabab, upama geus kajadian macet satemenne gede kacida karugian alatan kahulag perjalanan teh. Ngan nya kitu, bangsa urang mah balageur, tara ieu aya anu ngitung karugian material alatan macet. Can karugian emosional jeung sosial. manar
