www.balebat.com
Balar Bandung Ngagelar
Sosialisasi<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/balar-bandung-ngagelar-sosialisasi.html>
Balai Arkéologi (Balar) Bandung ngagelar sosialisasi hasil panalungtikan di
situs Sindangbarang poé Kemis (14/10) kaliwat. Acara sosialisasi nu
diayakeun di Hotél Taman Cibinong 2 ieu dimaksudkeun pikeun nyalabarkeun
hasil-hasil panalungtikan sakaligus méré penerangan anu leuwih anteb
ngeunaan arkéologi salaku salasahiji widang kaélmuan.
Anu jadi pamilon dina sosialisasi ieu pangpangna mah urang Kampung
Sindangbarang Désa Pasireurih Kecamatan Tamansari Kabupatén Bogor anu
wilayahna ngajadi obyék panalitian. Di sagédéngeun éta hadir ogé para
pajabat ti lingkungan pamaréntah daérah Kabupatén Bogor, sarta para panitén
widang sajarah-budaya.
Dina pangbagéana sakaligus ngabuka sacara resmi acara ieu, Kapala Dines
Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor Adrian Aria Kusumah ngngkabkeun,
ku dilaksanakeunana panalungtikan ieu, némbongkeun yén wilayah kabupatén
Bogor téh mémang miboga lalakon sajarah anu panjang tur penting pikeun
dipaluruh.
Dina kasempetan ieu ogé, Adrian ngahaturkeun nuhun ka pihak Balar anu geus
neundeun perhatian nu kawilang daria ka wilayah kabupatén Bogor ku jalan
ngalakukeun panalungtikan di wilayah ieu sacara noron ti taun 2006.
Sawanda jeung Adrian, Koordinator tim panalungtikan Balar Bandung Nurur
Laili, ogé ngajelaskeun, panalungtikan nu dilakukeun ti tanggal 29/9 tepi ka
6/10 ieu mangrupa panalungtikan terusan anu saméméhna dilakukeun di situs
Kampung Muara Désa Ciaruteun Ilir taun 2006, 2008, jeung 2009.

Pikeun taun 2010 ieu, sambung Nurul, pihak Balar ngamimitian panalitian di
situs Sindangbarang anu ceuk panalungtikan saméméhna titinggalna téh kaasup
periodeu klasik atawa jaman Hindu-Budha, sabari pihak Balar ogé neruskeun
hanca di situs Kampung Muara.
Di Kampung Sindangbarang, panalungtik Balar kungsi ngadata titinggal karuhun
anu aya di situs Leuweung Karamat, situs Ciangsana, Taman Sribagénda, Sumur
Jalatunda, Pundén Rucita, Pundén Munjul, jeung situs Batu Karut.
Tina hasil pendataan awal, ahirna ditangtukeun tempat keur ékskavasi téh di
situs Batu Karut. Lahan nu diékskavasi téh ayana di beulah wétan ti Batu
Karut anu miboga gorowong (ceruk). Ceuk katerangan penduduk, baheulana di
palebah gorowong ieu sok dipaké ku jalma keur tatapa. Di handapeun gorowong
ieu ogé katempo aya dua batu anu rata anu diperkirakeun gunana pikeun tempat
diuk nu tatapa sarta keur neundeun sasaji.
Ékskavasi dilakukeun tepi 100 cm ka jero taneuh sacara vértikal. Tina liang
nu dikali ieu ngan kapanggih hiji duit récéh (koin) Arab. Koin Arab ieu
gambarna téh samar pisan, teu jelas naon rupana. Sahingga tepi ka poéan
sosialisasi gé can kanyahoan ti jaman mana asalna koin Arab ieu.
Nurul ogé ngajéntrékeun, panalungtikan di kawasan Sindangbarang ieu mangrupa
panalungtikan awal, anu baris dituluykeun dina taun-taun anu bakal datang.
"Ku kituna teu anéh mun hasil panalungtikan ieu masih kénéh jauh tina
harepan, da kakara ngaléngkah pisan," pungkasna.* (Bal)*

-- 
Majalah Balébat
Padépokan Riksa Sunda
Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27
Ciampéa - Bogor 16620
Telp.  08121112982
Surélék : [email protected]/[email protected]
http://balebat.com

Kirim email ke