Lila-lila nempo naskah teh bet jadi asa nempo buku carita silat Kho Ping Hoo, 
Si 
Buta dari Goa Hantu....... Teu meunang sagawayah nyaraho, ngan jalma terpilih 
nu 
berhak, ke lamun geus dikuasai kudu diancurkeun....ck ck ck...

~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: mh <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]>
Sent: Wednesday, October 27, 2010 5:43:04
Subject: [kisunda] Warisan - Naskah Sri Ajnyana?

  
Beuang nyalin tina FB-na Kang Adit

======

Naskah Sri Ajnyana Henteu ‘Leungit’
by Aditia Gunawan on Wednesday, October 27, 2010 at 11:52am
Dimuat dina Mangle No. 2092
Aditia Gunawan
 
Hadéna aya Noorduyn (pupus taun 1994), sarjana Walanda nu leukeun ngeusian 
luangna waktu ku nalungtik naskah Sunda buhun. Pamianganana mah Noorduyn téh 
diutus ku Nederlandsch Bijbel Genootschap (NBG, Jama’ah Alkitab Walanda) pikeun 
digawé di Sulawesi Kidul. Ngan satutas disertasina ngeunaan téks sajarah Bugis 
réngsé, anjeunna meunang pancén anyar: mantuan proyék révisi kana tarjamahan 
Alkitab Injil basa Sunda yasana Coolsma.
 
Keur kapentingan éta proyék, anjeunna dipaparin kasempetan nu salega-legana 
pikeun ngabaladah basa, sastra, katut sajarah Sunda, tangtuna pikeun jadi 
pangrojong tanggung jawabna téa. Tina éta hal jigana anjeunna macaan téks Sunda 
buhun téh, boh nu aya di Jakarta (Perpustakaan Nasional RI) boh nu di Bodleian, 
Inggris. Sakurang-kurangna aya tilu téks nu dibaca ku Noorduyn téh, nyaéta Para 
Putera Rama jeung Rahwana (RR), Pendakian Sri Ajnyana (SA), jeung Bujangga 
Manik 
(BM). Dua nu disebut mimiti mah naskahna kaasup koléksi Perpustakaan Nasional: 
RR dikodeuan kropak 1102, ari SA dikodeuan kropak 625. Demi Bujangga Manik mah, 
mangrupa koléksi Perpustakaan Bodleian di Inggris.
 
Naskah Sri Ajnyana
Naskah Sri Ajnyana (SA) taun 2006 dimumkeunna ku A. Teeuw, nu nuluykeun hanca 
garapan Noorduyn nu kabujeng dipundut ku Nu Kagungan. Hanca garapan Noorduyn 
kana naskah SA nu ‘teu kungsi kalisankeun’ téh ngawujud draft tulisan anu 
eusina 
aya dua rupa. Nu kahiji, draft transliterasi jeung tarjamahan dina basa Walanda 
nu can lengkep katut sawatara catetan jeung rujukan. Demi nu kadua mah, 
transliterasi jeung tarjamahan dina basa Inggris nu geus lengkep, tapi can 
dieuyeuban ku catetan tarjamahan katut analisisna. Éta hancana nu can réngsé 
pisan téh dituluykeun ku Prof. A. Teeuw, nepi ka ngajanggélék jadi buku "Three 
Old Sundanese Poem" wedalan KITLV.
 
Dina éta buku aya catetan, yén naskah SA (kropak 625) téh teu kapaluruh deui 
raratanana dina koléksi Jakarta. Nu nyebutkeun ieu naskah ‘leungit’ téh tangtu 
A. Teeuw, sabab jigana Teeuw teu maluruh sacara langsung ka Perpustakaan 
Nasional RI (PNRI). Saupama Teeuw maluruh kropak 625 ngagunakeun 
katalog-katalog 
naskah koléksi PNRI, tangtu bakal hésé kapanggihna. Dina katalog susunan  
suwargina Bapa Edi S. Ekadjati (1988), naskah SA téh teu didaptarkeun. Jigana, 
naskah SA teu kadaptar dina Katalog Sunda yasana Pa Edi téh, alatan ieu naskah 
diteundeunna pacampur jeung naskah-naskah lontar nu ti Jawa jeung Bali (peti 
88), henteu dina peti naskah-naskah Sunda buhun sakumaha ilaharna (peti 15 
jeung 
16). Nu ngadaptarkeun naskah ieu mah ukur Behrend dina Katalog Naskah-naskah 
Nusantara Jilid 4: Koléksi PNRI (1998) jeung sténsilan daftar naskah nu disusun 
ku PNRI. Tapi dina dua katalog éta mah, kropak 625 téh dijudulan Serat 
Pangruwatan, turta cenah ditulis maké aksara tur bahasa Bali.
 
Sanggeus disalusur kana petina, singhoréng naskah nu dijudulan Serat 
Pangruwatan 
dina katalog Behrend téh nyaéta naskah SA. Aksarana atra pisan, Sunda buhun. 
Dibaca hareupna saliwatan nu unina: ‘sakit geui ngareungeuheun, cicing hanteu 
dék matingtim, jst.’ leuwih ngayakinkeun nu nulis yén ieu naskah téh eusina 
téks 
SA. Kropak 625 ditulis dina daun lontar ukuran 28 x 3,2 cm., kandelna 27 
lambar, 
4 jajar unggal lambar, aksara jeung basana mah, Sunda buhun. Dina téksna mah 
taya judulan. Judul ‘Lalampahan Sri Ajnyana’ diusulkeun ku Noorduyn jeung 
Teeuw, 
dumasar kana ngaran tokoh utamana. Dumasar laporan purbakala nu disusun N.J. 
Krom jeung F.D.K. Bosch (1914) jeung Notulen Bataviaasch Genootschap (1875) 
mah, 
naskah SA téh pamasihan bupati Bandung Wiranatakusumah IV (1846-1874).  Dina 
éta 
laporan kacatet yén koropak 620 nepi ka koropak 626 téh meunang ngumpulkeun 
Bupati Bandung. Ti wewengkon mana naskah téh dikumpulkeun ku Bupati Bandung, 
can 
kapaluruh, ngan jigana mah ti wewengkon kabuyutan nu aya di Priangan.
 
Naskah SA téh naskah nu kawilang penting, da nepi ka kiwari ngan kapanggih hiji 
naskah atawa can kapanggih salinanana. Jadi, saupama kajadian éta naskah téh 
leungit, mana teuing ngenesna. Kapunjulan eusining caritana mah bisa ditingali 
dina bukuna Teeuw jeung Noorduyn nu disebutkeun di luhur.
 
Ilang tanpa Karana
Éta mah béja pikabungaheunana. Pikasediheunana mah, tina 63 naskah nu aya di 
PNRI téh, lima di antarana ilang tanpa karana. Duka naon sababna, duka saha nu 
gaduh hadasna. Naskah anu ceuk lagu Mang Koko mah ‘ngahiang duka ka mana’ téh 
nya éta KBG 74 (Waruga Guru) L 410 (Ratu Pakuan), L 411 (Ratu Pakuan), L 419 
(Kawih Paningkes), jeung L 639 (Serat Buana Pitu). Nu perlu dicatet, naskah nu 
ditataan di luhur téh, hadéna deui baé, kungsi ditalungtik. Teu kabayang mun 
seug éta naskah téh can katalungtik, lapur tah catetan titipan ti karuhun téh. 
Bujangga Manik geus ngélingan perkara ieu téh, cenah gé: “Tehering nanjeurkeun 
lingga, tehering nyian hareca,teher nyian sakakala. Ini tu(n)jukeun sakalih,  
tu(n)jukeun ku na pa(n)deuri.” (Laju ngadegkeun lingga, laju nyieun arca, laju 
nyieun tanda pangéling-éling. Ieu téh tuduhkeuneun ka jalma réa, tuduhkeuneun 
ka 
jalma isuk jaga) (baris 1286-1291).
Ku disebutkeunana naskah ‘leungit’ atawa teu kapanggih deui dina tempat nu 
samistina téh tangtu lain pasualan énténg, sumawonna lamun naskah dianggap 
sumber sajarah mah. Kapan ngan sakitu-kituna naskah Sunda buhun titinggal 
karuhun téh. Kumaha mun baring supagi anak-incu téh panasaran, aya hojah hayang 
maca naskah? Leungitna naskah Sunda (buhun) téh sarua jeung leungitna tapak nu 
jadi tuduh jalan pikeun panaratas sangkan nepi ka tempat nu dituju, jati 
dirina. 
Jadi ras kana jargon UNDEP 1978: “Alam dunya téh lain warisan karuhun, tapi 
titipan anak incu”. Mun kecap ‘alam dunya’-na diganti ku kecap ‘naskah’, turta 
dima’naan ku nu boga tanggung jawab ngajagana, asana mah moal kajadian aya 
naskah anu ilang tanpa karana téh.
 
Nu nulis, filolog, kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI
http://www.facebook.com/notes/aditia-gunawan/naskah-sri-ajnyana-henteu-leungit/448250438137





Kirim email ke