hehehe, mani ancin nya, nalungtik teh ngan ukur sababaraha poe (29/9 tepi ka 6/10).
2010/10/20 Tukang Wawar <[email protected]> > > > www.balebat.com > Balar Bandung Ngagelar > Sosialisasi<http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/10/balar-bandung-ngagelar-sosialisasi.html> > Balai Arkéologi (Balar) Bandung ngagelar sosialisasi hasil panalungtikan > di situs Sindangbarang poé Kemis (14/10) kaliwat. Acara sosialisasi nu > diayakeun di Hotél Taman Cibinong 2 ieu dimaksudkeun pikeun nyalabarkeun > hasil-hasil panalungtikan sakaligus méré penerangan anu leuwih anteb > ngeunaan arkéologi salaku salasahiji widang kaélmuan. > Anu jadi pamilon dina sosialisasi ieu pangpangna mah urang Kampung > Sindangbarang Désa Pasireurih Kecamatan Tamansari Kabupatén Bogor anu > wilayahna ngajadi obyék panalitian. Di sagédéngeun éta hadir ogé para > pajabat ti lingkungan pamaréntah daérah Kabupatén Bogor, sarta para panitén > widang sajarah-budaya. > Dina pangbagéana sakaligus ngabuka sacara resmi acara ieu, Kapala Dines > Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor Adrian Aria Kusumah > ngngkabkeun, ku dilaksanakeunana panalungtikan ieu, némbongkeun yén > wilayah kabupatén Bogor téh mémang miboga lalakon sajarah anu panjang tur > penting pikeun dipaluruh. > Dina kasempetan ieu ogé, Adrian ngahaturkeun nuhun ka pihak Balar anu > geus neundeun perhatian nu kawilang daria ka wilayah kabupatén Bogor ku > jalan ngalakukeun panalungtikan di wilayah ieu sacara noron ti taun 2006. > Sawanda jeung Adrian, Koordinator tim panalungtikan Balar Bandung Nurur > Laili, ogé ngajelaskeun, panalungtikan nu dilakukeun ti tanggal 29/9 tepi > ka 6/10 ieu mangrupa panalungtikan terusan anu saméméhna dilakukeun di > situs Kampung Muara Désa Ciaruteun Ilir taun 2006, 2008, jeung 2009. > > Pikeun taun 2010 ieu, sambung Nurul, pihak Balar ngamimitian panalitian di > situs Sindangbarang anu ceuk panalungtikan saméméhna titinggalna téh > kaasup periodeu klasik atawa jaman Hindu-Budha, sabari pihak Balar ogé > neruskeun hanca di situs Kampung Muara. > Di Kampung Sindangbarang, panalungtik Balar kungsi ngadata titinggal > karuhun anu aya di situs Leuweung Karamat, situs Ciangsana, Taman Sribagénda, > Sumur Jalatunda, Pundén Rucita, Pundén Munjul, jeung situs Batu Karut. > Tina hasil pendataan awal, ahirna ditangtukeun tempat keur ékskavasi téh > di situs Batu Karut. Lahan nu diékskavasi téh ayana di beulah wétan ti > Batu Karut anu miboga gorowong (ceruk). Ceuk katerangan penduduk, baheulana > di palebah gorowong ieu sok dipaké ku jalma keur tatapa. Di handapeun > gorowong ieu ogé katempo aya dua batu anu rata anu diperkirakeun gunana > pikeun tempat diuk nu tatapa sarta keur neundeun sasaji. > Ékskavasi dilakukeun tepi 100 cm ka jero taneuh sacara vértikal. Tina > liang nu dikali ieu ngan kapanggih hiji duit récéh (koin) Arab. Koin Arab > ieu gambarna téh samar pisan, teu jelas naon rupana. Sahingga tepi ka poéan > sosialisasi gé can kanyahoan ti jaman mana asalna koin Arab ieu. > Nurul ogé ngajéntrékeun, panalungtikan di kawasan Sindangbarang ieu > mangrupa panalungtikan awal, anu baris dituluykeun dina taun-taun anu bakal > datang. "Ku kituna teu anéh mun hasil panalungtikan ieu masih kénéh jauh > tina harepan, da kakara ngaléngkah pisan," pungkasna.* (Bal)* > > -- > Majalah Balébat > Padépokan Riksa Sunda > Jl. Raya Leuwiliang Km.14 No.26-27 > Ciampéa - Bogor 16620 > Telp. 08121112982 > Surélék : [email protected]/[email protected] > http://balebat.com > > >
