Aeh, da ka abdi mah Jang Hawking teh nyarios kieu, energi nol = heés tibra. 
he.he.he. 

Anu rada aheng mah, di alam semesta anu saublug ablag teh geuningan jerona 
berpasang-pasangan. Sakumaha anu kacatet dina Al Qur'an, 

Sadaya ciptaan Kami, berpasang-pasangan.
Kalebet oge (fondamental) gaya anu aya di alam ieu, dina surelek anu nangkod 
kintunan Kang Oman aya gambarna anu ngajentrekeun phenomena ieu.
aya gaya Magnet/listrik, Strong interactioan, jeung Weak interaction boga 
PAPASANGAN nana, kacuali  gravitasi tea, TEU GADUH PAPASANGAN NANA.
(acan kapanggih) 
Ieu saenyana misteri GRAND UNIFIED THEORI teh.  Sing saha jelema anu bisa 
manggihan papasangannana yakin gulagokin bakal meunang hadiah Nobel.

Ceuk Cep Einstain, cahaya oge tiasa di lengkungkeun ku gaya gravitasi !, 
parantos dibuktikeun leres teorina, janten kasimpulan sanes hipotesa. 

Lamun cahaya bisa "melengkung" atuh lamun kitu oge waktu jeung ruang oge 
tiasa melengkung(nilep) (waktu jadi mundur, ngoraan deui) !

Bayangkeun ayeuna lamun aya hiji barang anu boga gaya gravitasi anu gede 
nakeranan, cahaya sanes melengkung, tapi kasedot/katarik, kitu oge benda-benda
anu boga massa. Nya katelah na hiji banda eta dinamian 'black hole'. (bujur 
hideung kitu ? he.he.he).
Di alam ieu anu miliar jutaan bintang dina hiji galaksi, terus galaksi na oge 
boga jumlah miliaran galaksi  tapi angger aya jumlah anu teu saimbang antawis
materi (benda anu ngandung massa), jeung RUANG HAMPA. 

Meureun umpama kitu bisa jadi (hipotesa keneh),  aya materi anu ngaleungit.  
Kumaha ngaleungitna acan aya keterangan anu jelas, ceuk berita cek and richeck
mah meureun NGAHIANG tea.  Saha anu boga elmu ngahiang teh ? URANG SUNDA.  
Ngan hanjakal teu dibeja-beja jeung teu diwariskeun ka jelema samanea.

Da kumaha bisa ngaleungit (raib, goib) hiji materi atanapi banda, ceuk rumus 
katerangan anu karek kapanggih ayeuna mah IMPOSIBLE. Naha bisa kitu.
Sabab apan aya hukum anu geus katimu dina mangsa ayeuna : Energi itu kekal, ia 
tidak dapat diciptakan dan tidak dapat pula dimusnahkan, ia hanya
dapat BERUBAH BENTUK dari bentuk energi tertentu ke energi lainnya.  e.Panas ka 
e.gerak misalna, energi listrik jadi e.gerak, gerak jadi e.listrik.
Ku ayana hukum ieu naha materi teu bisa leungit ?  Apan sidik aya hubungan anu 
jentre, E = massa x kecepatan cahaya kuadrat.

Lamun kitu mah atuh sangkan manggih ENERGI NEGATIF , atuh kudu ditimukeun heula 
MASSA NEGATIF !.

Sakitu heula anu kapihatur.

Dot Celeno.


________________________________
From: Ihsan Faisal <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, October 18, 2010 4:43:00 PM
Subject: Re: energi mah positif Re: [kisunda] Ketuhanan --hawkings

  

Ari Hawking nyebatkeun energi nol. Nol sanes positif, kumaha tah?

Lalieur euy...



>
>Moal ngartos atuh, kedah maca heula teori buku fisika, sangkan ngarti yen 
>energimah salamina positif, teu bisa diciptakeun jeung teu bisa dimusnahkeun, 
>ngan bisa robah jenis ti
>energi ka energi lain na, listrik jadi gerak misalna atanapi gerak jadi 
listrik.
>
>



      

Kirim email ke